Wilujeng Sumping Selamat Datang

Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas 8 Kurikulum 2013 Plus Kunci Jawaban

carasunda.com- Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas 8 Kurikulum 2013 Plus Kunci Jawaban

Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas 8 Kurikulum 2013 Taun Pelajaran 2018/2019 ieu tiasa di download langsung. Soal ieu tiasa dianggo latihan kanggo tatahar dina mayunan Ulangan Kenaikan Kelas (UKK) atanapi Penilaian Akhir Tahun (PAT) Bahasa Sunda SMP/MTs Semester Genap. 

Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas 8 Kurikulum 2013 ieu sae pisan kanggo ngalatih sareng ngukur kompetensi para siswa SMP atanapi MTs. 

Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas 8 Kurikulum 2013 di handap ieu mangrupikeun soal Tes Pendalaman Materi (TPM) anu disusun ku Tim Guru Bahasa Sunda SMP Darussalam. Tangtosna wae soal ieu tebih tina kasampurnaan, Soal ieu ngawengku kisi-kisi UKK/PAT Bahasa Sunda Tahun Pelajaran 2018-2019 anu nyoko kana kurikulum 2013 revisi anu tos ditetepkeun. 

Conto Soalna sapertos kieu :
1. Conto nulis titi mangsa anu bener dina bagian surat pribadi nyaéta…..
a. 10 Juni 2019, Cingambul
b. Cingambul, 10 Juni 2019
c. Juni 2019, 10 Cingambul
d. cingambul 10 juni 2019

2. Conto salam pamuka dina bagian surat pribadi nyaéta…..
a. Salam sono
b. wasalam
c. kahatur Kang Ajat
d. baktos abdi

Kalintang bingahna upami sadérék tiasa sumping dina waktosna. Hatur nuhun kana perhatosanana.

3. Kalimah di luhur mangrupakeun bagian….surat.
a. Bubuka
b. Eusi
c. Panutup
d. Salam panutup

BABALIK   PIKIR

Geus opat poé Esti teu sakola. Panas tiris babakuna mah. Tadi gé geuning aya budak sakola mani ngaliud, ngalayad. Ma’lum Esti mah ketua kelas tur nyaahan pisan ka babaturan téh. Katurug-turug jelema aya. Sakalieun aya budak nu teu bogaeun buku téh, Esti mah tetelepék, jorojoy hayang ulin cenah ka imah babaturan téh. Mun geus puguh katempona babaturanna téh teu mampuh, Esti sok buru-buru mangmeulikeun buku. Pikareueuseun puguh gé. Keur mah pinter, anak nu beunghar, katurug-turug bageur deuih.
Kasoléhan Esti téh hanjakalna teu meunang pangrojong ti kolotna. Ayeuna gé bapana keur tutunjuk bari hahaok. Bapana kacida ambekeunana basa tadi Bu Rida wali kelasna nganuhunkeun kana kasaéan putrana nu tos masihan kasur sapuratina ka Ikeu babaturan sakelasna. Sihoréng budak téh nyokot tabunganana.
“Paingan atuh duit téh béak baé. Yeuh Bapa jeung Ema bisa kieu teh usaha popohoan. Dug hulu pet nyawa. Ulah kéna-kéna tabungan téh leuleuwihan duit bekel, tuluy sangeunahna dibagi-bagikeun.”
Esti cicing baé. Haténa manghanjakalkeun ku naon Si Ikeu maké ngobrol sagala ka Ibu Rida? Kumaha atuh? Kasalahan manéhna geus nembrak. Teu bébéja ka indung bapana. Ceuk pamikirna bébéja ogé ka baseuh-baseuh biwir da pasti moal diidinan, sedengkeun Ikeu kacida butuh pisan ku bantuanana. Ikeu saréna ukur dina raranjangan ditilaman ku samak salambar. Bantalna ogé buntelan bubututan. Teu bisa majar kumaha, da geus tigejebur, geus baraseuh. Esti ngeluk baé tungkul hareupeun bapana. Manéhna teu wanieun ngarérét-rérét acan. Lalaunan cai sakeclak maseuhan pipina nu pias. Da puguh hudang gering téa. Satuluyna mah ngagukguk ceurik menta dihampura ka bapana.
Sanggeus kajadian harita Esti tara deui kumawani barangbéré ka babaturanana, sanajan dina  haté leutikna mah mungguh aya perang rongkah nu teu bisa kaungkulan ku sorangan. Bekelna ogé diseret ayeuna mah ku bapana téh. “Keun Bapa baé nu nabungna, sakalian di bank. Engké ogé keur saha deui, kabéh ogé dalah jang anak.” Kitu ceuk Pa Uja juragan angkot nu kacida keur meumeujeuhna beunghar.
Orokaya da jalma téh teu nanjeur baé, sataun ti harita barang Esti naék ka kelas 3 SMP angkotna tabrakan, nu maotna ogé aya opatan, atuh lumayan ogé béayana téh. Lian ti béaya, gegedéna mah jadi beuki melang loba angkot téh. Kurang katenangan. Kendat saminggu ti harita motor anyar di buruan aya nu maling. Acan ogé opat puluh poé ti barang angkot tabrakan, Pa Uja ujug-ujug gareuneuk sababadan. Barang dipariksa téh cenah infeksi darah. Geus méh sabulan awakna leuleus waé, kituna mah kandungan hémoglobinna ngan lima. Jauh pisan tina wates normal.
Soré-soré Pa Uja ngadaweung pipir jandéla. Nyawang mangsa-mangsa katukang basa manéhna jagjag. Kacida pohona kana gering. Mangsa teu boga kasusah, tara hayang nyaho kana kasusah batur. Ari ayeuna? Geuning kacida bungahna mun aya nu ngalongok, komo maké émbél-émbél ngadunga sagala “énggal damang”, cenah. Atuh da teu kitu kumaha Pa Uja mah mun lolongak ka tatangga atawa kawawuhan téh cukup diwakilan ku pamajikan baé.  Basa leungit motor ogé Ikeu babaturan Esti maké ngomong kieu, “Moal sesaheun Alloh mah ngagentosan deui rejeki Bapa, komo deui da Bapa mah seueur kasaéanana”. Puguh matak dédéngéeun ‘na ceuli Pa Uja mah. Liang irung asa rebéh-rebéh baé.
“Pa, nuju naon sonten-sonten jiga nu ngemu kabingung. Tong diémutan baé panyawat mah. Apan ayeuna ogé maju ka damang. Tos dileueut landongna?” Bi Erus pamajikanana nanya.
Pa Uja ngarenjag, “Kadieu geura Ma, saha budak anu dipangmeulikeun kasur ku Esti teh?”
“Oh, Ikeu. Karunya budak téh geus pahatu lalis. Untung waé aya kénéh indung kolotna. Ceuk Esti mah bumina ogé bilik jeung taneuh keneh handapna oge. Watir puguh gé. Teu kajudi ku ema mah kumaha ninina kudu dagang sorabi bari jeung nyakolakeun incu.”
“Kutan, Ema gé wawuh?”
“Henteu ari wawuh mah. Eta wé dongéng Esti. Tuh di ditu lemburna mah, di Banjaran Hilir.”
Pa Uja unggut-unggutan.”Punten Ma, pangnyaurankeun Esti,” pokna téh.
Pamajikanana ngaléos, teu lila norojol deui. Ayeuna mah bareng jeung Esti, budakna.
“Aya pikersaeun naon naon, Pa?” Esti kacida sopanna. Kituna mah budak téh sapopoéna balik ti sakola idek liher baé di Pasantrén Darul Falah. Sahenteuna budak téh ngarti kana bagbagan agama.
“Ka dieu geulis, geuning hidep téh kacida soléhna. Bapa kakara sadar yén hidep téh lir endog hayam keur Bapa mah.”
Ku naon Bapa téh?”
“Enya ulah waka adigung, komo Bapa mah ukur tamat SD. Najan bijilna tina bujur hayam ari endog mah teu burung didahar.”
“Kumaha maksad Bapa téh?”
“Insya Alloh ti semet ayeuna Bapa taat ngaluarkeun jakat mal jeung rék ngarojong satemenna nu kadada kaduga ku Bapa, kana kahayang Esti ngabantu barudak sakola nu kolotna kurang mampuh.”
“Bapa...!” Esti ngarangkul Bapana. Hujan cimata kabungah, muji sukur ka Pangéran dipaparin pituduh babalik pikir. Soré harita keur Esti mah wuwuh pinuh ku kabagjaan.

4. Kumaha pasifatan Esti dina eta carpon?
a. Sombong
b. Pedit
c. Bageur jeung berehan
d. Sieunan

5. Naon sababna Esti dicarekan ku bapana?
a. Tara sakaola
b. Sok barang bere
c. Geringan Wae
d. Tara ngerjakeun PR

6. Saha anu babalik pikir dina eta carpon?
a. Esti
b. Indungna Esti
c. Babturanna Esti
d. Bapana Esti

7. Kecap babalik pikir ngandung harti.....
a. Balik ka lemah cai
b. Balik ka lembur
c. Balik kana jalan hade
d. Balik ka imah 

8. Sakalieun aya budak nu teu bogaeun buku téh, Esti mah tetelepék, jorojoy hayang ulin cenah ka imah babaturan téh. 
Kecap  tetelepék ngandung harti.....
a. Tara daek tatanya
b. Resep ilubiung
c. Sok tunya-tanya
d. Tara campur gaul

9. Ulak-ilik kana handapeun bupét, bisi aya bugang beurit, teu aya nanaon.
Kecap ulak-ilik kaasup kana wangun kecap rajékan….
a. Dwimurni
b. Dwiréka
c. Dwimadya 
d. Dwipurwa 

10. Conto kecap rajékan dwimadya aya dina kalimah….
a. Sababaraha urang siswa kapilih pikeun ngiluan pasang giri basa jeung budaya sunda.
b. Ulak-ilik kana handapeun bupét, bisi aya bugang beurit, teu aya nanaon.
c. Buku-buku nu aya di perpustakaan rék dipindahkeun.
d. Clak-clik-cluk hujan munggaran maseuhan taneuh nu lila garing.

Kanggo soal lengkepna sareng kunci jawabanna tiasa di download dina link ieu di handap!
Mangga klik kanggo ngadownloadna. 


Anu bade kopas supados nyantumkeun sumber asli soal ieu.

Pamugia Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas 8 Kurikulum 2013 Plus Kunci Jawaban Taun Pangajaran 2018-2019 ieu mangfaat kanggo sadayana. 

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas 8 Kurikulum 2013 Plus Kunci Jawaban"

Post a Comment