Soal Prediksi PTS Bahasa Sunda Kelas XI Semester 2 Kurikulum 2013 Plus Kunci Jawaban

carasunda.com- Soal Prediksi PTS Bahasa Sunda Kelas XI Semester 2 Kurikulum 2013 Plus Kunci Jawaban 

Soal Prediksi PTS Bahasa Sunda Kelas XI Semester 2 Kurikulum 2013 Taun Pelajaran 2018/2019 ieu tiasa di download langsung. Soal ieu tiasa dianggo latihan kanggo tatahar dina mayunan Ulangan Tengah Semester (UTS)/Penilaian Tengan Semester (PTS) Bahasa Sunda SMA/MA/SMK/MAK Semester Genap. 

Soal Prediksi PTS Bahasa Sunda Kelas XI Semester 2 Kurikulum 2013 ieu sae pisan kanggo ngalatih sareng ngukur kompetensi para siswa SMA/SMK atanapi MA/MAK. 

Soal Prediksi PTS Bahasa Sunda Kelas XI Semester 2 Kurikulum 2013 di handap ieu mangrupikeun soal Tes Pendalaman Materi (TPM) anu disusun ku Tim Guru Bahasa Sunda SMK Darussalam. Tangtosna wae soal ieu tebih tina kasampurnaan, Soal ieu ngawengku kisi-kisi UTS/PTS Bahasa Sunda Tahun Pelajaran 2018-2019 anu nyoko kana kurikulum 2013 revisi anu tos ditetepkeun. 

Conto Soalna sapertos kieu :

Pilih jawaban nu pangbenerna!
1. Babasan atawa paribasa anu nuduhkeun kana pang jurung laku hadé nyaéta….
a. Kudu bisa kabula kabalé
b. Ulah koméok méméh dipacok
c. Ulah incah balilahan
d. Umur gagaduhan, banda sasampiran
e. Uncal tara ridueun ku tanduk

2. Kudu hadé gogod hadé tagog, hartina….
a. Kudu bisa mawa awak
b. Kudu direncanakan kalawan asak
c. Hadé basa jeung hadé tingkah lakuna
d. Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki, kudu sina mahi
e. Ulah waka nyebut teu sanggup saacan dicoba

“Can digawé geus hayang ménta buruh!”
3. Paribasa atawa babasan anu luyu jeung kalimah di luhur nyaéta …..
a. Mipit kudu amit ngala kudu bébéja
b. Pupulur méméh mantun
c. Cul dog-dog tinggal igel
d. Asa ditonjok congcot
e. Ranggah méméh tandukan

4. “Unggal daérah tangtu ngabogaan ciri nu mandiri ngeunaan budayana tur béda jeung daérah séjénna”
Paribasa nu luyu pikeun ngagambarkuen kalimah di luhur nyaéta....
a. Jati kasilih kujunti
b. Uyah mah tara téés ka luhur
c. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak
d. Ciri sabumi cara sadésa
e. Mipit kudu amit, ngala kudu bébéja

Paribasa Hartina
1. Legok tapak genténg kadék maké pakéan kumaha ogé pantes baé.
2. Kudu bisa ngeureut neundeun miharep ka nu lain tanding
3. Jati ka silih ku junta pribumi kaéléhkeun ku urang deungeun-deungeun (urang asing)
4. Kuru cileuh kentél peujit kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran
5. Landung kandungan laér aisan jadi kabiasaan nu hésé dipiceun

5. Pasangan paribasa jeung hartina anu bener nyaéta…..
a. No 1
b. No 2
c. No 3
d. No 4
e. No 5

6. “Ulah waka buru-buru nyieun kaputusan, kudu dipikir dibulak-balik heula” 
Babasan anu luyu pikeun ngagambarkeun kalimah di luhur nyéta….
a. Gedé hulu
b. Kejot borosot
c. Panjang leungeun
d. Béngkok tikoro
e. Murag buku bitis

7. ... cai dina daun taleus.
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan paribasa di luhur nyaéta….
a. Siga
b. Lir
c. Kawas
d. Ulah
e. Kudu 

8. ... ngukur ka kujur nimbang ka awak.
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan paribasa di luhur nyaéta….
a. Siga
b. Lir
c. Kawas
d. Ulah
e. Kudu

9. Sumedang Ngarangrangan
Ngarangrangan hartina…...
a. Kaleuleuwihi nuar tatangkalanna
b. Tatangkalan nu mimiti daunna maruragan
c. Tatangkalan anu geus paéh
d. Sirung anu mimiti jaradi deui
e. Dahan tangkal anu mimiti jadi

10. Bandung … ku tangtung.
Kecap anu luyu pikeun ngeusian ungkara basa cacadran di luhur nyaéta….
a. Heurin
b. Ngadeg
c. Loba 
d. Ngalaan 
e. Katempo 

Saba Budaya Ka Kampung Naga

Kampung Naga téh pernahna aya di jajalaneun antara Garut-Tasikmalaya, nyaéta di wilayah administratif Désa Néglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya, Provinsi Jawa Barat. Jarak ti puseur dayeuh Bandung ka Kampung Naga téh kurang leuwih 90 km, lamun dijugjug maké kendaraan kira-kira 2-3 jam.

Kampung nu aya di hiji léngkob nu subur téh diwatesan ku leuweung larangan. Anu ceuk urang Kampung Naga mah  éta leuweung nu aya di beulah kuloneun Kampung Naga téh dianggap karamat teu meunang sagawayah disaba, lantaran di jero éta leuweung aya makam karuhun masarakat Kampung Naga. Ari di beulah wétan diwatesanan ku Walungan Ciwulan nu huluwotanana ti Gunung Cikuray Garut. 

Kampung Naga kaasup hiji pakampungan nu masarakatna masih nyekel deleg tali paranti titingal karuhunna. Kahirupan sapopoéna masarakat Kampung Naga téh éstu basajan pisan béda jeung pakampungan-pakampungan tatar Sunda séjénna.

11. Kampung Naga téh aya di.....
a. Bandung
b. Garut
c. Sukabumi
d. Tasikmalaya
e. Ciamis

12. Aya dibeulah mana leuwueng larangan téh?
a. Kuloneung Kampung Naga
b. Kaléreung Kampung Naga
c. Wétaneun Kampung Naga
d. Hareupeun Kampung Naga
e. Kiduleun Kampung Naga 

13. Gunung Cikuray aya di....
a. Bandung
b. Garut
c. Sukabumi
d. Tasikmalaya
e. Ciamis

14. Kecap “disaba” asalna tina kecap “saba” anu hartina....
a. Kaluar ti imah nuju ka tempat anu jauh
b. Meuntas ka hiji tempat
c. Lumpat ti imah nuju ka tempat anu jauh
d. Balik ka imah
e. Asup ka ka imah anu jauh. 

15. Dina wacana di luhur aya kecap “léngkob” anu hartina....
a. Luhur
b. Pasir
c. Hilir
d. Lebak
e. Gunung 

16. Tali paranti hartina.....
a. Tambang paranti nalian
b. Budaya anu maneuh
c. Adat istiadat nu geus baku
d. Pageuh dina nyekel prinsip
e. Tali tina tambang

Sagala tina Sampeu

Jenis sampeu nu dipelak tur dikonsumsi di Cireundeu nyaéta sampeu pait/karikil, nu ku masarakat séjén mah sok dipaké parab ingon-ingon. Lantaran lian ti rasana pait, ogé matak weureu. Nurutkeun Asep Wardiman, mémang sampeu pait goréng lamun langsung dikonsumsi, tapi lamun diolah kalawan apik tur beresih, sampeu pait lian ti gedé kandungan karbohidratna (unggal 100 gr sampeu ngandung énérgi 359 kkal, 86,5 gr karbohidrat, 1,4 gr protéin), ogé gedé pisan kandungan acina.

17. Sampeu naon anu dikonsumsi ku urang Cireundeu téh?
a. Sampeu manéhot
b. Sampeu Cilembu
c. Sampeu karikil/pait
d. Sampeu beureum
e. Sampeu aci

18. Sampeu anu diolah ku urang Cireundeu gédé pisan kandungan….
a. Vitamin D
b. Acina jeung karbohidrat
c. Vitamin A jeung acina
d. Cai jeung Karbohidrat
e. Gizina jeung Vitamin

19. Dihandap ieu kaolahan anu bahan dasarna tina sampeu, nyaéta, iwal…..
a. Colénak
b. Awug 
c. Ulén  
d. Misro 
e. Getuk 

20. Saméméhna budak disunatan téh sok dibawa hélaran, dina iring-iringan seni kuda rénggong.
Kasenian daerah kuda rénggong asalna ti ….
a. Subang
b. Majalengka
c. Sumedang
d. Bandung
e. Garut


Kanggo soal lengkepna sareng kunci jawabanna tiasa di download dina link ieu di handap!
Mangga klik kanggo ngadownloadna. 


Anu bade kopas supados nyantumkeun sumber asli soal ieu.

Pamugia Soal Prediksi PTS Bahasa Sunda Kelas XI Semester 2 Kurikulum 2013 Taun Pangajaran 2018-2019 ieu mangfaat kanggo sadayana. 

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Soal Prediksi PTS Bahasa Sunda Kelas XI Semester 2 Kurikulum 2013 Plus Kunci Jawaban "

Post a Comment