Contoh Soal PAT Bahasa Sunda kelas 7 Semester 2 Bagian 1

carasunda.com-Contoh Soal PAT Bahasa Sunda kelas 7 Semester 2


Berikut ini kumpulan contoh soal Penilaian Akhir Tahun (PAT) mata pelajaran Bahasa Sunda kelas 7 semester 2.

Contoh Soal PAT mata pelajaran Bahasa Sunda pada semester 2 ini mengambil materi dari buku bahasa sunda Gapura Basa kelas 7.

Contoh soal PAT Bahasa Sunda kelas 7 berikut ini hanya digunakan sebagai referensi pembelajaran siswa.

Bagi para siswa sebaiknya membaca dan berlatih soal-soal sebelum melaksanakan PAT. Berlatih mengerjakan soal PAT Bahasa Sunda dapat mengukur kemampuan kita. Dengan demikian kita bisa tahu seberapa besar materi yang sudah dikuasai.

Dalam kumpulan soal penilaian akhir tahun (PAT) mata pelajaran Bahasa Sunda kelas 7 Semester 2 ini sudah dilengkapi kunci jawaban. Dengan demikian mengukur kemampuan belajar kita juga menjadi lebih mudah.

Berikut Contoh Soal PAT Bahasa Sunda kelas 7 Semester 2 :


Pilih salah sahiji jawaban nu pangbenerna ku cara nyakra (X) aksara a, b, c atawa d!

1. Muji ka Gusti anu dihaleuangkeun (dinadomkeun) disebut . . .

a. do’a b. nyanyi c.   kawih d. pupujian


Mugi Gusti ngahampura,

kana dosa jisim abdi,

sareng dosa ibu rama,

dulur muslimin-muslimat.


2. Pupujian di luhur eusina mangrupa . . .

a. muji ka Gusti Alloh c. ajaran agama

b. pépéling d. do’a jeung tobat ka Pangéran


Pépéling

Hayu geura saradia,

meungpeung keur hirup di dunya,

amal keur sampeureun téa,

di ahir moal sulaya.


Taya beurang taya peuting,

taya raja taya kuring,

di mana ajal geus sumping,

teu meunang témpo anaking


Horéng nyawa reujeung badan,

nu geus lila babarengan,

datang mangsa pipisahan,

paturay tineung amitan


3. Pupujian di luhur diwangun ku . . .

a. tilu  pada b. opat pada c. lima pada d. salapan pada


4. Maksud ungkara “taya beurang taya peuting, taya raja taya kuring” dina pupujian di luhur, nya éta . . 

a. maot téh geus puguh datangna ka rahayat biasa

b. raja mah pasti apaleun datangna iraha bakal maot

c. maot mah teu apal waktu sarta bisa saha waé

d. sakabéh jalma bakal maot iwal ti raja


5. Urang kudu daék ibadah, ambéh hirup tenang.

Kecap dina kalimah di luhur anu mangrupa serepan tina basa Arab, nya éta . . .

a. urang b. ibadah c. hirup d. tenang  


AKUR RUKUN

Urang hirup kudu akur

Wawuhan badan sakujur

Akur ka batur sasumur

Wawuh ka batur salembur


Kalakuan kudu jujur

Akur rukun jeung sadulur

Pageuh keupeul lega awur

Béréhan ka pada batur


Urang teu hirup sorangan

Mending loba babaturan

Jeung batur silih tulungan

Gotong royong sauyunan


6. Judul pupujian di luhur téh nya éta Akur Rukun.

Kecap akur sarua jeung kecap . . .

a. dosa b. muji c.   damai d.   adil


7. Amanat atawa eusi tina pupujian di luhur nya éta . . .

a. ngajak ibadah ka Allah c. ngajak hirup akur

b. ngajak babarengan d. ngajak paséa


“Saperti biasa Silvi indit ka sakola dianteurkeun ku bapana ka nu mobil. Di tengah jalan manéhna ningali babaturanana keur nunungtun sapédah. Bangun panasaran Silvi ménta eureun heula ka bapana laju nyampeurkeun babaturanana. 

"Udi, ku naon ditungtung sapédahna?" 

"Ieu kemps, bocor banna!" témbal Udi.

"Hayu angkat sareng Silvi waé ka nu mobil. Sapédahna lebetkeun ka mobil, ngké pami aya tukang tambal, urang tambal". Teu dililakeun, gancang sapédah diasupkeun ka nu mobil.“


8. Tina sempalan carita di luhur, nuduhkeun yén sikep Silvi téh sarua jeung rumpaka dina pada ka . . . 

a. 1 b. 2 c. 3 d. 4


Jonggrang Kalapitung panasaran, lauk naon anu nyanggut téh? Barang diilikan, horéng simanahoréng ukur lauk jelér. Asup kana ceuli hulu munding anu geus jadi tangkorék. Lantaran keuheul, éta jelér téh dibalangkeun, nya ragrag di Lembur Cilélé, Désa Cisarua, Jatiluhur. Tah, tempat ragragna jelér téh jadi émpang, anu nepi ka kiwari ku urang Cisarua mah disebut Kubang.


9. Tempat ragragna lauk jelér téh ku urang Cisarua mah sok disarebut …

a. balong b. kulah c. bendungan d. kubang


Ku lantaran teu meunang baé lauk gedé, lila-lila Jonggrang Kalapitung téh lapar. Karepna rék ménta tulung ka urang lembur, tapi geus euweuh saurang-saurang acan, lantaran kalabur sarieuneun nénjo Jonggrang Kalapitung ambek-ambekan. Nu aya téh ngan tangkal jéngkol. Kabeneran deuih buahna meuhpeuy leubeut. Henteu talangké, jéngkol téh dipupu, tuluy dikeremus sacanggeum-sacanggeum. Na atuh barang rék kiih bet ngarasa nyeri.


10. Panyakit anu disababkeun tina kalobaan ngadahar jengkol téh disebut …

a. maag b. diabétés c. jéngkoleun d. hiperténsi

Demikian Postingan kami tentang Contoh Soal PAT Bahasa Sunda kelas 7 Semester 2. Semoga kumpulan contoh soal Penilaian Akhir Tahun (PAT) mata pelajaran Bahasa Sunda kelas 7 semester 2 ini bermanfaat.  

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Contoh Soal PAT Bahasa Sunda kelas 7 Semester 2 Bagian 1"

Post a Comment