Sisindiran Barudak Ngora


Meuli baju dua kodi
Digantungkeun hiji-hiji
Tuh tingal kabogoh abdi
Keur geulis téh pinter ngaji

Jalan-jalan ka sangiang
Marab lauk di situna
Hujan-hujan gé di téang
Hayang panggih jeung manéhna


Bubuy bulan sangray béntang
Panon poé disasaté
Unggal bulan urang tepang
Unggal poé ogé hadé

Melak kangkung di Talaga
Dialaan nu kolotna
Teu ayeuna sugan jaga
Pinanggih sareng jodona

Daun pulus dihiriban
Kihiyang dijieun papan
Lamun tulus rarabian
Hayang pisan kanu mapan



Subscribe to receive free email updates:

17 Komentar untuk "Sisindiran Barudak Ngora"

  1. Kahayang murak tutut
    Murak tutut tutut alit
    Kahayang kudu diturut
    Teu diturut dulat delit

    ReplyDelete
  2. Nu keselna ditinggalkeun
    Nu sabarna rela antri
    Nu heubeulna ditinggalkeun
    Nu anyarna nganyenyeri

    ReplyDelete
  3. Sore na kadenge adan
    Hayu urang ka mesjid
    Wilujeng siang mang dadan
    Anu kacida jiga wajit

    ReplyDelete
  4. Lamun jadi ka ciater
    Ulah poho ka karcisna
    Lamun jadi jalma pinter
    Ulah poho ka guru na

    ReplyDelete
  5. Kaci batu jeung si asep
    Balikna mah ka mang didi
    Saha itu anu kasep
    Sing horeng kabogoh abdi

    ReplyDelete
  6. Ngala lauk Ka kancana
    Balikna jalan cigede
    Hanteu jadi Ka lanceukna
    Ka adi na oge hade

    ReplyDelete
  7. Jalan-jalan mawa kujang
    Mawa kopeah jeung sarung
    Urang Asli Ti wangkelang
    Anu sholeh Teu Kaitung

    ReplyDelete
  8. Meuli Daging ka cianda
    Meuli nateh jeung si Jaja
    Hayang teh menangkeun randa
    Ambeh hirup beuki bagja

    ReplyDelete
  9. Acis abi atos seep
    Di angge piknik ka candi
    Kahayag kanu kasep
    Pagawean tara mandi

    ReplyDelete
  10. Meuli daging ka India
    Balikna ka singaparna
    Judang jeding awewena
    Hayangeun eusi calana

    ReplyDelete
  11. Momotoran sisi jalan
    Balik na ka singaparna
    Lamun hayang ka parawan
    Kudu daek ngajagana

    ReplyDelete
  12. Lamun erek ngala suluh
    Kudu daek narokanna
    Lamun hayang slih wawuh
    Kudu daek kenalanna

    ReplyDelete
  13. Jalan-jalan ka cigugur
    nincak batu tigeujeubur
    diobatan ku bajigur
    diambeuan bau cikur

    ReplyDelete
  14. Ka cikijing meuli piring
    balikna mawa jawadah
    mun hayang menangkeun kuring
    kudu daekan ibadah

    ReplyDelete
  15. Mun hayang ka sindangpanji
    kudu daek ngajugjugna
    lamun hayang bisa ngaji
    kudu daek ka tajugna

    ReplyDelete
  16. Tangkal hiris dibengkeutan
    Di bawa ka pasir alit
    Nu geulis ngadeukeutan
    Hayangeun di bere duit

    ReplyDelete
  17. Meulak saledri jeung kangking
    Tangkal na dua ngahiji
    Loba istri ditariung
    Ngan hanjakal Teu bisa ngaji

    ReplyDelete