Wilujeng Sumping Selamat Datang

Domba Ajaib



Baheula, di hiji kampung aya saurang budak lalaki. Égon ngaran éta budak téh. Hanjakal éta budak téh kacida malesna sarta sok ngalawan ka nu jadi indung. Kalakuan séjénna anu goréng téh nyaéta resep pisan ngadukeun domba.
Dina hiji poé, Égon indit bari nungtun domba jaluna anu begang lantaran teu diurus muru ka tegalan paranti manéhna ngadukeun domba.
“Héy, Ro. Yu urang adukeun deui domba téh,” ceuk Egon ka Suhro nu geus nyampak di éta tempat.
“Ké heula atuh Gon, domba kuring mah can seubeuheun nyatuan,” jawab Suhro.
“Alaaah....teu pira ogé sato atuh, Ro. Keur naon dipikanyaah ogé, domba mah moal ngartieun ieuh!”
“Enya ari moal ngartieun téa mah, tapi sarua baé jeung urang hayangeun baranghakan.”
“Bener, Ro. Sok lah geura prung adukeun, ngarah ramé yeuh!” ceuk Si Aron ngahatéan.
Ahirna Suhro éléh déét. Domba maranéhna nu can seubeuh nyatuan téh dipaksa sangkan diadu.
Beletak...beletak...sora tanduk diadu matak linu kadéngéna. Suhro, Égon jeung Aron mah teu boga kapaur sok komo karunya. Maranéhna anggur ting aréngklak bari sareuri suka pisan ningali domba nu keur silih teunggar téh.
Lila ogé diaduna éta domba téh. Ahirna domba Égon béakeun tanaga, tuluy lumpat ngajauhan domba Suhro. Suhro jeung Aron ngékéak Égon nu lumpat ngudag dombana anu lumpat kana rungkun.
“Héy ! Néangan saha manéh ?” teu kanyahoan aya nu nyentak ka Égon. Égon ngalieuk ka lebah datangna éta sora. Gebeg manéhna ngarénjag, sabab nempo hiji lalaki sembada sarta beungeutna perenges pikasieuneun.
“Héh ! Budak kedul, tukang ngalawan ka kolot, manéh teu boga rasa jeung kanyaah ka sasama mahluk. Leuwih hadé jadi domba anu goréng rupa!” ceuk éta lalaki bari molotot ka Egon.
Ajaib. Dadak sakala awak Égon robah jadi anak domba. Barang sadar kana éta kajadian, ngan segruk baé manéhna ceurik jejeritan.
“Ampun.... tulung... kuring embung jadi domba. Pa, robah deui kuring jadi jelema ! ceuk Égon ngalengis matak ngahelas.
Jebrod...jebrod... ! Awak Égon nu geus jadi domba téh dipecutan tarik naker ku rangrang garing. Egon ceurik bari ampun-ampunan bakating ku nyeri. “Pa, ampun...Pa. Kuring moal rék ngalakukeun deui kagoréngan. Kuring jangji rék jadi budak nu nurut ka kolot sarta moal ngadukeun deui domba !”
“Heug ari kitu mah, tapi inget lamun jalir jangji, manéh bakal robah jadi anak domba saperti ayeuna !”
Sanggeus kitu, les éta lalaki leungit robah jadi domba Égon anu begang. Égon ogé robah deui ka asal.
Ti harita Égon jadi budak nu soléh, nurut ka indung hadé haté. Malah jadi nyaaheun pisan ka sato piaraanana.

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Domba Ajaib"

Post a Comment