Sisindiran Rarakitan

Foto : sisindiransunda.wordpress.com

Hayang ulin ka mang Diran
Hanjakal poho imahna
Hayang nyieun sisindiran
Hanjakal telat mikirna

Aya santri di masigit
Hanjakal  butut bajuna
Aya istri jangkung alit
Hanjakal bau badanna




Kuring hayang  rujak hiris
Teu bisa ngasakanana
Kuring hayang kanu geulis
Teu bisa ngakalanana

Sok hayang ngilu ngaronda
Sok hayang nyaho tirisna
Sok hayang heurey jeng randa
Sok hayang nyaho geulisna






Subscribe to receive free email updates:

5 Komentar untuk "Sisindiran Rarakitan"

  1. Cau naon cau naon
    Cau kulutuk dihuru
    Bau naon bau naon
    Bau hitut nu di juru

    ReplyDelete
  2. Lamun hayang menang manggis
    Kudu daek ka paraji
    Lamun hayangna nu geulis
    Kudu daek bisa ngaji

    ReplyDelete
  3. Meuli botol jeung sajadah
    Ngala rangrang ka Talaga
    Kudu getol aribadah
    Ngarah urang asup surga

    ReplyDelete
  4. Ka cikijing meuli panci
    Duitna teh hanteu mahi
    Lalaki kudu ngalarti
    Ongkos dapur leuwih tinggi

    ReplyDelete
  5. Iis Liani
    X Tkj

    Meuli cau kasi umi
    Ai pohoeun duitna
    Meuli cau kasi sisi
    Ai pohoeun barangna

    ReplyDelete