Sisindiran Warga Darussalam

Meuli obat ka Walanda
Heug diinum ngarah cageur
Saha guru basa sunda
Keur kasép téh meuni bageur

Septémber bulan Agustus
Ka Jakarta sareng Éni
Anu janggotan Pa Agus
Anu karangan Bu Yéni

Saninten buah saninten
Dialaan ku mang Diran
Hapunten abdi hapunten
Mung saukur sisindiran

Ka Cirebon meuli empal
Ditumpangan daun salam
Barudak saha nu apal
Nu geulis di Darussalam

Sahanya anu geulis di Darussalam téh?
Keur geulis téh balageur pisan deui. Duh matak resep ningalina.

Ka Bogor meuli sekuteng
Diawuran daun salam
Saha itu anu ganteng
Murid-murid Darussalam

Keur ganteng téh palalinter deui. Amiin! 
Barudak yeuh pirengkeun piwuruk tinu jadi guru!

Cét témbok meuli di toko,
Sééng nyéngsréng kasaatan.
Ulah sok beuki ngaroko,
Goréng kana kaséhatan

Samangka melak di tonggoh,
Melak pala di nu bala.
Tong waka boga kabogoh,
Sakola tamatkeun heula

Ka lapang rék langlayangan
Dibekelan sangu aron
Lamun  hidep  keur ulangan
Ulah  osok bari niron




Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Sisindiran Warga Darussalam"

Post a Comment