Wilujeng Sumping Selamat Datang

Si Kabayan Marak Lauk

Rebun-rebun si kabayan jeung mitohana geus nagog di sisi walungan. Teu kungsi lila burudul batur salemburna, maksud maranéhna téh rék marak walungan duméh bakal aya tamu agung ti dayeuh. Ari karesepna tamu téh, ceuk kokolot désa, nyaéta lauk ti walungan.
Paratamu dina poé ieu rék dibagéakeun pais nilem, goréng tawés, beuleum kancra jeung sambel jahé maké kécap. Mangkaning sanguna ogé ngahaja paré anyar, bodas tur pulen. Leuh, piraku wé para tamu henteu nimateun.
Anu keur méngkong walungan meuni garetol naker. Kitu deui si Kabayan gadag-gidig manggulan gebog cau jeung batu keur méngkolkeun jalanna cai. Haneut poyan ogé cai téh orot, lauk nu galedé témbong tinggudibeg. 
Si Kabayan rikat newakan lauk, kadewek meunang tawés sagedé tampah. Ngan barang rék diasupkeun kana korangna, kokolot ngagorowok, “Éta mah keur sémah, ulah dikanakorangkeun!”
Kedewek si Kabayan meunang deui nilem sagedé dampal leungeun. Ngan kakara ogé diacungkeun, kokolot geus ngagorowok deui, “Kabayan alungkeun kana cireung, keur sémah. Mangkaning kasedepna pisan pais nilem. Heug waé cingok jeung beunteur mah asupkeun kana korang.”
“Hadeuh ieu mah ngeunah éhé teu ngeunah éon atuh.... Kuring nu bobolokot, sémah anu ngeunahna, bari jeung teu milu capé...,” Si Kabayan gegelendeng dina haténa.
Sabot kokolot keur balangah, Si Kabayan meunang deui nilem meuni gedé naker. Teu loba catur deui, sup baé éta nilem téh ku manéhna diasupkeun kana korangna. Terus Si Kabayan hanjat bari ngomong ka mitohana yén manéhna rék ngadurukan. Rék meuleum betok rék dahar heula.
Brus nilem nu gedé téh diasupkeun kana durukan, terus si Kabayan muka timbel bekelna. Kakara ogé beuleum nilem béak sapotong, ana gorowok téh manéhna gegeroan ka mitohana.
“Abah, Abah, buru-buru ka dieu! Ieu kuring nyeri beuteung, peujit mani pupurilitan. Jeung teu puguh téténjoan!”
Mitohana reuwaseun ningali Si Kabayan adug-songkol, bari mencétan beuteungna.
“Haduh, haduh ieu beuteung kuring nyeri!” Ceuk si Kabayan bari panonna burial buncelik.
Urang lembur nu araya di dinya ribut, Si Kabayan diriung.
“Ku naon atuh? Ku naon? Nya dahar naon atuh  manéh téh?”
“Teuing, da barang am dahar beuleum nilem, ana purilit téh peujit kuring pupurilitan.
Téténjoan teu paruguh. Haduh, haduh, ieu kuring sieun paéh! Lauk téh meureun aya racunan...” Nu araya nénjo beuleum lauk anu kari sapotong.
“Boa enya laukna aya racunan. Meureun di tonggoh aya nu keur nua ku tua leteng,” ceuk nu ngarariung Si Kabayan.
Si Kabayan terus-terusan adug lajer, nangkuban bari nungkup beungeutna. Lok, elak-elakanana dirojok ku curukna. Euweuh nu nangénan. Na ari borolo téh utah babalongkéngan.
“Enya, ieu mah karacunan. Geuning tuh utah-utahan,” ceuk kokolot, “Eureun wé euy, urang pindah ka béh tonggoh nu jauh ti lembur. Meungpeung isuk kénéh. Leupaskeun deui wé lauk nu dina cireung mah! Untung ninggang di Si Kabayan, kumaha teuing lamun sémah ti dayeuh nu karacunan...” Ceuk kokolot deui.
Lauk dina cireung anu loba tur galedé téh diborolokeun deui ka cai. Bring nu marak parindah. Kari Si Kabayan wé di sisi cai, ditungguan ku mitohana.
Barang nu mararak geus euweuh, kuniang Si Kabayan hudang, tuluy ngajleng ka tengah walungan nu caina orot kénéh dan puguh can dibedahkeun, lauk-laukna patinggudibeg kénéh.
“Abah! buru-buru téwakan! Bisi urang lembur baralik deui.”
Atuh mitohana ngan olohok baé, “Kabayan! Manéh téh geus cageur?”
“Har...da teu nanaon kuring mah ti tadi ogé. Keuheul tuda, Meunang nilem keur sémah, Néwak tawés keur sémah. Kancra kasedepna sémah. Ari keur urang nu capé tur bobolokotna, ngan ukur bogo, beunteur jeung betok,” Ceuk Si Kabayan nyéréngéh bari milihan lauk nu galedéna, terus digémbol ku sarungna. Manéhna jeung mitohana mah teu milu ka tonggoh jeung nu séjén.
“Enggeus waé, Bah, bisi teu kadahar!” Ceuk Si Kabayan ka mitohana, bari ngagandong lauk kusarungna ngajak balik mitohana.

Dicutat tina Buku : Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VII


Subscribe to receive free email updates:

2 Komentar untuk "Si Kabayan Marak Lauk"