Wilujeng Sumping Selamat Datang

Sakadang Beurit Telenges



Hiji mangsa sakadang puyuh kacida sediheunnana, sabab anakna sadua-dua anu karek gumuling teu aya dina sayangna. Padahal can lila diparaban. Sabot indung jeung bapak puyuh ka luar tina sayang rek neangan hakaneun keur anakna, ari balik anakna geus teu aya. Nu aya teh  ngan ukur getih ucrat-acret. Puyuh curiga ka beurit, sabab cenah geus lila Si Monyong teh  ulal-elol kawas nu keur ngintip. Malah puyuh meunang beja ti cangehgar nu tara bohong, cenah enya nangenan beurit  ka luar tina sayang puyuh bari sungutna pinuh ku getih. Cangehgar teu bisa nulungan da si Monyong kaburu kabur.

Bakat ku ngenes harita keneh puyuh jalu jeung bikang indit ka sayang alap-alap. Barang geus panggih derekdek puyuh jalu nyaritakeun kasedih hatena.

Alap-alap nyanggupan mangnaurkeun kasedih puyuh, cenah si monyong rek dijejewet.

Ti harita alap-alap sok nyumput dina tangkal teureup, panonna mah teu weleh gular giler ka handap nempoan sugan beurit tea ka luar tina sayangna. Kungsi sakali mah alap-alap nyamber si monyong. Ngan nu disamber rikat nyumput kana sayangna handapeun tunggul. Ti harita nu diincer ku alap-alap teh  teu ka luar deui.

Ari beurit sanggeus rumasa boga dosa ngahakan anak puyuh, bari dirina ngarasa diancam ku alap-alap, dina hiji peuting kabur. Ngan di perjalanan nyorang wahangan. Manehna teu biasaeun meuntas. Keur huleng jentul di sisi wahangan naha atuh ari gajlok teh  bangkong hejo ka hareupeun nana. Puguh we beurit teh  kacida reuwaseunana, disangkana alap-alap ngudag, Ceuk beurit, “Alah sampean mah ngareureuwas!” .

“Naha make reuwas sakadang beurit, kawas boga dosa!” ceuk bangkong. “Rek kamana ieu teh  wayah kieu geus aya di dieu?” ceuk bangkong deui.

Ngadenge omongan bangkong kitu teh beurit balaham-belehem asa kasindiran. Tungtungna mah beurit waleh hayang dipangmeuntaskeun, sabab cenah aya perlu ka beulah ditu. Bangkong nyanggupan ngan cenah kudu isuk dimana geus caang, sabab harita mah poek keneh.

Isukna bangkong nalian suku beurit beulah hareup. Tungtung tali nu sabeulahna deui ditalikeun kana sukuna beulah tukang. Geus kitu gajlok bangkong ka wahangan atuh beurit kagugusur. Ti dinya mah soloyong we bangkong ngojay ka tengah wahangan. Puguh we bangkong beurateun biasana ngojay sorangan ari harita kudu meuntaskeun beurit.

Barang nepi ka tengah-tengah wahangan, bangkong teh  hayang  ngaheureuykeun beurit. Ti dinya bangkong teh teuleum ka dasar wahangan. Atuh beurit ka bawa. Beurit gogorowokan embung di bawa teuteuleuman da cenah eungap. Tapi ku bangkong teu didenge, lep teuleum deui. Ku sabab sababaraha kali di bawa teuleum, tungtungna mah beurit nepi ka hanteuna, paeh. Geus kitu mah bangkong seuri bari ambang-ambangan.

Keur kitu teu kanyahoan ti tadina, kalayang alap-alap nu ngincer beurit ti kamari, seot nyamber beurit nu geus jadi bangke, ber dibawa hiber ka awang-awang. Atuh bangkong ge ka bawa, roroesan paureum, da tara biasa ngapung.

Mokaha we poe harita alap-alap meunang kauntungan. Sanggeus meakeun beurit nu sakitu lintuhna, bibilasna ku bangkong hejo.

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Sakadang Beurit Telenges"

Post a Comment