Sasakala Gunung Tangkuban Parahu

Hiji waktu, Sangkuriang dititah moro ka leuweung ku indungna, nyaeta Dayang Sumbi, dibarengan ku anjing ngaran Si Tumang.
Di leuweung, Sangkuriang jeung si tumang asruk-asrukan neangan sato boroeun. Ngan teuing kunaon, poe haritamah taya sato anu liar hiji-hiji acan. Atuh lapur, moro sapoe jeput teh teu beuebeunangan.
Bakating ku keuheul, ngan lekek bae Si Tumang di peuncit ku Sangkuriang. Atina dibawa balik, terus dibikeun ka indungna.
Barang kanyahoan yen eta teh ati Si Tumang, puguh bae Dayang Sumbi kacida ambekna. Sangkuriang diketrok sirahna ku sinduk, tepi ka baloboran getih.
Sangkuriang terus pundung, kabur ti imahna. Mangtaun-taun leuleuweungan, ngalalana teu puguh anu dijugjug.
Lila ti lila Sangkuriang anjog ka hiji tempat anu kacida pikabetaheunana. Anu matuh didinya teh hiji putri kacida geulisna. Sangkuriang kabandang ku eta putri, malah rek terus dijieun pamajikan.
Ari Nyi Putri awas tingal, eta pamuda gagah teh saenyana Sangkuriang, anu taya lian anak kandungna sorangan. Enya, apan Nyi Putri teh Dayang Sumbi tea. Eta pangna kahayang Sangkuriang teh di tolak.
Sangkuriang keukeuh maksa sangkan Nyi Putri purun dikawin.
Sakitu ku Nyi Purti geus diterangkeun yen anakna pituin oge, Sangkuriang keukeuh teu percayaeun. Antukna Nyi Putrid beakeun akal, tepi ka ahirnamah nyanggupan pamenta Sangkuriang, ngan aya saratna.
“hayang di pangbendungkeun talaga jeung dipangieunkeun parahu, tur kudu anggeus dina jero sapeuting. Lamun teu anggeus, hartina urang kawin teh bolay,” cek Nyi Putri.
“Heug kaula sanggup!” tebal Sangkuriang.
Peuting harita keneh Sangkuriang ngabendung walungan citarum, sarta teu kungsi lila oge rengse. Ari kitu tea mah apan Sangkuriang teh sakti, jeung bisa meruhkeun bangsaning lelembut. Waktu ngabendung talaga oge, sangkuriang teh dibatuan ku para siluman. Anu matak pantes mun pagaweanana gancang anggeus oge.
“Talaga geus ngemplang, caina herang, matak betah mun di pake lalayaran. Ayeuna ngan kari nyieun parahuna,” cek sangkuriang.
Kabeneran teu jauh tidinya aya tangkal kai gede pisan. Gedok dituar, tepi ka anu nyesa ngan kari tunggulna. Sanggeus rubuh, terus rangrang tangkal kai teh diraradan, mani ngahunyud.
Kai pulukan teh gancang dipapas, dijieun parahu.
Dayang Sumbi kacida reuwaseuna barang mireungeuh talaga geus ngemplang, jeung parahuna geus ngabagug tereh rengse. Dayang Sumbi bingung kaliwat saking. Puguh anu matak ngasongkeun pamenta sakitu beuratna oge ngarah Sangkuriang teu bisaeun nedunan. Da piraku mun kudu kawin ka anak mah. Ari dina kabuktiannana geuning bisaeun migawe.
Dayang Sumbi neangan akal, sangkan pamaksudan Sangkuriang teu laksana. Ras inget kana boeh rarang meunang ninun. Eta boeh teh ku Dayang Sumbi dikebutkeun. Ku kersaning Anu Maha Kawasa, boeh rarang anu dikebutkeun teh ngaburinyay, tingkaretip kawas kingkilaban, teu beda ti rek mangsa balebat. Sasatoan leuwueng ka gareuwahkeun. Hayam jago kongkorongok. Manuk ge recet disarada, da marukanana enya geus beurang. Sangkuriang anu keur ngadukduk nganggeuskeun parahuna kacida ngajenghokna barang nenjo balebat. Manehna ambek campur ngenes, sabab moal tulus kawin ka Nyi Putri.
Bakating ku handeueul, parahu anu tacan anggeus teh ditajong satakerna. Mangpeng ka tempat anu kacida jauhan. Ragragna eta parahu teh nangkub. Jleg salin jinis jadi gunung. Talaga anu geus ngemplang ku Sangkuriang di dupak. Brah bedah, caina palid nyedot ka hilir, tepi ka ahirna jadi palataran anu ngampar lega.
Bari nyidem keneh kakeuheul, Sangkuring nuluykeun deui ngalalana. Leumpang sakaparan-paran, teu puguh anu diseja.
Tah, cek ujaring carita, eta parahu anu nagkub terus salin jinis jadi gunung teh nyaeta Gunung Tangkuban Parahu kiwari. Ari dasar talaga anu geus saat ayeuna jadi padataran Bandung. Kitu deui tunggul urut Sangkuriang nuar tangkal kai, kiwari dingaranan Gunung Bukittunggul. Ari rangrang anu ngahunyudna nya jadi Gunung Burangrang. Dicutat tina Gapura Basa

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Sasakala Gunung Tangkuban Parahu"

Post a Comment