Sisindiran Paparikan



carasunda.com-Sisindiran Paparikan
Ieu di handap aya sababaraha conto sisindiran paparikan anu eusina mangrupa piwuruk atawa nasѐhat, silihasih jeung sѐsѐbrѐd atawa banyol.

Sisindiran Paparikan Piwuruk

Kuring nu jadi lalakon
Tapi rѐk ulin jeung saha
Kahayang moal kalakon
Lamun henteu jeung usaha

Kadѐ ulah maѐn catur
Komo maenna di Darma
Kade ulah jail ka batur
Bisi anjeun meunang karma

Sisindiran Paparikan Silihasih

Kuring rѐk ulin ka tonggoh
Di tonggoh rѐk maѐn catur
Kuring nyaah kuring bogoh
Ngan hanjakal geus ku batur

Lamun urang keur puasa
Ulah sok ngieunan dosa
Itu saha itu saha
Sing horѐng tѐh mojang sunda

Sisindiran Paparikan Sѐsѐbrѐd atawa Banyol

Ka Cihaur jeung nѐng Lilis
Sakalian ѐrѐk gacong
Sugan tѐh awѐwѐ geulis
Geuningan beut siga bѐncong

Galatik manuk galatik
Dina dahan sok cicingna
Keun baѐ nu akang leutik
Anu  penting mah rasana

Mangga tambilan conto sisindiran paparikan sѐjѐnna dina kolom komѐntar, eusina piwuruk atawa nasѐhat, silihasih, jeung sѐsѐbrѐd atawa banyol.








Subscribe to receive free email updates:

9 Komentar untuk "Sisindiran Paparikan"

  1. Ulah ngala cocongoan
    Bisi rusak tangkal manggu
    Ulah waka bobogohan
    Bisi sakola ka ganggu

    ReplyDelete
  2. Mawa Botol Ka Banjaran
    Balikna Mawa Kalapa
    Mun Getol Ka Pangaosan
    Pasti Di Bere Pahala

    ReplyDelete

  3. Kuring rѐk ulin ka tonggoh
    Di tonggoh rѐk maѐn catur
    Kuring nyaah kuring bogoh
    Ngan hanjakal geus ku batur

    ReplyDelete
  4. Kuring rѐk ulin ka tonggoh
    Di tonggoh rѐk maѐn catur
    Kuring nyaah kuring bogoh
    Ngan hanjakal geus ku batur

    ReplyDelete
  5. Jalan jalan poe sabtu
    Mingguna moe sapatu
    Hayu urang nyeuseuh sapatu
    Meh di bere kupat tahu

    ReplyDelete
  6. Ulah ngala cocongongan
    Bising rusak tangkal manggu
    Ulah waka bobogohan
    Bisi sakola ka ganggu

    ReplyDelete
  7. Yeni

    Itu tangkal-tangkal jambu
    Weuh jambuan di tangkalna
    Aduh akang eneng rindu
    Iraha tuh pependakna

    Si sultan gaduh tabungan
    Tabungan di sakolana
    Tos lami urang hubungan
    Iraha tuh tunanganna

    ReplyDelete
  8. This comment has been removed by the author.

    ReplyDelete
  9. Suci

    Abdi ameng ka ceu iis
    Uih na mawa pisitan
    itu budak meuni geulis
    Abdi meuni bogoh pisan

    ReplyDelete