Wilujeng Sumping Selamat Datang

Putri Uyah

Jaman baheula aya Raja Sepuh nu kacida welas asihna ka pala putrana. Ari putrana aya tilu, kabéhanana ogé awéwé. Hiji mangsa, Raja ngangkir putra-putrana sina ngariung, masamoan di karaton jeung kulawadetna. Ku Raja éta anak-anakna téh rék ditanya soal kanyaahna ka manéhna.

Sanggeus kabéh ngariung, Raja mimiti nanya ka anak-anakna saurang-saaurang. Mimitina nu ditanya téh anakna nu bungsu.

Ceuk Raja, “Nyai, cing nyarita. Sakumaha kanyaah Nyai ka Ama téh?”

Putri bungsu ngajawab, “Ah, Ama. Kanyaah abdi ka Ama euweuh babandinganana.”

“Ih, sebutkeun wé siga kumaha kanyaah Nyai ka Ama téh, ulah asaasa.”

“Dina aya babandinganana ogé, tangtu éta babandingan téh moal bisa nandingan kanyaah abdi ka Ama.”


“Teu lumrah, piraku teu bisa dibandingkeun jeung nanaon mah,” témbal Raja.

Putri Bungsu ngahuleng. Heuleut sajongjongan, pok manéhna nyarita deui. “Kieu waé atuh Ama. Upami keukeuh kedah aya babandinganana, kanyaah abdi ka Ama téh lir ibarat kanyaah abdi ka panon abdi nyalira.”

“Tah, sukur atuh. Nuhun, katarimakeun pisan kanyaah Nyai ka Ama téh,” ceuk Raja.

Rét Raja ka Putri Pangais Bungsu. Tuluy sarua ditanya soal kanyaahna ka manéhna.

Témbal Putri Pangais Bungsu, “Kanyaah abdi ka Ama, sapertos kanyaah abdi ka panangan abdi nyalira.”

Raja imut, ngarasa sugema ku jawaban anakna nu pangais bungsu. Tuluy rét deui manéhna ka Putri Cikal, sarta tuluy nepikeun deui pertanyaan siga tadi, nanyakeun sakumaha gedéna kanyaah Putri Cikal ka manéhna.

Ari ceuk Putri Cikal, “Kanyaah abdi ka Ama, teu bénten sareng uyah....”

Barang ngadéngé éta omongan, Raja reuwas kacida, sarta langsung némpas omongan Putri Cikal, “Aéh-aéh, Nyai. Henteu salah éta téh? Piraku nyaruakeun Ama jeung uyah, teu siga adi-adi manéh. Naha euweuh deui keur babandinganana?”

“Sumuhun, teu aya deui. Éta gé kénging abdi mikir lami pisan,” témbal Putri Cikal.

Raja tuluy benduna, nyarékan Putri Cikal laklak dasar, nepi ka Putri Cikal téh diusir ti karaton, lantaran dianggap teu bisa mulang tarima ka kolot sorangan. Dihalang-halang ku Praméswari ogé, Raja keukeuh teu mikeun Putri Cikal cicing di karaton, sarta nitah gandékna sina mawa Putri Cikal ka leuweung.

Putri Cikal dianteur ku gandék indit ka leuweung. Sajajalan gawéna ngan ceurik baé, inget ka ibu ramana, tur teu nyangka ramana nu welas asih téga ngusir manéhna, sina hirup sosoranganan di leuweung. Sanggeus nepi ka tengah leuweung, Putri Cikal ditinggalkeun, apruk-aprukan sakaparan-paran. Daharna ukur bongborosan nu kapanggih dijajalaneun. Mun peuting naék kana tangkal, nyelapkeun manéh dina dahan kai, da bisi diganggu ku sato galak.

Hiji mangsa Putri Cikal nempo aya cahaya nyay-nyayan di jauhna. Geuwat ku manéhna diburu. Horéng éta cahaya téh datangna ti saung leutik di tengah leuweung téa. Geuwat Putri Cikal keketrok, maksud hayang milu ngarereb di jero saung.

Barang pantona muka, horéng pribumi anu boga saung téh jajaka anu rupana kasép kacida. Puguh Putri Cikal kacida reuwasna. Sanggeus mancakaki, horéng éta jajaka téh sarua anak raja nu nasibna ogé sarua jeung Putri Cikal, diusir ti karaton. Antukna Putri Cikal jeung éta Jajaka hirup bareng ngababakan, nepi ka rarabina.

Kacaturkeun, Raja ramana Putri Cikal téa, ngersakeun indit ka leuweung arék bubujeng. Inditna dibarengan ku sababaraha urang pangawal. Asruk-asrukanana jarambah pisan, nepi ka raja téh kasarung di tengah leuweung teu manggihan jalan balik.

Sanggeus ka ditu ka dieu teu manggih jalan, Raja jeung rombonganan nempo aya babakan di tengah leuweung. Geuwat bae disampeurkeun, da puguh poé beuki nyedek ka burit. Maksud Raja téh rék milu ngarereb di éta saung. Saenyana, éta babakan téh milik Putri Cikal jeung carogéna téa.

Rombongan téh ku Putri Cikal dijamu sakumaha mistina ka Raja. Diperenahkeun kulemna, disayagikeun tuang leueutna. Ngan barang keur dahar, Raja téh siga nu kurang mirasa. Ku Putri Cikal geuwat ditanya, “Gusti, ku naon tuang sapertos teu mirasa?”

Témbal Raja, “Pelemna mah pelem tuangeun salira téh Nyai. Mung asa teu karaos uyahna ieu téh.”

Putri Cikal nyarita deui bari imut, “Hapunten abdi, Gusti. Ngahaja ku abdi téh sadaya katuangan teu diuyahan, kumargi abdi terang pisan pangersa Gusti henteu resep kana uyah.”

Ngadéngé éta caritaan, Raja ngahuleng sajongjongan. Ras anjeunna inget ka Putri Cikal nu baheula diusir ti karaton, lantaran nyaruakeun kanyaahna kana uyah. Raja tuluy nelek-nelek beungeut pribumi nu awéwé. Ana gebeg téh, teu sak deui. Awéwé pribumi nu keur ngaladénan manéhna téh horéng Putri Cikal nu salila ieu nandangan kasangsaraan di leuweung alatan diusir ku manéhna.

Raja teu kawawa nangis sarta tuluy ngarangkul Putri Cikal, bari pokna, “Aduh Nyai, hampura Ama. Ayeuna mah kahartos ku naon Nyai ngabandingkeun kanyaah Nyai ka Ama téh sapertos uyah. Ama geus lepat ngahartikeunana. Ti semet ayeuna, Nyai ulah leuleuweungan deui. Hayu milu balik jeung Ama, cicing di karaton deui sareng carogé Nyai.”

Isukna, rombongan Raja, dibarengan ku Putri Cikal jeung carogéna, mulang ka karaton. Di karaton diayakeun hajat gedé, mapag Putri Cikal sakalian ngistrénan carogéna janten raja, ngagentos ramana nu tos sepuh.



Dicutat tina : Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Putri Uyah"

Post a Comment