Sisindiran Paparikan Piwuruk

Batu kali dina cai
Dina cai aya hurang
Punten abdi sanes ahli
Sepi harti kirang luang

Hayam jago boga dua
dipeuncit poe kamari
kudu getol ka sakola
sangkan jadi jalma ngarti



Ka pasar meuli kapiting
kapitingna tinggal dua
Ulah sok liar ti peuting
osok loba gogodana

Samemeh ngamparkeun kasur
samak heula ambéh rinéh
saméméh nyalahkeun batur
tilik heula awak manéh

Ngala lauk meunang selar
bungkusna ku daun jati
Sakur mahluk nu gumelar
dipikaasih ku gusti

Sereh ti Gunung Koromong
dipelak di kolong sasak
Samemeh anjeun pok ngomong
pikir heula masing asak

Papan kiara ditatah
iraha jadi lomari
Mun bisa miara letah
mokaha salamet diri

Nimbang pare deukeut pager
tumpukanana ngajajar
Tinimbang jeung udar-ider
leuwih hade ge diajar

Nanggap wayang diheulakeun
bodorna Cepot jeung Gareng
Murid nu rajin ngapalkeun
moal meunang peunteun goreng

Kanikir siki kanikir
cangkudu meunang panimu
Kapikir beuki kapikir
hirup kudu loba elmu

Barangbang dahan kalapa
malang dina jalan suni
lamun hidep geus dewasa
kudu bisa jaga diri

Subscribe to receive free email updates:

21 Komentar untuk "Sisindiran Paparikan Piwuruk"

  1. daun pulus dilulunan
    jojodog ti tarkolot
    sugan tulus lalaunan
    aya jodi pakokolot

    ReplyDelete
  2. Boboko ayakan kalo
    cecempeh wadah gorengan
    bobogohan ulah ka alo
    matak loba kagorengan

    ReplyDelete
  3. Tangkal saledri tangkal kangkung
    dijengkal baki didapur
    aya istri di kerudung
    hanjakal beuki salaki batur

    ReplyDelete
  4. Ngakan tai budak orok, sa huap terap jadina sok tuluykeun

    ReplyDelete
  5. Kamana Jalan Ka Jogja
    Kaditu Ka Palih Wetan
    Kamana Jaln Ka Surga
    Ka ditu Ka Pangaosan

    ReplyDelete
  6. Kamana Jaln Ka Jogja
    Kaditu Kaplaih WETAN
    kamana Jaln Ka Surga
    Kaditu Kapangaosan

    ReplyDelete
  7. KAMANA JALAN KA JOGJA
    KADITU KAPALIH WETAN
    KAMANA JALAN KASURGA
    KADITU KA PANGAOSAN

    ReplyDelete
  8. cikaracak ninggang batu
    laun laun jadi legok
    tai cakcak ninggang huntu
    laun laun mah di lebok

    ReplyDelete
  9. ere ere daun pare
    meulak suuk d'solokan
    aya awewe eukeur sare
    kacang na eulok"an

    ReplyDelete
  10. Di pikir pikir ketemu nih!

    -saya ingin pnya gitar
    Gitarnya warna coklat
    Saya ingin pnya pacar
    Pacar nya yg rajin sholat!
    🎉🎉☺😊👍👋✌👏👏👏

    ReplyDelete
  11. Cau naon cau naon
    Cau keletuk Di juru
    Bau naon bau naon
    Bau hitu di Juru

    ReplyDelete
  12. assalmu'alaikum
    aya teks drama sisindiran?

    ReplyDelete
  13. Nanggap wayang diheulakeun
    Bodorna cepot jeung gareng
    murid nu rajin ngapalkeun
    moal meunang peunteun goreng

    Bodorna cepot jeung gareng
    Lucuna kabina bina
    Lamun embung peunteun goreng
    kudu getol di ajarna

    ReplyDelete
  14. hayam jago boga dua
    di peuncit poe kamari
    kudu getol kasakola
    sangkan jadi jalma ngarti

    sore sore jeung bi titi
    meuli daging ka mang agung
    percuma jalma pangarti
    lamun sifatna adigung

    ReplyDelete
  15. Ninyuh ubah ku cipati
    Di wadahan piring gelas
    Anu sabar eta pasti
    Ku allah di pikaweulas

    ReplyDelete
  16. aya hiji balon rek bitu
    sabab kagencet ku buhaya
    naha urang sunda teh kitu
    mopohokeun kana budaya

    ReplyDelete
  17. aya manuk dina pager
    na sukuna aya bola
    lamun hayang jadi pinter
    kudu getol ka sakola

    ReplyDelete