Contoh Bahan Ajar Rumpaka Kawih Sunda, Tanah Sunda, Mojang Priangan, Peuyeum Bandung, dan Karatagan Pahlawan

Carasunda.com-Contoh Bahan Ajar  Rumpaka Kawih Sunda, Tanah Sunda, Mojang Priangan, Peuyeum Bandung, dan Karatagan Pahlawan  


Bismillah! Bapak Ibu dan para siswa serta semua sobat cara sunda yang setia, pada kesempatan ini saya berkenan kembali memposting sebuah tulisan yang berjudul Contoh Bahan Ajar  Rumpaka Kawih Sunda, Tanah Sunda, Mojang Priangan, Peuyeum Bandung dan Karatagan Pahlawan 

Adapun referensi dari Rumpaka Kawih Tanah Sunda, Rumpaka Kawih Mojang Priangan, Rumpaka Kawih Peuyeum Bandung dan Rumpaka Kawih Karatagan Pahlawan tersebut adalah buku Gapura Basa Kelas VIII.

Untuk kompetensi dasar dan atau tujuan pembelajaran pada Bahan Ajar Rumpaka Kawih Sunda tidak perlu saya bahas kembali. Karena saya yakin bapak ibu atau anak-anak para siswa sekalian sudah dapat menjelaskannya secara gamblang dan detail. 

Dan berikut adalah Contoh Bahan Ajar  Rumpaka Kawih Sunda,Tanah Sunda, Mojang Priangan, Peuyeum Bandung, dan Karatagan Pahlawan


TANAH SUNDA

Sanggian Koko Koswara


Tanah Sunda, gemah ripah

nu ngumbara suka betah

urang Sunda, sing toweksa

nyangga darma anu nyata


Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran

sing tulaten jeung rumaksa

miara pakaya memang sawajibna

geten titen rumawat Tanah Pusaka


Titen kana, harta banda

mo kaduhung waktu jaga

anu lian, moal bisa

ngatur ngolah jeung ngariksa


Gembleng sauyunan singkil babarengan

ngangkat darajat Ki Sunda

Sunda kukuh kuat diraksa dirumat

pasti jembar wibawa Indonesia


MOJANG PRIANGAN

Sanggian Iyar Wiyarsih


Angkat ngagandeuang 

bangun taya karingrang

nganggo sinjang dilamban

mojang Priangan


Mun dierok denok

mun disanggul ayu

mun disinjang lenjang

mojang Priangan


Diraksukan kabaya

nambihan cahayana

dangdosan sederhana

mojang Priangan


Umat-imut lucu

sura-seuri nyari

larak-lirik keupat

mojang Priangan


Mojang ti Priangan

lucu sae atikan

sae basa sopan

mojang Priangan


PEUYEUM BANDUNG

Sanggian Sambas Mangundikarta


Di mana-mana di kampung di kota

geus kakoncara ku nimat rasana

sampeu asalna teu direka-reka

naon namina ku matak kabita


Peuyeum bandung kamashur

pangaosna teu luhur

ku sadaya kagaleuh

sepuh jeung murangkalih


Mangga cobian

bilih panasaran

peuyeum ti Bandung

henteu sambarangan 


KARATAGAN PAHLAWAN 

Sanggian Mang Koko Koswara


Teu honcewang sumoreang

tekadna pahlawan bangsa

cadu mundur pantrang mulang

mun maksud tacan laksana


Berjuang keur lemah cai

lari rabi tur tega pati

taya basa menta pamulang tarima

iklas rido keur korban merdeka


Sinatria danalaga

bela bangsa jeung nagara

dibarengan tekad suci

berjuang keur lemah cai


teu ngingetkeun ka dirina

asal nagri bangsa waluya

kadar jembar raharja mukti wibawa

gembleng tujuan pahlawan bangsa


Demikian beberapa Contoh Bahan Ajar  Rumpaka Kawih Sunda yang dapat saya posting semoga bermanfaat untuk para pembaca semuanya. 

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Contoh Bahan Ajar Rumpaka Kawih Sunda, Tanah Sunda, Mojang Priangan, Peuyeum Bandung, dan Karatagan Pahlawan"

Post a Comment