Sasakala Ngaran Nyai Mas Cincin

carasunda.com-Sasakala Ngaran Nyai Mas Cincin
Nyai Mas Cincin téh ngaran aslinamah Nyai Salira Kasih, anjeunan saurang ronggéng anu kasohor dina zamanna. Mindeng pisan Nyai di ondang ku para karajaan di tatar sunda pikeun nari jaipong ketuk tilu. Diantara raja-raja anu sering ngondang anjeunna pikeun manggung téh nyaéta raja Talaga Manggung, Padjajaran, Sindang Manggung, Cirebon, jeung réa-réa deui.
Dina hiji mangsa, waktu Nyai keur nari aya salah saurang raja anu ka pincut hatena kagembang rasana ku kageulisan Nyai ronggeng nepi ka kabongroy hayang ngajadikeun kabogohna. Kaksihna raja téh Surawisesa. Anu ahirna nya jadi waé manéhna jeung Nyai ronggéng téh bobogohan. Mun ceuk barudak jaman now mah “jadian.”
Numutkeun pitutur para sepuh anu weruh, raja Surawisesa téh timburu ka nu jadi kabogohna pedah Nyai sok mindeng di bawa ku lalaki séjén pikeun méntas di unggal tempat. Anu ahirna sang raja mutuskeun pikeun nyulik Nyai Ronggeng. Saenggeus hasil maksudna terus Nyai di bawa ka daerah Cintaasih pikeun diasingkeun.
Sajeroning dina pangasingan Nyai Mas Cincin mindeng pisan meunang sikasaan ti raja, kabogohna ku anjeun. Dina hiji waktu raja Surawisesa neukteuk rambut Nyai terus diuntun dibentuk nyarupaan cingcin di paké pikeun nalian panangan Nyai.  Nya ti dinya pisan ayana ngaran Nyai Mas Cincin téh, anu ayeuna katelah jadi ngaran obyek wisata alam Nyai Mas Cincin. Tempat wisata éta ayana di Desa Cintaasih Kecamatan Cingambul Kabupaten Majalengka. 
Saur para sepuh anu weruh Nyai Mas Cincin teh terus netep di (Jahim) Cintaasih nepi ka maotna.

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Sasakala Ngaran Nyai Mas Cincin"

Post a Comment