Sisindiran Rarakitan Silihasih

Daék sotéh ka Ciamis,
Ka situna mah teu purun.
Daék sotéh ka nu geulis,
Ka nu itu mah teu purun.

Sapanjang jalan Soréang,
Moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
Moal weléh diakalan.

Hayang teuing buah hiris,
Teu bisa ngalaannana.
Hayang teuing ka nu geulis,
Teu bisa ngakalanana.

Lamun urang ka Cikolé,
Moah hésé ngala honjé.
Lamun urang boga gawé,
Moal hésé ka awéwé.

Nyai ulah ngala sembung,
lamun akang rék ka Bandung.
Nyai ulah waka pundung,
Lamun akang hayang nyandung.

Kuring mah alim ka Bandung,
hayang ka Sumedang waé.
Kuring mah alim dicandung,
hayang ku sorangan wae.

Saha itu muril kumis,
Sing horéng bapana Didi.
Saha itu anu geulis,
Sing horéng kabogoh abdi.

Hayang teuing buah ngora,
tapi teu boga tangkalna.
Hayang teuing ka nyi randa,
tapi sieun ku mantanna.

Ka mana néangan kuda,
rék dibawa ka basisir.
Ka mana néangan randa,
rék di bawa nya pelesir.

Ku hayang nya cocongoan,
jaga urang ngala suluh.
Ku hayang nya sosonoan,
Jaga urang bakal jauh.






Subscribe to receive free email updates:

1 Komentar untuk "Sisindiran Rarakitan Silihasih"

  1. Ulah ngala cocongoan
    Bisi rusak tangkal manggu
    Ulah waka bobogohan
    Bisi sakola kaganggu

    ReplyDelete