Barudak diajar sisindiran

Saur pa guru : Ngawuluku ngawalajar
kudu dibaladah heula
dina waktu rék diajar
hayu ngadaro’a heula….

Ulah loba dahar peuteuy
ngala awi ngan sabuku
barudak ulah hareureuy
sok geura baruka buku


Ceuk Opi : Meuli manuk ka Lodaya
Manukna manuk titiran
kamari abdi sadaya
dialajar sisindiran.

Titiran eunteup ngajajar
bangkuang palid ka sisi
sisindiran opat jajar
aya cangkang aya eusi.

Saur Pa guru : Ka leuweung néwak titiran
Ditukeran ku kalapa
budak pinter sisindiran
éta pasti murid bapa

Ceuk Ridwan mairan : Ka warung mésér saledri
salah jalan kalah muter
bapa ulah muji Indri
abdi gé da sami pinter.

Pa Guru : Kudu getol neukteuk kuku
ngarah pinter oge kasep
kudu getol maca buku
ngarah pinter jiga Usep.

Ngala kalapa keur hajat
Hajatanna di ciater
Murid bapa pasti hébat
Nyabalageur nyapalinter

Neng Eni mairan : Jalan-jalan ka ciater
Disarengan ku bu Lilis
Abdi mah sanés mung pinter
katambihan ogé geulis

Saur pa Guru : Isuk-isuk ngala hiris
Dituangna sareng jaat
Murid bapak memang geulis
Pinter ngaji rajin sholat

Ajeng oge ngiring nyarios : Haur Geulis linggar jati
Mésér ayakan jeung nyiru
Urang kudu pinter ngaji
Tah dangukeun bapa Guru

Si Budi teu cicingeun manehna milu mairan : Sanaos ka Haur geulis
Abdi mah resep ka Cina
Sanaos Néng Eni geulis
Abdi mah resep ka Ira

Mandi isuk rada beurang
Tampian jalanna nanjak
Abdi atos terus terang
Badé ditampi, ditolak?

Tah ieu mah ceuk si Anggun Jeng Nisa : ulah ngala cocongoan
Bisi ruksak tangkal manggu
Ulah waka bogohan
Bisi sakola kaganggu

Si Budi gancang nempas : Tangkal awi tangkal randu
Jaradi handapeun peuteuy
Wargi-wargi ulah bendu
Abdi mah mung ukur heureuy

Si Cahya milu nyarita : Budi resep dahar peuteuy
Ngan sapérak sakilona
Budi mémang resep heureuy
Nu matak awét jomlona

Si Adit mairan : Meuli pedes ngan sakilo
Diwadahan ku Si bayu
Budi mah da sanés jomlo
Ngan sakadar henteu payu

Budi nembalan : meuli cingcin jeung Néng Ayu
dahar nangka jeung si Johan
abdi mah lain teu payu
moal waka bobogohan

Subscribe to receive free email updates:

10 Komentar untuk "Barudak diajar sisindiran"

  1. pa guru :
    cau naon cau naon
    cau kulutub dijuru
    bau naon bau naon
    bau hitut nu di juru
    Ai nurkholipah :
    cau naon cau naon
    cau ambon anu tutung
    bau naon bau naon
    bau hitut nu burung

    ReplyDelete
  2. Ayeuna indit ka Bandung
    Ku sabab nini di rawat
    Kudu meunang ridho indung
    Beh bungah dunya aherat

    ReplyDelete
  3. Ningal langit tina kaca
    Katingal tangkal cangkudu
    Kudu daraek maraca
    Ambeh tereh meunang elmu

    ReplyDelete
  4. Wadah leueuteun nu gede
    Si Rina geus boga calon
    Wangsalna:galon

    ReplyDelete
  5. Wadah leueuteun nu gede
    Si Rina geus boga calon
    Wangsalna:galon

    ReplyDelete
  6. Kamana jalan ka jogja
    Kaditu ka palih wetan
    Kamana jalan ka surga
    Kaditu kapangaosan
    XIITSM

    ReplyDelete
  7. Jalan-jalan kamasigit
    Balikna meuli capitan
    Jadi jalma ulah pedit
    Liang kubur disempitan

    ReplyDelete
  8. Lamun hayang anak soleh
    Urang kudu nutup orat
    Lamun baju ulah soeh
    Urang jaga diakherat

    ReplyDelete
  9. Jalan-jalan ka Talaga
    Balikna meuli japati
    Lamun hayang asup surga
    Jauhan larangan gusti

    ReplyDelete
  10. Sora hayam kongkorongok
    Ciri peuting geus berang
    Budak teh babari borok
    Kaluar ge meuni jarang

    ReplyDelete