Sisindiran Piwuruk

Tibatan néang kang dadang
Mending gé néang paraji
Tibatan ulin bagadang
Mending gé diajar ngaji

Aya bola dina pager
Ditalikeun na bukuna
Mun sakola hayang pinter
Kudu getol diajarna

Ulah sok meulian lilin
Mending gé meuli pacar
Ulah ngalobakeun ulin
Mending gé getol diajar

Lamun hayang ngieun pager
Kudu daék mawa paku
Lamun hayang jadi pinter
Kudu daék maca buku

Mawa japati ditanggung
Mawana dina karanjang
Pangarti teu beurat naggung
Tapi mangpaatna manjang

Bubur lemu ti bi Wawa
Ditumpangan jambu medé
Elmu teu beurat mawa
Tapi mangpaatna gedé

Subscribe to receive free email updates:

1 Komentar untuk "Sisindiran Piwuruk"

  1. Ka cirebon jeung mang uceh
    Ulin hela ka pameran
    Lamun jadi jalma soleh
    Kudu taat ka pangeran

    ReplyDelete