Si Kabayan Ngala Nangka



carasunda.com-Si Kabayan Ngala Nangka
Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. 
“Kabayan... Kabayan...!” mitohana ngageroan di rohangan tengah
“Aya naon ma?” meuni tarik-tarik teuing ngageroan téh
“Ema hayang nangka cing pangalakeun ka kebon!”
“Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. 
Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Térékél waé manéhna naék, tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.
“Wah, moal kaduga yeuh mawana,“ ceuk pikir Si Kabayan. Tuluy waé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan nyarita ka nangka.
Barang nepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.
“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”
“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.
“Mana atuh ayeuna nangkana?” tanya Mitohana.
“Har, naha can datang kitu? kapan tadi nangka téh dipalidkeun dititah balik ti heula sorangan, ceuk Si Kabayan.
“Na...ari manéh Kabayan...., na meuni bodo-bodo teuing. Maenya nangka bisa balik sorangan!” Mitohana keuheuleun pisan.
“Wah nu bodo mah nangkana waé, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléos.

Sumber : bujanggamanik.wordpress.com

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Si Kabayan Ngala Nangka"

Post a Comment