Lando Si Landak Cucuk

foto:pixabay.com


carasunda.com-Lando Si Landak Cucuk
Lando si Landak ngacungkeun cucuk-cucukna anu sareukeut. “Awas lamun aya anu wani miheulaan, ku kuring bakal dicocog ku ieu cucuk!” ceuk manéhna
Cuk! Lando nyocogkeun cucukna basa ngadéngé aya léngkah suku ditukangeunna.
“Aduh!” Anu ka cocog ku cucuk Lando ngajerit bakating ku nyeri.
“Pa Guri!” Ceuk Lando reuwas basa manéhna malik katukang. Anu ka cocog ku cucukna téh geuning guruna Pa Guri si Gurita. Lando di bawa ka kantor ku Pa Guri.
“Aduh punten pa Lando teu ngahaja” Ceuk manehna bari rék ceurik.
“Bener teu ngahaja?” Pa Guri nanya ka Lando bari ngobatan leungeunna anu getihan.
“Hmmm...sabenerna mah ngahaja sih Pa. Lando keuheul ku babaturan tuda. Maranéhna teu ngajakan Lando  ucing-ucingan. Pédah cucuk Lando sok sering nyocog maranéhna ceunah. Padahal Lando teu ngahaja. Ku sabab kitu nya sakalian wé cucuk Lando di tojoskeun. Eh...malah Pa Guru anu ka cocog na téh.” Ceuk lando bari tungkul éra jeung sieun.
Pa Guri ngagaroan gadona “Babaturan Lando mémang salah sabab teu daék ulin, tapi mun Lando ngabales pagawéan babaturan ku cara tadi, nya naon bédana Lando jeung maranéhna?”
“Muhun pa Lando kapok hapunten Lando nya Pa.”
Ahirna Pa Guri ngadaméykeun Lando jeung babaturanna. Supaya cucuk Lando si Landak teu nyocogan ka babaturanna, Pa Guri nyarankeun supaya Lando jadi nu jaga mun ulin ucing-ucingan. Babaturan Lando kabéh satuju kana usulna Pa Guri. Lando bungaheun pisan sabab bisa ulin deui jeung babaturanna.
Sumber : Dongeng Binatang Untuk Anak

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Lando Si Landak Cucuk"

Post a Comment