Istilah Patempatan Dina Bahasa Sunda
![](https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEgoIt85_pNHomwb0AxOZ1ytDiDQPFc3e8A7KTIwhVgJA5-lca17CYgZmAkkdQ-a4CRmrU9Gp_acRnrb26q7MUnPnP87UV0Ohq5H1HhwDQBDHmuP_c1WE_arY7vrurxEOnyBZ6SA-g8HPnU/s200/istilah+patempatan.jpg)
carasunda.com-Istilah Patempatan Dina Bahasa Sunda
Istilah patempatan dina bahasa sunda mangrupa sesebutan ngaran-ngaran tempat anu geus maranti. Geura urang tengetan sawatara conto istilah patempatan ieu!
Babantar : bagian walungan anu déét
Bobojong : tanah anu nyodor ka cai di sisi walungan
Huma : tanah di lamping gunung anu dipelakan paré
Jungkrang : bagian taneuh anu jero, sisi-sisina gurawés
Kebon : tanah anu dipelakan ku rupa-rupa pepelakan
Lamping : bagian gunung antara puncak jeung tutugan
Lembur : kampung, tempat padumukan
Leuwi : bagian walungan anu jero
Muara : tungtung walungan, tempat patepungna walungan jeung laut
Mumunggang : bagian gunung/pasir anu pangluhurna (tonggong gunung)
Pasir : gunung leutik sarta handap
Sampalan : tegalan, tanah datar di leuweung/sisi lembur
Situ : sarupa balong ngan leuwih gedé
Tutugan : suku gunung
Walungan : cai gedé anu ngocor ti girang ka muara
Babakan : Lembur anyar
Gosali : tempat panday
Tepiswiring : pilemburan di pasisian
Seueur kénéh istilah petempatan dina bahasa sunda anu séjénna. Insya Allah ka payun urang bahas deui.
0 Komentar untuk "Istilah Patempatan Dina Bahasa Sunda"
Post a Comment