Ngaran Kandang Sasatoan Dina Bahasa Sunda



carasunda.com-Ngaran Kandang Sasatoan Dina Bahasa Sunda
Ngaran kandang sasatoan dina Bahasa Sunda ngabogaan istilah anu maneuh. Boh kandangna leutik atawa gedé sarua waé. Geura tengetan ngaran kandang sasatoan dina Bahasa Sunda ieu.
Paranjé = kandang hayam, entog, meri atawa sarupaning unggas
Istal/gedogan= kandang kuda/domba
Pagupon = kandang japati
Karapyak = kandang sapi/munding
Kurung = kandang manuk
Karangkéng/garogol = kandang maung atawa kandang sato galak
Buleng = kandang lauk
Tah éta sabagian tina ngaran kandang sasatoan dina bahasa sunda. Teu nutup kamungkinan aya dulur carasunda anu rék nambahan, sok tulis dina kolom koméntar di handap!


Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Ngaran Kandang Sasatoan Dina Bahasa Sunda"

Post a Comment