Istilah Tatanén Dina Bahasa Sunda

carasunda.com-Istilah Tatanén Dina Bahasa Sunda
Istilah tatanén dina bahasa sunda ieu patali jeung usum, pakakas, ogé tempat. Geura urang wincik hiji-hiji, diantarana :

Istilah tatanén anu patali jeung usum 
Usum mamaréng : mimiti rék ngijih (loba hujan)
Usum ngijih : usum hujan, ngecrek méh unggal poé
Usum dangdarat : usum panyelang diantara usum hujan jeung usum halodo, antara hujan jeung halodo paselang-selang
Usum katiga : usum halodo panjang
Usum barat : usum angin gedé (anu jolna ti juru kidul-kulon), pacampur jeung hujan ngaririncik

Istilah tatanén anu patali jeung pakakas
Pacul

Arit

Koréd

Garu

Singkal

Tolombong

Étém

Jeng sajabana

Istilah tatanén anu patali jeung tempat 
Babaladon : kotakan sawah anu pangléndona
Galengan : taneuh anu digalurkeun wawates kotakan sawah
Gagalur : taneuh anu digalur-galur pikeun melak hui, tomat, bawang jeung sajabana
Huma : tanah di lamping gunung anu dipelakan paré
Kebon : tanah darat anu dipelakan rupa-rupa pepelakan
Kotakan : petak-petak sawah
Sungapan : tempat ngocorna cai ti girang

Masih aya kénéh istilah tatanén dina bahasa sunda. Mangga parawargi cara sunda tambihan dina kolom koméntar!


Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Istilah Tatanén Dina Bahasa Sunda"

Post a Comment