Sisindiran Urang Sunda : Sésébréd atawa Banyol

Kaso pondok osok nyogok
Kaso panjang osok nyugak
Anu pondok jadi orok
Anu panjang jadi budak

Cau naon cau naon
cau kulutuk di huru
Bau naon bau naon
bau nu hitut di juru



Cikur jangkung jahé konéng
lampuyang pamura beuteung
Rarasaan jangkung konéng
puguh mah bureuteu hideung

Lima kirang tilu dua
nu ngitung tos bener deui
Waos tilu punglak dua
sisana tos ungger deui

Meuleum manggu tengah poé
dicokélan korek api
Malem minggu ninggang sué
diapélan aki-aki

Sada ketuk sada kenong
sada suling eujeung goong
Huntuna nyénghol katémbong
lamun ngomong bau jigong

Neng Lela adi neng Dora
Jalan-jalan ka Malongpong
Baheula nini téh ngora
ayeuna mah enggeus ompong

Cai mulang cai malik
cai ngocor ka astana
Panon burial buncelik
da kadempét étanana

Subscribe to receive free email updates:

15 Komentar untuk "Sisindiran Urang Sunda : Sésébréd atawa Banyol"

  1. Salawe di bagi lima
    Anak munding keur nyatuan
    Awewe jaman ayeuna
    Di rebonding loba kutuan

    ReplyDelete
  2. Salawe di bagi lima
    Anak munding keur nyatuan
    Awewe jaman ayeuna
    Rebonding loba kutuan

    hayang teuing angeun waluh
    angeun waluh di oncoman
    hayang teuing geura wawuh
    geus wawauh rek di oconan

    ReplyDelete
  3. Colenak enak dicocol
    Komo lamun tambah kalapa
    Beletak nu botak ditakol
    Poho lamun sirah mitoha

    ReplyDelete
  4. Boboko ragrag di imah
    Ninggang kana pileuiteun
    Mun bogoh montong ka sémah
    Ari anggang sok leungiteun

    ReplyDelete
  5. Wadah gabah meni balatak
    Kapaksa keur lapar
    Sanajan kibarjah botak
    Tapi seueur nu daftar

    ReplyDelete
  6. Di cihideung loba budak
    Tas tikampung burung limpung
    Kulit hideung make we dak
    Kawas sinduk nyiuk tipung

    ReplyDelete
  7. Kembang cula kembang tanjung kembang sagala domdoman
    rek sabulan rek sataun
    moal weleh diantosan

    ReplyDelete
  8. aya mobil warna silver
    mobilna keur ngala pare
    lamun maneh hayang pinter
    ulah loba teuing sare

    ReplyDelete
  9. aya roda na tanjakan
    katinggang kupangpung jengkol
    aya randa gogoakan
    katinggang kuhulu botol

    ReplyDelete
  10. kamana jalan ka jogja
    kaditu ka palih wetan
    kamana jalan ka surga
    kaditu kapangaosan

    ReplyDelete
  11. Boboko ragrag di imah
    Ninggang kana pileuiteun
    Mun bogoh montong ka sémah
    Ari anggang sok leungiteun

    ReplyDelete
  12. Salawe teh dualima
    Mobil sedan cet na hejo
    Awewe jaman ayena
    Bisa dandan teu bisa ngejo

    ReplyDelete
  13. malati kembang malati
    dipelakeun dina batu
    upami hoyong ka sim abdi
    dongkap wae ka buah batu

    ReplyDelete
  14. Tangkal hiris dibeungkeutan
    Dibawa ka pasir alit
    Nu geulis ngadeukeutan
    Hayangeun dibere duit

    Daun hiris daun sembung
    Dibeungkeutan keur ka bandung
    Omat geulis ulah pundung
    Mun akang kapaksa nyandung

    Kuring mah alim ka Bandung,
    hayang ka Sumedang bae,
    kuring mah alim dicandung,
    hayang ku sorangan bae

    ReplyDelete