Wilujeng Sumping Selamat Datang

LUTUNG KASARUNG



Sunan Ambu di Kahyangan boga anak lalaki, kasép taya papadana, ngaranna Guru Minda. Hiji peuting GuruMinda ngimpi boga bébéné (kabogoh) nu sarupa jeungSunan Ambu. Nepi kahiji waktu Guru Minda maling-maling neuteup Sunan Ambu. Sunan Ambu nyahoeun. Antukna Guru Minda dititah turun ka Buana Pancatengah pikeun néangan pijodoeunana anu sarupa jeung SunanAmbu. Tapi saméméhna kudu salin rupa heula jadi lutung,sarta dingaranan Lutung Kasarung.
Sanggeus dibéré pituduh pijalaneunana, Guru Minda nu geus jadi lutung, turun ka Buana Pancatengah. Gubragna di Nagara Pasirbatang Anu Girang.
Anu ngaheuyeuk dayeuh di Pasirbatang Anu Girang harita nya éta Mas Prabu Ageung Tapa. Praméswarina Nitisuari. Boga anak tujuh awéwé wungkul, ngarana: Purbararang, Purbaéndah, Purbadéwata, Purbakancana, Purbamanik, Purbaleuwih jeung nu bungsu Purbasari, anu panggeulisna.
Ku lantaran geus kolot, Prabu Ageung Tapangarasa geus meujeuhna ngécagkeun kalungguhan sarta diteruskeun ku salah saurang anakna. Terus baé Prabu Ageung Tapa téh ngumpulkeun anak-anakna, pikeun nyérénkeun kalungguhanana. Anu kapilih pikeun gaganti anjeunna téh nya éta Purbasari, anakna anu bungsu. Purbararang salaku anak panggedéna ngarasa kaléngkahan ku nu jadi adi. Manéhna ngarasa tugenah.
Basa Prabu Ageung Tapa katut permaisurina geus ninggalkeun nagara, Purbararang ngayakeun rupa-rupa réka-perdaya pikeun ngarebut kalungguhan ti Purbasari. Ari alesanana manéhna ngarasa leuwih boga hak jadi ratu ti batan Purbasari, lantaran manéhna anak panggedéna (cikal). Ku réka perdaya Purbararang téa, nya ahirna Purbasari disingkurkeun ti nagara, dititah nyingkur di Gunung Cupu. Di leuweung hara-haraeun, anu jauh ka ditu ka dieu. Tempatna di saung hateup injuk sajalon, handapna palupuh sabébék. Sarta saméméhna diboréhan kéler nahun, papakéanana diganti ku nu rarombéng.
Dina hiji poé, Purbararang nitah ngala lutung ka Aki Panyumpit. Kudu meunang, lamun teu meunang Aki Panyumpit baris ditugel jangga. Aki Panyumpit moro lutung ka leuweung. Ngan aya nu anéh, basa moro ti isuk-isuk nepi ka soré bet teu meunang lutung hiji-hiji acan. Tong boroning meunang, manggihan ogé heunteu. Padahal biasana mah lutung téh loba tinggurayang. Aki Panyumpit kacida pisan bingungna. Keur kitu, bet ujug-ujug aya lutung hiji keur tinggurayang dina tangkal. Aki Panyumpit reuwas pacampur jeung atoh lantaran mun meunang éta lutung moal tulus ditugel janggana (diteuteuk beuheungna) téa. Bari jeung ngadégdég, ku Aki Panyumpit disumpitan, tapi teu daék waé beunang, sabab lutung téh bet bisa nyingcet jeung ngelok jiga manusa. Aki Panyumpit mungguh kagét manggihan lutung nu tapis nyingkahan paser. Leuwih kagét deui sanggeus ngadéngé lutung téh bisa gomong. Tétéla éta téh Lutung Kasarung téa. Lutung Kasarung ménta dibawa ku Aki Panyumpit sarta dipasrahkeun ka Purbararang di karaton.
Caritana Lutung Kasarung téh geus aya di karaton. Basa rék dipeuncit kacida linghasna, lulumpatan ngaruksak barang-barang nu aya di karaton. Antukna Purbararang nitah Léngsér sangkan mawa lutung ka Gunung Cupu pikeun maturan Purbasari.
Cocoba jeung dodoja ka Purbasari ku réka perdaya Purbararang kacida loba jeung héséna. Mimiti Purbasari dititah ngabendung Leuwi Sipatahunan dina waktu sapeuting, Purbasari bisa ngalaksanakeun panitah Purbararang. Terus Purbasari diajak paalus-alus ngahuma. Purbasari dititah ngahuma di tanah anggar sarta ngan dibéré pakarang kujang buntung. Tapi hasilna huma Purbasari leuwih alus batan huma Purbararang.
Purbararang henteu sugema ku ngadoja sakitu. Purbasari tuluy diajak paalus-alus ninun. Tétéla deui baé, hasilna leuwih alus beunang Purbasari. Terus diajak pageulis-geulis. Purbasari angger anu meunang. Ahirna nya diajak pakasép-kasép kabogoh. Lebah dieu Purbasari bingung, sabab kabogoh Purbararang téh sinatria gandang anu jenenganana Indrajaya. Ari kabogoh Purbasari apan lutung.
Ku sabab dianggap éléh téa, nya Purbasari kudu nandangkeun hukuman. Salian ti kudu masrahkeun karaton téh, kudu ditugel jangga deuih. Tapi barang Purbasari rék ditugel pisan, torojol aya satria gagah, leuwih kasép jeung gandang ti batan Indrajaya, nyampeurkeun sarta ngaku kabogoh Purbasari. Éta satria téh taya lian ti Lutung Kasarung anu geus salin rupa deui jadi Guru Minda.
Nénjo kaayaan kitu, Indrajaya panas. Terus narajang Guru Minda, der gelut. Indrajaya éléh jajaten ku éta satria gagah téa.
Ahirna Purbasari jeneng jadi raja di nagara Pasir Batang Anu Girang, dibarengan ku salakina. Ari dulur-dulurna dijadikeun pembantu-pembantuna. Iwal Purbaleuwih (pangais bungsu) anu sok nulungan Purbasari upama keur dikakaya ku dulur-dulurna nu séjén.

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "LUTUNG KASARUNG"

Post a Comment