Wilujeng Sumping Selamat Datang

Sasakala Majalengka


Taun 2017 téh umur kota Majalengka nincak ka 527. Ditilik tina umurna bisa dicindekkeun yén Majalengka téh lahir dina taun 1490 Maséhi. 
Katangtuan milangkala Majalengka téh dumasar kana Perda No. 05/OP.013.1/PD/1982 tanggal 9 Juni 2005, pasal 1 ayat 1 anu unina : ”Hari jadi Majalengka jatuh pada tanggal 7 Juni 1490 Masehi bertepatan dengan tanggal 10 Muharam”.
Tatapakan ditetepkeunana éta perda nyaéta dumasar kana babad ayana Karajaan Sindangkasih anu diratuan ku Ratu Rambut Kasih. 
Kecap Majalengka téh asalna tina dua kecap nyaéta maja jeung langka. Eta kecap asalna tina basa Cirebon, maja, ngaran sarupaning buah nu bisa dipaké pikeun ngubaran kasakit muriang (malaria), sedengkeun langka hartina euweuh. Lengkepna Babad Majalengka téh saperti pedaran ieu di handap.
Mangsa harita di wewengkon Majalengka ayeuna ngadeg tilu karajaan Hindu. Cakraningrat ngaheuyeuk Karajaan Rajagaluh, Pucuk Umun di Talaga, jeung Nyi Rambut Kasih ratu di Sindangkasih.
Nyi Rambut Kasih kawentar ratu nu geulis kawanti-wanti, sakti, gedé wibawa jeung gedé komara, sarta jadi panutan rahayatna.
Sabagian tina wewengkon Sindangkasih masih mangrupa leuweung geledegan. Di antara tutuwuhanana aya nu disebut tangkal maja, anu hasiatna pikeun ngobatan kasakit malaria atawa muriang.
Teu jauh ti Sindangkasih, di Cirebon aya pamaréntahan anu dipingpin ku ulama kamashur, Syéh Sarif Hidayatulloh atawa Sunan Gunung Jati. Jaman harita, di Cirebon sumebar kasakit malaria (muriang). Loba pisan anu kaserang, malah anu tepi ka hanteuna ogé réa deuih.
Syéh Sarif Hidayatulloh ngutus Pangéran Muhamad jeung Siti Armilah pikeun néangan buah maja. Nya terus éta dua utusan téh arindit. Ngan baé lian ti rék néangan buah maja téh, Pangéran Muhamad jeung Siti Armilah boga tujuan séjén, nyaéta rék nyebarkeun agama Islam.
Lantaran utusan ti Cirebon datangna ka Sindangkasih henteu permisi heula, Nyi Rambut Kasih henteu sukaeun wewengkonna ditincak ku jalma lian. Nyi Rambut Kasih ngawatek kasakténna. Leuweung nu asalna rembet ku tangkal maja dadaksakala leungit  ilang tanpa karana. Atuh dua utusan téh teu manggihan buah anu keur ditéanganana.
“Majané langka, majané langka!” ceuk eta utusan dina basa Cirebon, anu maksudna tangkal maja téh euweuh. Nya nelah baé jadi  “majalengka”.
Sanajan anu ditéanganana teu kapanggih, Pangéran Muhamad jeung Siti Armilah henteu terus mulang ka Cirebon. Ceuk angkeuhanana, sugan baé dina hiji waktu mah bakal manggihan tangkal maja. Jadi dua utusan téh terus néangan, bari sakalian nyebarkeun agama Islam ka masarakat.
Sabada ngawurukkeun bagbagan agama Islam, Pangéran Muhamad terus matuh di Gunung Margatapa. Ari Siti Armilah ihtiar pikeun ngislamkeun Nyi Rambut Kasih. Ngan Nyi Rambut Kasih tetep tagen kana agemanana, tepi ka ahirna mah ngahiyang.
Sabada ditinggalkeun ku ratuna, Karajaan Sindangkasih aya dina kakawasaan Cirebon, sarta saterusna mah dingaranan Majalengka.

Sumber : Buku LKS Basa Sunda Kab.Majalengka


Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Sasakala Majalengka"

Post a Comment