Sisindiran Piwuruk keur Barudak Sakola

Tah ieu aya sisindiran piwuruk keur barudak sakola malah mandar garetol diajarna. kieu geura sisindiran piwurukna :

Awi Beulah pikeun tali
dipasian digintiran
mugi ulah cua galih
abdi badé sisindiran

dahar lauk ati-ati
bilih engké kabeureuyan
dangukeun nya wargi-wargi
abdi sanés badé ngaheureuyan


Kanikir ti Rajagaluh
diteundeun dina campedak
sisindiran henteu puguh
éstuning sapendak-pendak

Mawa peti dina sundung
ditumpangan ku karanjang
pangarti teu beurat nanggung
tapi mangpaatna panjang

Baju kutud heureut pola
dikelin teu dijalujur
mun teu cucud ti sakola
arisin balik ka lembur

Samping kageutahan dukuh
dikelab dikacaikeun
nu matak urang sing kukuh
papatah guru turutkeun

Angeun hurang sapariuk
bawangna ngan dua sihung
ulah mungpang ka piwuruk
bisi akhirna kaduhung

Lauk emas ngakan ganggéng
disamberan ku japati
boga emas moal langgeng
teu cara boga pangarti

Singgetol nginum jajamu
nu guna nguatkeun urat
singgetol néangan élmu
nu guna dunya ahérat

Balayar urang balayar
balayar ka Bojong Ménjé
diajar urang diajar
diajar ulah talangké

Mun engké ka Bojong Ménjé
bakal nguriling jalanna
mun diajarna talangké
bakal kaduhung ahirna

Salila milu ka dinya
téangan roda padati
salila hirup di dunya
téangan élmu pangarti

Poék lampu nyeungeut lilin
teu pati caang seuneuna
ulah ngalobakeun ulin
bisi kaduhung ahirna

Aron pacampur jeung gigih
mun didahar kabuhulan
niron ulangan kapanggih
éra teu cukup sabulan

Hulang huleng maén catur
disekak paéh rajanya
sakitu nu kapihatur
hapunten seueur lepatna

Sakitu sisindiran piwuruk keur barudak sakola. Pamugia aya mangfaatna.

Subscribe to receive free email updates:

9 Komentar untuk "Sisindiran Piwuruk keur Barudak Sakola"

  1. Aralussssssss,sisindirannana aralus abdi kapuji kuguru gara" sisindiren ieu

    ReplyDelete
  2. hahahahahahaahahahaahahahahahaahahahahahahahah

    ReplyDelete
  3. Harideung siki markisa
    buah jaat raranggeuyan
    sakeudeung deui bulan puasa
    maksiat geura eureunan

    ReplyDelete
  4. Ka cibogo ka cibadak
    Meuli ragi di bendungan
    Ulah bobogohan jeung budak
    Mahugi pepeulendungan

    ReplyDelete
  5. ih da heeeh bener meni saeee sisindiranna hahahahaha

    ReplyDelete