Istilah Pancakaki Urang Sunda



Istilah pancakaki téh bisa diartikeun pernahna jelema ka jelema lianna anu sakulawarga, dulur, atawa baraya anu masih dulur kénéh. Dina bahasa Indonesia mah disebutna kekerabatan atawa perkerabatan. Dina sistem kakulawaranaan urang sunda istilah pancakaki téh loba pisan, upamana waé; anak, incu, aki, nini, bapak, ema, uwa, bibi, emang, adi, lanceuk, alo, jeung rea-rea deui.
Loba kénéh istilah pancakaki urang sunda séjénna. Supaya leuwih écés geura tengetan istilah pancakaki ieu!

Rundayan atawa turunan :
Anak = turunan kahiji
Incu = turunan kadua; anakna anak
Buyut = anak incu
Bao = anak buyut
Janggawaréng = anak bao
Gantung siwur = anak janggawaréng

Ka luhur :
Bapa =lalaki nu boga anak; salaki indung
Indung = awéwé nu boga anak; pamajikan bapa
Aki = bapana indung/bapa
Nini = indungna indung/bapa
Buyut = indung/bapana nini/aki
Bao = indung/bapana buyut
Janggawaréng = indung/bapana bao
Gantung siwur = indung/bapana janggawaréng

Ka gigir :
Adi = dulur sahandapeun
Lanceuk = dulur saluhurun
Emang/paman = lalaki adina bapak/indung
Bibi = awéwé adina bapak/indung
Uwa/ua/toa = lanceuk bapak/indung
Alo = anakna lanceuk
Suan = anakna adi
Kapiadi = anakna emang/bibi
Kapilanceuk = anakna uwa
Incu ti gigir = incuna adi
Aki ti gigir = lalaki adina/lanceukna aki/nini
Nini ti gigir = awéwé adina/lanceukna aki/nini
Uwa ti gigir = anakna lanceuk aki/nini
Emang ti gigir = anakna adi aki/nini

Istilah séjénna :
Adi beuteung = adina pamajikan/salaki
Dulur sabrayna = dulur misan;anak paman/bibi; anak uwa
Dulur teges = dulur enya saindung-sabapa
Indung téré = pamajikan bapa lain nu ngalahirkeun urang
Bapa téré = salaki indung lain nu ngalantarankeun urang lahir
Anak téré = anak sampakan ti salaki/pamajikan
Dulur patétéréan = anak indung/bapa téré
Cikal = anak panggedena
Pangais bungsu = lanceukna anak nu bungsu
Bungsu = anak pangleutikna
Baraya laér = baraya nu geus jauh perenahna
Teu hir walahir = teu baraya saeutik-eutik acan/deungeun-deungeun
Bau-bau sinduk = baraya kénéh sanajan geus laér
Dulur pet ku hinis = dulur teges
Baraya = sakur nu aya pancakakina
Karuhun = luluhur jalma-jalma nu geuy aya lila heulauen urang/nu ngarundaykeun urang

Istilah pancakaki ieu diringkes tina buku Simpay Basa Sunda karangan Yayat Sudaryat penerbit Erlangga. 




Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Istilah Pancakaki Urang Sunda"

Post a Comment