Wilujeng Sumping Selamat Datang

Sasakala Situ Sanghiang



Nutur catur parasesepuh, mapay carita wong atua., baheula di wewengkon Talaga ngadeg hiji karajaan anu subur makmur loh jinawi. Nu janten narpati nyaéta Prabu Darmasuci II ngagentos ramana kalayan kénging jujuluk Sunan Talagamanggung. Kanjeng Sunan kagungan dua putra sajodo. Pameget jenengan Raden. Panglurah, nu istri jenengan Ratu Putri Dewi Simbarkancana.

Radén Panglurah saparantos sawawa angkat tatapa, ngisat salira di Gunung Bitung Désa Wangkelang patilasan ingkang uyut Sunan Ponggang Syang Romahiyang.

Sajengkarna Radén Panglurah, ka nagara sumping hiji jajaka ginding dedeg sampé rupa hadé tur perlénté, dedeg pangadeg sembada, kewes pantes, jangkung ageung kalayan ngangken tedak ménak Sriwijaya ti Palémbang. Pamaksadan dongkap ka nagara seja bakti diri ka narpati séba raga kumawula ka kanjeng raja. Kawuwuh ku lungguh timpuh, hadé tata hadé basa pérlénté cumaritana, narpati janten kataji. Manah léah tumarima nampi éta jajaka anyar pinanggih pikeun didamel di nagara.

Enggoning babakti ka nagara jajaka terah Palémbang kalintang suhudna. Tuhu kana paréntah ratu teu baha kana parentah raja. Satincak saparipolah mungguh matak pikayungyuneun. Pangagung padakataji, abdi-abdi padamuji kana kapercékaanana. Ku hadé lampah jeung polah ahirna éta jajaka dipercanten ku narpati janten mantri jero karaton.

Ku kapercékaanana sadaya padamel karaton beuki katarik ati. Paraponggawa laléah manah seueur nu kapangaruhan ku kapinteran cumaritana. Lami-lami éta jajaka dipercanten janten papatih nagara kalayan kenging jujuluk Adipati Palémbanggunung saterasna dipulung mantu ku narpati ditikahkeun ka ingkang putra Ratu Putri Déwi Simbarkancana.

Salajengna Narpati ngadamel karaton di wewengkon Walangsuji nu anggangna kirang langkung dalapan kilométer ti nagara. Maksadna sangkan jongjon ngurus nagara ogé tiasa laluasa enggoning mujas médi ka Déwa Gung kanggo kasalametan ingkangputra anu nuju tatapa.

Ku ngaraos parantos sepuh, sateuacan Radén Panglurah mulih ti patapaan ahirna kanggo ngurus nagara samentawis dipasrahkeun ka mantuna. Salebet ngurus nagara Adipati Palembanggunung kacida luhur wibawa da puguh percéka pinter nyarita. Paraponggawa taya nu baha, parademang kumawula, parabopati tuhu babakti.

Ku ngaraos parantos kiat pangaruhna ka paraponggawa, jorojoy dina émutan Palémbanggunung timbul haté dengki, bet hoyong ngapimilik nagara seja ngadeg narpati di Talaga. Pikeun ngahontal éta niat teu aya deui jalan iwal ti kedah nelasan Narpati Prabu Darmasuci II.

Saterasna Palémbanggunung ngadamel réka perdaya ka para Demang, Bopati, sareng ponggawa karaton ku jangji-jangji, ngawurkeun persénan. Ahirna aya salasaurang nu kapangaruhan téh nyaéta Citrasinga salaku Mantri Jero. Pajarkeun téh pangna bisa jadi mantri jero lantaran diusulkeun ku anjeunna. Malah diimplik-implik lamun Palémbanggunung bisa jadi narpati, Citrasinga bakal diangkat jadi papatih nagara.

Ku kapinteran Palémbanggunung enggoning ngolo-ngolo, antukna rasiah patina narpati ditepikeun ku Citrasinga. Yén Narpati Prabu Darmasuci II moal teurak ku gagaman naon baé iwal ku pakarang tuturunan mangrupa Cis / tumbak pondok sapertos badi. Salasahiji ciri narpati teu mempan ku pakarang teh nyaéta salirana teu udelan sapertos nu lian.

Nu terang kana éta rasiah téh ngan Centangbarang panakawan kakasih narpati nu dirorok ti leuleutik margi tos pahatu lalis, teu indung teu bapa, teu dulur teu baraya éstu nunggul pinang.

Ngadangu eta katerangan, Palémbanggunung sering mendakan Centangbarang, ngolo-ngolo bari bro-broan barangbéré, malah dijangjian lamun Centangbarang bisa méré nginjeum Cis sakeudeung baé, engké upama Palembanggunung jadi narpati di Talaga, Centangbarang bakal dijenengkeun mantri jero.

Dasar jalmi bodo tur kirang jeujeuhan, lami-lami Centangbarang kaolo, kapangaruhan dugi ka ngajangjian sanés baé nambutkeun éta gagaman nanging sanggup nelasan Narpati.

Hiji waktos Narpati lungsur ti pajuaranana seja jalan-jalan ka patamanan, diiring ku para ponggawa karaton sareng paraemban. Centangbarang ogé ngiring ribut bari nyenyekel Cis kaluar ti karaton sarta nyumput dina satukangeun Lawang Kori. Sanaos aya nu terangeun ogé teu gurah-geureuh da kitu biasana kalakuan Centangbarang téh. Dihin pinasti, nitih wanci dugi ka apesna Narpati Prabu Darmasuci II. Dinten harita, nalika Narpati badé kaluar pisan tina lawang kori teu kanyahoan jol gejos-gejos ditikeman ku Centangbarang nganggé gagaman pusaka tuturunan “Cis”. Sanaos Narpati tiasa nyingcet nanging pingping kiwana kagorés dugi ka baréd. Ku matih-matihna éta pakarang Narpati ngarumpuyuk leuleus lir kapuk kaibunan.

Guyur sa-Karaton ku tingjareritna paraistri sareng patinggorowokna   paraemban   kalih   paraponggawa. Ari

Centangbarang ningali kaayaan kitu ngan belecet lumpat kabur ninggalkeun karaton. Barang badé disusul ku gulang-gulang, Narpati ngalahir, “Héh Ki Sanak, keun tong maké hayang nangkep Ki centangbarang, da engké ogé bakal nampa hukuman ti Hyang Widi. Déwa Gung bakal ngahukuman manéhna. Teu sangka Ki Centangbarang, dipiasih ti leuleutik dipikanyaah ku kaula ti sabrol dijurukeun bet ahirna rék nelasan ka Kaula. Mangga Syang Hiyang Widhi nyanggakeun.” Salajengna Narpati dicandak ka pajuaranana di lebet karaton.

Ku ayana éta kajantenan nya dijurungkeun utusan kanggo ngadeuheus ka Ratu Déwi Simbarkancana di Karaton Walangsuji. Salajengna narpati Prabu Darmasuci II nu diriung ku paraponggawa di pajuaranana, teras menekung ka Déwa Gung. Naha atuh teu sakara-kara, jasad saeusining karaton ilang tanpa karana ngahiyang “goib´salin rupa janten situ anu caina hérang ngagenyas tapi matak geueumam nu ningali. Eta situ katelah “Situ Sanghiang” ayana di tutugan Gunung Ciremai Désa sanghiang Kecamatan Talaga Kabupatén Majalengka. (dicutat tina bahan ajar Basa Sunda SMP)


Subscribe to receive free email updates:

1 Komentar untuk "Sasakala Situ Sanghiang"