Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 11 Terbaru

carasunda.com- Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 11 Terbaru

Berikut ini Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 11 terbaru semester 2.

Soal PAT Mata Pelajaran Bahasa Sunda Kelas 11 pada semester 2 ini, materinya diambil dari buku bahasa sunda Gapura Basa kelas 11.

Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 11 ini hanya digunakan sebagai referensi pembelajaran siswa. Atau bahan Latihan para siswa atau rujukan para bapak dan ibu guru Bahasa Sunda dalam Menyusun soal PAT Bahasa Sunda kelas 11.

Bagi para siswa, dengan membaca dan berlatih soal-soal sebelum melaksanakan PAT sangat bermanfaat. Berlatih mengerjakan soal PAT Bahasa Sunda dapat mengukur kemampuan para siswa sejauh mana penguasaan materi semester 2 ini yang sudah dikuasai. 

Dalam Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 11 Semester 2 ini belum dilengkapi kunci jawabannya. Untuk mencari kunci jawaban dan pembahasannya kamu bisa membuka buku gapura basa sunda kelas 11 yang ada di sekolah kamu atau buku bahasa sunda lainnya.

Berikut Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 11 Terbaru :

Mobil pick up anu ditumpakan ku karyawan pabrik aci tabrakan jeung beus Hébring di Sadang, kamari soré (12/2). Akibatna lima karyawan pabrik aci tatu parna sarta kudu dibawa ka Rumah Sakit Bayu Asih Purwakarta.

1. Dina warta urang mikawanoh unsur  5 W + 1 H. Unsur warta anu nuduhkeun tempat (where) dina sempalan warta di luhur nya éta …

A. Mobil pick up

B. Kamari soré

C. Di Sadang

D. Karyawan pabrik aci

E. Tabrakan


2. Baca teks biografi di handap!

Biografi Ridwan Kamil

Mochamad Ridwan Kamil, S.T, M.U.D leuwih dipikawanoh ku jujuluk Kang Emil; gumelar di Bandung, Jawa Barat, 4 Oktober 1971, Anjeuna putra kadua ti lima sadudulur ti pasangan Bapa Atje Misbach Muhjiddin sareng Ibu Tjutju Sukaesih. Emil atawa Ridwan Kamil sabenerna resep pisan nyawang ti leuleutik. Anjeuna resep maca komik jeung ningalian foto-foto kota ti mancanagara. Kanggo riwayat atikana Ridwan Kamil sakola di SDN Banjarsari III, SMPN 2 Bandung, tur SMAN 3 Bandung. Sabada SMA Ridwan Kamil ngalajengkeun Kuliah di ITB jurusan Teknik Arsitektur,Emil salila kuliah kawilang aktif dina organisasi-organisasi nu aya di kampusna. Emill gé sumanget pisan dina widang kawirausahaan pikeun néangan dana tambahan keur kuliah, manéhna nyieun ilustrasi ogé makét pikeun dosén. Sabada lulus Emil damel di Amerika Serikat, ngan sabada aya krisis monéter di Indonesia nu ngabalukarkeun kliena teu mayar hasil gawéna. Tapi sabada kajadian éta Emil teu langsung wangsul ka Indonesia, anjeuna milih netep di Amerika dugi ka ngalaman kasusah ngan tiasa tuang sakali dina sadinten. Anjeuna kenging beasiswa di University of California, Berkeley.Salami nyandak kuliah S2 Emil damel di Departemen Perencanaan Kota Berkeley. Pikeun biaya hirupna, ujianna teu ngan saukur éta, nalika Emil kudu nyanghareupan Atalia Praratya (Istrina) badé ngababarkeun putra kahijina anjeuna bingung sabab teu kagungan waragad kanggo proses babaranna, anjeuna dugi ka ngaku miskin ka pamaréntah satempat pikeun kénging pengobatan gratis. Pangalaman éta janten ajén-ajén pribadi nu ngajadikeun Emil kuat dina mayunan kahirupan.

Sabada ngaréngsékeun kuliah Emil mulang deui ka tanah air Indonésia tur ngadegkeun Urbane hiji firma nu gerak dina widang jasa konsultan jeung perencanaan, arsitektur ogé desain. Tidinya karir Emil teras majeng, salian janten prinsipal PT. Urbane Indonesia anjeuna ogé janten dosén teu netep di Jurusan Arsitektur ITB. Salian dina widang éta ayeuna Emil ngawitan ngalalanyah kana widang politik, ti ngawitan janten Wali Kota Bandung dugi ka ayeuna janten Gubernur Jawa Barat.

Sumber : hasil narjamahkeun ogé ngutip tina biografi Ridwan Kamil 

nu aya di http://www.biografiku.com/www.biografiku.com

Dumasar sempalan téks biografi di luhur, Tarékah naon nu ku Kang Emil dilakonan nalika kuliah sangkan bisa nambahan biaya pikeun kuliahna di Indonesia....

A. gerak dina widang usaha desain

B. gawé di departemen perencanaan

C. nyieun ilustrasi ogé makét pikeun dosén

D. nyieun gambar-gambar ilustrasi panorama

E. muka usaha dina widang arsitektur ogé desain


3. Tengétan kalimah di handap !

Emil kudu nyanghareupan yén Atalia Praratya (Istrina) badé ngababarkeun putra kahijina anjeuna bingung sabab teu kagungan waragad kanggo proses babaranna.

Sasaruan harti kecap nu digurathandapan dina kalimah di luhur  nyaèta ….

A. fasilitas

B. perlengkapan

C. aksés

D. biaya

E. nu nulungan


4. Baca teks biografi di handap!

Ti Kebon Kana Carpon

Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéhna mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy, tanggal 23 Séptémber 1963. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh. Karya-karyana anu mimiti dimuat dina mingguan Giwangkara jeung Mingguan Pelajar. 

Tuluyna mah Cécép leuwih loba ngarang dina basa Sunda. Carponna anu mimiti dijudulan “Kaleleban’, dimuat dina majalah Manglé. Harita Cécép téh sakolana di SMA kénéh.

Kungsi digawé di perkebunan entéh Patuha, meunang opat taun. Salila digawé di perkebunan, Cécép tetep

nulis carpon. Sakapeung-kapeungeun turun gunung ka Bandung, ruang-riung jeung papada pangarang Sunda.

Taun 1987, Cécép digawé di majalah Manglé. Meunang sapuluh taun. Undur ti dinya, anjeunna kungsi

jadi wartawan di sababaraha surat kabar. Di antarana di majalah Tiras jeung tabloid Detak di Jakarta. Ayeuna Cécép jadi Wakil Pingpinan Rédaksi Koran Tribun Jabar. 

Carita pondokna anu dijudulan “Bilatung” dilélér Hadiah Sastra Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) taun 1990. Carpon séjénna anu kungsi dilélér hadiah LBSS nyaéta “Tilu Potrét Jalma dina Album Kuring”, “Nu Luncat tina Beus, Maleman Taun Baru”, jeung “Sangkakala”.


5. Cecep Burdansyah lahir di……

A. Ciwidey, 22 September 1963

B. Ciwidey, 25 September 1963

C. Ciwidey, 23 September 1963

D. Ciwidey, 26 September 1963

E. Ciwidey, 24 September 1963


6. Iraha Cecep Burdansyah mimiti sok ngarang?

A. ti keur TK

B. ti keur SMA 

C. ti keur SD

D. ti keur SMK

E. ti keur SMP

7. Salian ti nulis carpon Cecep Burdansyah kungsi digawe diperkebunan…

A. Teh

B. Kopi

C. Bako

D. Cengkeh

E. Coklat


8. Lalakon hirup anu ditulis atawa dicaritakeun sorangan ku jalmana disebut....

A. biografi

B. geografi

C. otobiografi

D. otografi

E. Kaligrafi


Wacana Warta

Flu Burung téh salahsahiji panyakit anu dibalukarkeun ku virus H5N1 anu sumebarna ngaliwatan sato unggas saperti soang, hayam, manuk jeung sabangsana. Kiwari ieu wabah téh pangdipikasieunna ku sakumna masarakat nu aya di dunya sabab geus nimbulkeun palastrana jalma nu katerap ku éta virus.

Dumasar kana data ti Departemen  Kasehatan, Indonesia kaasup nagara nu nyicingan rengking kahiji di dunya anu katerap ku flu burung. Propinsi Jawa Barat pisan nu panglobana katerap ieu panyakit.

Korban flu burung nu pangheulana nyaéta warga Kacamatan Serpong Kabupaten Tanggerang Banten, Iwan Siswana Rafei (38 taun) jeung dua anakna Sabrina Nurul Aisah (8 taun) jeung Talita Nurul Azizah (sataun). 

Ti Séptémber 2005 sumebarna flu burung terus nérékel. Salila sabulan satengah kapanggih 19 kasus. Warga nu keuna flu burung tina éta kasus di antara baé saurang ti Subang,  4 urang ti Indramayu, nu séjénna sumebar di Jawa Barat jeung Banten.

Pikeun narékahan sumebarna flu burung, di wewengkon anu loba miara sato unggas dipariksa ku tim kasehatan. Malah di sababaraha wewengkon saperti Bekasi jeung Kabupaten lebak, ingon-ingonna nu kabuktian ngandung virus H5N1 kudu dimusnahkeun. 

Paraahli kasehatan Uni Eropa ogé ngayakeun riungan pikeun ngungkulan sumebarna flu burung. Tina 90 nu katerap flu burung, di tingkat dunya, nu jadi korban téh satengahna urang Asia Timur kaasup Turki jeung Irak Timur. Hasil tina éta riungan, kaputusan anu mimiti kudu dipigawé téh nyaéta ngamusnahkeun sato unggas. (ti sababaraha sumber)


9. Judul anu pantes tur merenah keur warta di luhur nyaéta….

A. Flu Burung

B. Virus H5N1

C. wabah sato unggas   

D. kasakit flu

E. Flu Ganas


10. Flu burung téh salah sahiji panyakit anu dibalukarkeun ku….

A. virus influenza

B. virus H5N1

C. kuman

D. bakteri

E. virus tifus


11. Naon kaputusan tina riungan para ahli kasehatan Uni Eropa anu mimiti kudu dipigawé pikeun ngungkulan sumebarna flu burung?

A. ngamusnahkeun sato unggas

B. ngamusnahkeun virus H5N1

C. ngamusnahkeun korban flu burung

D. nyalametkeun korban flu burung

E. ngarusmuskeun organisasi kasehatan


aya lumut dina batu,

aya kuya di muara.

Kedah tumut kana waktu,

di dunya urang ngumbara

12. Mun ditilik tina wangunna sisindiran di luhur ka asup kana wangun.....

A. Rarakitan

B. Wawangsalan

C. Guguritan

D. Paparikan

E. Rarakitan jeung Paparikan


13. Mun ditilik tina eusina sisindiran di luhur kaasup kana...

A. Silih Asih

B. Banyol

C. Hereuy

D. Sesebred

E. Piwuruk


14. Abdi teh kapiring leutik

Kaisinan ku gamparan

Wangsalna........

A. Piring

B. Kuring

C. Leutik

D. Pisin

E. Isin


15. “Kuring keur dahar di dapur” 

Kalimah di luhur mun di robah kana ragam basa lemes nyaeta....

A. Abdi nuju tuang di dapur

B. Abdi nuju dahar di dapur

C. Kuring nuju tuang di dapur

D. Abdi nuju neda di dapun

E. Abdi keur neda di dapur


16. Ragam bahasa resmi tina kecap abdi atawa kuring nyaéta…..

A. sadérék

B. salira

C. pangersa

D. simkuring

E. déwék


17. “…..Pa guru énjing ulangan bahasa sunda.”

Kecap anu luyu jeung undak usuk basa pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta….

A. ceuk D. cenah

B. sanggem E. ngabéjakeun

C. saur

18. Basa lemes keur kecap“indungkuring”nyaéta….

A. pun ibu D. pun mimih

B. pun biang E. pun indung

C. pun mamah


19. Basa lemes keur kecap“anakanjeun”nyaéta….

A. Tuang anak D. tuang rayi

B. Tuang mantu E. tuang raka

C. Tuang putra


20. “Jang pangmiceunkeun tampolong”

Ungkara diluhur kaasup

A. Paribasa

B. Babasan

C. Rakitan lantip

D. Gaya basa

E. Uga

Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad saw.

21. Paragrap di luhur ka asup kana..…

A. Panutup biantara

B. Bubuka jeung panutup biantara

C. Eusi biantara

D. Bubuka jeung eusi biantara

E. Bubuka biantara


22. Warta teh nyaeta katerangan atawa beja anu ditepikeun ka….

A. balarea

B. pribadi

C. kelompok

D. kulawarga

E. partai


23. Kajadian anu bisa dijadikeun warta teh nyaeta kajadian …

A. anu dianggap penting pikeun urang

B. anu dianggap penting pikeun pamingpin

C. anu dianggap penting pikeun kulawarga urang

D. anu dianggap penting pikeun balarea

E. anu dianggap penting pikeun wartawan


24. Eusi warta teh kudu netral, maksudna….

A. teu meunang mihak ka pamingpin

B. teu meunang mihak ka salasahiji pihak

C. teu meunang mihak ka balarea

D. teu meunang mihak kanu boga mediana

E. teu meunang mihak ka wartawan


25. Karangan rékaan dina wagun lancaran (prosa fiksi) anu panjang tur galur caritana ngarancabang (kompleks) disebut .....

A. Carpon

B. Carta Babad

C. Hikayat

D. Dongéng

E. Novél


26. Dina taun 1914 medal novel baruang kanu ngarora, karangan .....

A. Yuhana

B. Usep Romli H.M

C. Muhammad Sanusi

D. R.Memed

E. DK Ardiwinata


27. Ieu di handap sababaraha pangarang jeung novelna nu kungsi dileler hadiah sastra rancage, nyaeta...


A. Yosep Iskandar , Nu Kaul lagu Kaleon

B. Tatang Sumarsono, Demung janggala

C. Holisoh M.E., Galuring Gending

D. Deden Abdul Aziz, Sandekala

E. Godi Suwarna, Panganten


28. Tali pedaran di handap ieu!

1) Umumna panjang, henteu pondok kawas carpon

2) Galur caritana atawa plot ngarancabang (loba)

3) Midangkeun rupa-rupa tokoh (palaku), kajadian, sarta laluasa medar karakter tokohnya.

4) Nyaritakeun kahirupan sapopoé

5) Caritana teu leuwih ti lima kaca

Tina pedaran di luhur, nu teu ka kaasup ciri-ciri novel nyaéta . . .

A. 1

B. 2, 3

C. 4

D. 3, 4

E. 5

29. Novel munggaran nu medal dina sastra Sunda, nyaéta .....

A. Gogoda ka nu ngarora karya M.A Salmun

B. Pangeran kornél karya R.Méméd Sastrahadiprawira

C. Baruang ka nu ngarora karya D.K.Ardiwinata

D. Pipisahan karya R.A.F

E. Lain éta karya Moh.Ambri


30. Inti pikiran atawa puseur implengan pangarang anu aya dina novel, disebut .....

A. Amanat

B. Alur

C. Jejer

D. Latar

E. Tokoh


II. Essay


1. .Tulis jeung jelaskeun unsur-unsur Novel!

2. Pasangkeun tabél Pangarang Novel di handap dumasar kana judul novelna!

No. Pangarang         Judul Novel

1.  DK Ardiwinata a. Gogoda Ka Nu Ngarora

2.  M.A Salmun b. Wilujeng Enjing

3.  Yus Rusamsi c. Lembur Singkur

4.  Yoseph Iskandar         d. Perang Bubat

5.  Abdullah Mustappa e. Baruang Kanu Ngarora

3. Jieun  conto ungkara kalimah rakitan lantip!

4. Tulis basa loma tina kecap-kecap ieu di handap!

a. Sinjang

b. Kekemben

c. Ngahaturanan 

5. Tulis hiji conto warta luyu jeng unsur-unsur warta 5W jeung 1 H!

Demikian Postingan kami tentang Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 11 Terbaru Semester 2. Semoga Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 11 Semester 2 ini bermanfaat. 

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 11 Terbaru"

Post a Comment