LALAMPAHAN KURING KA YOGYAKARTA

carasunda.com-Lalampahan pikeun neangan pangalaman nganteurkeun kuring ka tempat-tempat nu saméméhna teu kungsi kabayangkeun, Yogyakarta. Kuring can kungsi nyaho kumaha kaayaan daérah Yogyakarta téh. Kuring ngan nyaho ngaranna hungkul, éta ogé nyaho ti batur. Kacida pisan kurung batokna kuring téh, teu nyaho nanaon ngeunaan Yogyakarta anu katelah kota pelajar téa.  
Poé Saptu, ping 20 Mei 2017, kira-kira tabuh 5 soré kuring jeung babaturan sareung para ibu bapa guru ngumpul di sakola. Sanggeus solat ashar kuring sareng rombongan SMP Islam Darussalam Cingambul saparakanca indit ninggalkeun lembur ngajugjug ka Yogyakarta. Langsung nuju ka Yogyakarta, liwat jalur pantai utara. Lalampahan anu ayeuna téh nyaéta acara perpisahan barudak kelas IX, pantes anu marilu ogé barudak kelas IX hungkul, ngan kuring sareng budak kelas VII, Kelas VIII ogé ngilu da hayang apal kawas kumaha Yogyakarta téh. Oge sareng para ibu bapa guru sarta kulawargana. 
Sapeupeuting perjalanan lalampahan kuring saparakanca nuju ka Yogyakarta téh, tapi karasa nikmat. Ngaliwatan jalan naék-turun jeung pungkal-péngkol, ngaliwatan pasawahan jeung leuweung nu aya di sisi jalan.
Kira-kira tabuh 3 janari poé minggu, kuring saparakanca ngareureuh heula. Aya nu gogoléran di masjid aya ogé anu shalat tahajud jeung rea-rea deui. Terus solat subuh berjamaah. Kira-kira tabuh 8 nepi ka tujuan mimiti nyaéta candi borobudur, tempat ieu nyaéta salah sahiji ka’ajaiban dunia anu aya di Indonesia paninggalan jaman baheula.
Sanggeus ti borobudur, kuring saparakanca taruang heula di Rumah Makan Orang Utan, duka kunaon tah Rumah makan éta téh dingaranan rumah makan orang utan, kuring teu loba tatanya. Saréngséna dalahar nuju ka tempat kadua, nyaéta Museum Dirgantara. Kuring saparakanca ningali rupa-rupa modél jeung bentuk pesawat lolobanamah pesawat perang tilas para tentara kapungkur. Saparontos ti tempat éta kuring saparakanca ngajugjug ka pantéy Parangtritis, babaseuhan jeung ningali kaéndahan alam ciptaan Allah Nu Maha Kawasa. Obakna meuni gedé matak waas jeung paur nu ningali. Réngsé ningali kaéndahan pantéy kuring saparakanca dahar di rumah makan has Yogyakarta, kadaharanna téh geuning aramis.
Panon poé rék teuleum ka kulon kuring saparakanca nepi ka Malioboro maksudnamah rek meuli oléh-oléh keur bawaeun ka lembur. Rupa-rupa barang di tawarkeun ku para padagang. Kuring ngan wungkul meuli kaos tulisan Yogyakarta rada loba sabab keur bagikeuneun deui kadulur jeung babaturan dilembur. Ari bapia jeung salak mah dan geus meuli samémémhna.  Ba’da isya kuring saparakanca balik ngajugjug ka lembur .

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "LALAMPAHAN KURING KA YOGYAKARTA"

Post a Comment