Sisindiran Urang Majalengka


Jati tujuh panyingkiran
Teu ngaliwat ka Walanda
Hayu batur sisindiran
Sisindiran asli sunda

Kuring resep ka nyi randa
Nyi randa anu percéka
Kuring asli urang sunda
Urang sunda Majalengka

Kang Jaka keur ngieun gigih
Ngieun gigih jeung ceu Eti
Majalengka anu sugih
Sugih mukti ku pangarti

Tukang asong anu dugul
Katabrak nepi cilaka
Ti Cigasong nepi Munjul
Puseur dayeuh Majalengka

Ka leuwi ngala buaya
Diparaban daun lontar
Ti mana anjeun baraya
Sok nepangkeun na komentar

Subscribe to receive free email updates:

2 Komentar untuk "Sisindiran Urang Majalengka"

  1. Kamana jalan ka surga
    Ka ditu ka pangaosan
    Abdi mah urang Talaga
    Mangga linggih disntosan

    ReplyDelete
    Replies
    1. Ngala awi ka astana
      Bade masang umbul-umbul
      Talagana palih mana
      Abdi mah urang cingambul

      Delete