Soal Ujian PTS Bahasa Sunda Kurikulum 2013 Semester 2


Carasunda.com- Soal Ujian PTS Bahasa Sunda Kurikulum 2013 Semester 2


Apa kabar sobat carasunda.com? semoga kalian dalam keadaan sehat wal’afiat. Kali ini cara sunda akan memposting Soal Ujian PTS Bahasa Sunda Kurikulum 2013 Semester 2 untuk tingkatan SMA, SMK atau MA sederajat. Soal-soal Ujian PTS Bahasa Sunda ini merupakan prediksi dan latihan PTS semester genap tahun sekarang. Soal Ujian Bahasa Sunda SMA/SMK dan MA sederajat Semester 2 ini bisa kalian download secara gratis dari laman cara sunda.

Soal Ujian Bahasa Sunda Semester 2 ini merupakan soal latihan pendalaman materi Bahasa Sunda di SMK/SMA/MA. Soal Bahasa Sunda ini bisa kalian download sebagai bahan latihan guna menghadapi Ujian Penialain Tengah Semester (PTS) atau Ujian Tengah Semester (UTS)  Tahun Pelajaran 2021-2022.  

Dengan mempelajari Soal Ujian Bahasa Sunda ini diharapkan kompetensi kalian dalam bidang mata pelajaran Bahasa Sunda akan meningkat. Sehingga capaian nilai kalian akan lebih baik dari semester yang lalu.
Berikut ini contoh

Soal Ujian PTS Bahasa Sunda Kurikulum 2013 Semester 2 untuk tingkatan SMA, SMK atau MA sederajat.

Soal Ujian PTS Bahasa Sunda Kelas X

Pilih jawaban nu pang benerna ku cara nyakra (X) akasara A, B, C, D atawa E !

1.    
a.    pun bapa                    d. pun aki
b.    pun biang                    e. pun adi    
c.    pun mamah

2.    
a.    Abdi nuju ulangan                d. abdi nuju ujian
b.    Abdi nuju semésteran                e. abdi badé ujian
c.    Andi badé ulangan

3.    Aksara nu ngabogaan sora vokal dina aksara sunda disebut….
a.    Aksara ngalagena                d. aksara hirup
b.    Konsonan                     e. aksara pamaéh
c.    Aksara swara

4.    Aya sababaraha aksara anu ampir sarua, iwal….
a.    Ka jeung Sa                    d. Ha jeung Na
b.    Ba jeung Nya                    e. Pa jeung Fa
c.    Ja jeung Da

5.    Rarangkén anu gunana pikeun ngorabah vocal /a/ jadi /i/ nyaéta….
a.    Panghulu                    d. Panyiku
b.    Panyecek                    e. Pamepet
c.    Panyuku

6.    Panglayar gunana pikeun ….
a.    Nambahan konsonan /+r/, nulisna handapeun aksara dasar
b.    Nambahan konsonan /+r/, nulisna luhureun aksara dasar
c.    Nambahan konsonan /+r/, nulisna tukangeun aksara dasar
d.    Nambahan konsonan /+r/, nulisna hareupeun aksara dasar
e.    Nambahan konsonan /+h/, nulisna sajajar aksara dasar

7.    Rarangkén anu ditulisna handapeun aksara dasar nyaéta….
a.    Pangwisad                    d. Panolong
b.    Panéléng                    e. Panyecek
c.    Panyuku  
        
8.    Paneuleung méh sarua wangunna jeung….
a.    Panéléng                    d. Panyuku
b.    Pamepet                     e. Panghulu
c.    Panolong

9.    Dina kecap “sendal” rarangkén anu dipakéna nyaéta….
a.    Pamepet jeung pamaéh                d. Panyuku jeung pamaéh
b.    Panéléng jeung pamaéh                e. Pangwisad jeung pamaéh
c.    Paneuleung jeung pamaéh  

10.    Dina kecap “buah atah” rarangkén anu di pakena nyaéta….
a.    Panyuku jeung pamaéh                d. Panyuku jeung pamingkal
b.    Panyuku jeung panglayar            e. Panyuku jeung panyecek
c.    Panyuku jeung pangwisad

Uraian

1.    Robah kana aksara sunda kecap-kecap ieu di handap!
a.    Gondrong
b.    Bandring
c.    Dengkleung déngdék

2.    Tulis aksara swara dina aksara sunda!


3.    Terjemahkeun kana aksara latén!

4.    Sebutkeun guna/fungsi tina rarangkén-rarangkén ieu di handap !

a.    Pamaéh
b.    Panyecek
c.    Panghulu
d.    Pangwisad
e.    Pamingkal

5.    Robah kalimah di handap kana aksara sunda!
a.    Bandung nelah Kota Kembang.
b.    Alamna éndah hawana seger.
c.    Matak betah nu ngumbara.

Soal Ujian PTS Bahasa Sunda Kelas XI

Pilih jawaban nu pang benerna ku cara nyakra (X) akasara A, B, C, D atawa E !

1.    Warta anu ditulis dumasar kana … nu aya di lapangan.
a.    Rékaan                        d. Hayalan
b.    Carita                        e. Perkiraan
c.    Fakta
2.    Pangmiceunkeun tampolong.
Ungkara diluhur kaasup
a.    Paribasa                        d. Gaya Basa
b.    Babasan                        e. Cacadran
c.    Rakitan lantip
3.    Waditra seni Sunda nu dijieun tina awi kalawan cara ngamaénkeunana ditakol nyaéta….
a.    Angklung                        d. Tarawangsa
b.    Calung                        e. Kendang
c.    Suling
4.    Salahsahiji ciri anu aya dina hiji warta nyaéta...
a.    eusina mangrupa opini
b.    eusina mangrupa carita hayal tapi logis
c.    eusina mangrupa carita hayal anu pamohalan
d.    eusina dumasar kana data anu bener
e.    eusina dumasar kana sangkaan nu nulisna
5.    Warta nyaeta hartina sarua jeung...
a.    Beja                        d. Dongeng
b.    Prosa                        e. Carita fiksi
c.    Puisi
6.    5W+1H nyaéta rumusan atawa panduan anu biasa digunakeun dina nyieun hiji warta. Di handap ieu,  anu lain mangrupa unsur anu aya dina rumusan 5W+1H nyaéta...
a.    What                        d. How
b.    Who                        e. When
c.    With
7.    Anu teu kaasup basa rakitan lantif nyaéta….
a.    Isuk-isuk geus seungit nu meuleum sate
b.    Cing, Nyai pangasurkeun seuneu
c.    Mang Udin keur mangaritkeun domba
d.    Dirgahayu Kabupaten Majalengka
e.    Cing, jang pangmiceunkeun asbak
8.    Novél anu judulna “Baruang ka nu Ngarora” dikarang ku….
a.    Joehana                    d. M.A. Salmun
b.    D.K. Ardiwinata                e. Aam Amalia
c.    Moh. Ambri
9.    Novél “Agan Permas” karya Joehana medal dina taun…
a.    1923                    d. 1926
b.    1924                    e. 1927
c.    1925
10.    Di handap ieu judul-judul novél nu kungsi dileler hadiah sastra rancagé nyaéta, iwal….
a.    Galuring Gending                d. Pangantén
b.    Kembang-kembang Petingan        e. Rusiah Nu Goreng Patut
c.    Sandékala

Uraian
1.    Tulis hiji conto warta olah raga!
2.    Uraikeun unsur-unsur intrinsik novél!
3.    Jelaskeun struktur warta!
4.    Tulis kalimah tina kecap-kecap ieu di handap!
d.    Mapaés
e.    Balantik
f.    Mahabu
5.    Tulis 5 judul novél sunda jeung pangarangna!

Baca Carita Pantun ieu di handap sing daria, tuluy jawab soal-soalna!

CIUNG WANARA

Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita teh nyaeta Prabu Barma Wijaya Kusumah.Anjeuna gaduh permaisuri dua.Nu hiji Dewi Naga Ningrum anu ka dua Dewi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan.

Barang nepi kana waktosna, Dewi Pangrenyep ngalahirkeun budak lalaki kasep jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan tiharita Dewi Naga Ningrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Dewi Pangrenyep, orokna lalaki deuih. Tapi ku Dewi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi kasaolah-olah Dewi Naga Ningrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saestuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan citanduy.

Nyaho kaayaan kitu, sang Prabu kacida ambekna ka Dewi Naga Ningrum. Terus nitah ki Lengser supaya maehan Dewi Naga Ningrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pedah ngalahirkeun anak anjing. Dewi Naga Ningrum dibawa ku Lengser, tapi heunteu dipaéhan. Ku Lengser diselongkeun ka leuweung nu jauh ti Dayeuh Galuh.

Ari kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon tataheunan lauk aki jeung nini Balangantrang. Barang aki jeung nini Balangantrang neang tataheunana, kacida bungahna meunang kandaga téh. Leuwih – leuwih sanggeus nyaho yén dijerona aya orok lalaki anu mulus tur kasep. Gancang budak téh dirawu dipangku, dibawa kalemburna nyaeta lembur Geger Sunten sarta diaku anak.

Kacaritakeun budak téh geus gede. Tapi masih keneh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka leuweung jeung Aki balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana. Nanyakeun ka aki Balangantrang.
“Aki ari itu sato naon?”
 “Eta téh ngarana manuk Ciung Jang”.Tuluy budak téh nénjo monyet.
 “Ari nu itu naon aki”? Dijawab deui ku si aki.
 “Eta téh ngarana Wanara”. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy baé ménta       
supaya manehna dingaranan Ciung Wanara.
 “Mun kitu mah ngaran kuring teh Ciung Wanara bae atuh Ki !”.
 Aki jeung nini Balangantrang satuju.

Ayeuna Ciung Wanara geus jadi nu kasep sarta gagah pilih tanding. Ari endogna téa disileungleuman ku Naga Wiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.

Dina hiji poé, Ciung Wanara amitan ka aki jeung nini Balangantrang sabab rék nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngelek hayam jago téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Pura Wesi katut Patih Pura Gading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan prung waé hayam téh diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.

Ari Ciung Wanara papanggih jeung Lengser. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana make tandon. Lamun hayam Ciung Wanara éléh tandona nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun raja nu éléh tandona nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun jadi raja tur diaku anak.
Gapruk baé hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadeseh, terus kapaehan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi cibarani, dimandian nepi ka elingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu dating naga wiru ti gunung padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan naga wiru, hayam Ciung Wanara unggul, hayam raja éléh nepi ka paehna.

Luyu jeung jangjina, Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah, ari nagara nu sabeulah deui, beulah wetan, dibikeun ka Hariang Banga.

Ku kabinekasan ki lengser, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nyaéta Dewi Naga Ningrum. Lila-lila réka perdaya Dewi Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Dewi Pangrenyep téh  ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.

Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Dee….r atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila Hariang Banga téh kadeseh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka wetaneun Cipamali. Tah tiharita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari wetaneunana dicangking ku Hariang Banga.

1.    Di mana tempat kajadian carita Ciung Wanara téh? Saha Anu jadi rajana?
2.    Saha anu boga lampah cidra téh? Naon alesanana?
3.    Naon sababna Déwi Naganingrum diusir ti nagara? Kumaha deuih ari nasib orokna?
4.    Orok anu dipalidkeun téh kapanggih ku aki-aki jeung nini-nini. Saha ngaranna jeung di mana deuih lemburna?
5.    Nepi ka gedé nidak téh can boga ngaran. Kumaha asalna nepi ka boga ngaran Ciung wanara?
6.    Ciung Wanara boga hayam jago. Hayam ti mana éta téh?
7.    Sanggeus sawawa Ciung Wanara indit ka puseur dayeuh nagara. Naon maksudna?
8.    Cik caritakeun diaduna hayam Ciung Wanara jeung hayam raja!
9.    Naon taruhanana ngadu hayam téh?
10.    Kumaha bagian ahirna carita Pantun Ciung wanara téh?

11.    Jieun Kalimah anu ngandung gaya basa rarahulan tina ungkara di handap!
a.    Cita-citana ngawang-ngawang
b.    Kaduhung sagedé gunung
c.    Panonna bolotot sagedé jéngkol

12.    Tulis harti kecap-kecap ieu di handap!
a.    Tutug
b.    Munasabah
c.    Jinek

13.    Naon anu disebut :
a.    Artikel Déskripsi
b.    Artikel Persuasi
c.    Artikel Narasi

Demikian Soal Ujian PTS Bahasa Sunda Kurikulum 2013 Kelas Semester 2 untuk SMA/SMK dan MA yang merupakan prediksi Soal Ujian PTS Bahasa Sunda yang bisa saya informasikan, semoga bermanfaat dan membantu kalian yang membutuhkan. Selamat Belajar!



Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Soal Ujian PTS Bahasa Sunda Kurikulum 2013 Semester 2"

Post a Comment