Rusiah Kebon Pa Soleh



carasunda.com-Rusiah Kebon Pa Soleh
Geus lila Fahri jeung babaturanna panasaran ku kebon Pa Soleh. Kebon Pa Soleh téh sakurilingna di pager ku anyaman awi nepi ka anu ngaliwat ka hareupeunna moal bisa ningali ka jero. Lain ngan saukur di pager, di hareupeun panto pager ogé aya tulisan “Dilarang masuk/Berbahaya.”
“Din, Van, anéh teu ningali kaayaan kebon Pa Soleh? Kunaonnnya kebon ieu berbahaya?” Ceuk Fahri ka babaturanna basa ngaliwat ka kebon éta.
“Nya anéh, can pernah aya di Desa urang kebon anu bahaya,” Ceuk Dino
“Kumaha lamun engké peuting urang talungtik?” Ceuk Evan sumanget pisan ngusulkeun rencanana.
“Maksudna kumaha, Van? Naha urang asup rerencepan ka kebon kitu?” Ceuk Fahri bari neuteup ka Evan.
“Nya, bisi wé Pa Soleh melak pepelakan anu dilarang. Kamari gé kuring ningali dina TV aya berita ngeunaan kebon anu dipelakan ganja.”
“Hus! Teu meunang su’udzan, Van!” Dino nyempad teu panujueun kana pamanggihna Evan.
“Oh..nya maaf lain maksud rék goréng sangka. Tapi panasaran wé.” Ceuk Evan
Fahri jeung babaturanna silih teuteup. Dina jero haté maranéhna pinuh ku rasa panasaran hayang apal rusiah naon nu aya di kebon Pa Soleh.
Ahirna maranéhna sapuk kabéh yén sabada magrib karumpul di imahna Fahri. “Tong poho mawa batré nya!” Ceuk Fahri ka babaturanna 
Maranéhan geus buled tékad rék asup ka kebon Pa Soleh anu geus ngahudangkeun rasa panasaran maranéhna.
***
Sakumaha jangji beurang tadi, saréngséna sholat magrib, Dino, Evan jeung Fahri muru ka kebon Pa Soleh.
Fahri, Dino jeung Evan naraék kana pager meuni arati-ati pisan. Teu lila maranéhna geus aya di jero kebon. Sabenerna mah perasaan maranéhna téh sieun bisi kanyahoan ku anu boga kebon. Tapi rasa panasaranna lewih gedé deui.
“Wow kebon ieu naon eusinanya?” ceuk Fahri bangun ku héran
“Enya itu barang-barang naon di belah ditu?” Ceuk Dino
Maranehna ningali kotak-kotak kai anu ti éntép rapih dina rak. Aya ogé tangkal kalapa parondok meunang motong digantung dina dahan tatangkalan nu aya di kebon.
“Hayu urang tingali ti kadeukeutan, urang kudu apal naon eusi ieu kebon!” Ceuk Evan anu disatujuan ku Fahri jeung Dino.
Tiluannana terus beuki ngadeukeutan. Ternyata, kotak-kotak kai téh aya bolongan di tengahna diunggal tungtungna. Evan nyokot rangrang garing terus ngarojok kotak kai tinu lebah nu bolongna. 
“Van, keur naon?  Awas tong ngaruksak barang-barang di dieu,” Ceuk Fahri nyaram Evan.
“Hayang apal naon eusina ieu kotak téh, Ri,” Ceuk Evan bari teu Eureun ngarojokanna.
Teu lila burudul tina kotak kai aya nu kaluar haliberan loba pisan bari disarada ngahiung siga sora mobil ambulan.
Fahri jeung babaturanna rareuwaseun. Kompak pisan maranéhna tinggorowok. “Lumpat....!”
***
Isukna Fahri, Evan Jeung Dino Teu arasup sakola. Badana pinuh ku béntol jeung panas. Siganamah maranéhna di coco ku nyiruan madu anu diternakeun ku Pa Soleh di kebonna. Nyiruan ngarasa diganggu sabab kandangna di rojokan ku Eva.
Fahri dikompres ku indungna bari dinaséhatan supaya ulah deui-deui ngalakukan hal saperti kitu.
“Panasaran tuda Bu, Fahri janji moal sakali-kali deui.” Ceuk Fahri ka indungna
“Pami tos séhat ajak Dino sareng Evan, dongkapan Pa Soleh. Fahri kedah nyuhunkeun hapunten.” Ceuk indungna
“Muhun, Bu.” Tembal Fahri










Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Rusiah Kebon Pa Soleh"

Post a Comment