Pasukan Gajah Jeung Manuk Ababil

carasunda.com- Pasukan Gajah Jeung Manuk Ababil

ishamerdeka.blogspot.com
Abrahan téh gubernur Yaman. Manéhna boga niat rék ngabalikeun deui ajaran Nasrani, jeung ogé rék nguatkeun kakawasaanna di Yaman.

Waktu harita, jalma-jalma euyeub anu datang  ka Mekah. Tujuanna nyaéta ka’bah, pikeun aribadah. Ka’bah mangrupakeun kareueus kaum Qurés. Ka’bah ogé mangrupa lambang kasucian kota Mekah. 

Abrahah boga kahayang sangkan jalma-jalma henteu daratang ka Ka’bah. Ahirna manéhna ngawangun garéja di Shana’a pikeun nyaingan Ka’bah. 

Garéjana dihiasan ku rupa-rupa perhiasan anu méwah tur mahal. Bahkan pantona ogé dijieun tina emas, tembokna tina perak. Garéja éta dingaranan al-Qullais.

Ngan hanjakal, usaha Abrahah pikeun nyaingan ka’bah gagal. Jalma-jalma tetep milih datang ka Mekah. Maranéhna saeutik ogé teu katarik ku gereja al-Qullais.

Malah mah, kacaritakeun aya saurang lalaki ti kabilah Kinanah asup ka éta garéja tuluy manéhna miceun hajat di jero garéja.

Tangtu waé Abrahah ngambek kacida basa manéhna meunang béja garéjana di hina. Saking amarahna, manéhna sumpah rék ngahancurkeun Ka’bah di kota Mekah.

Abrahah nyiapkeun pasukan anu kawilang rongkah. Kayaning pasukan infanteri, kavaleri jeung pasukan gajah. Diantara para gajah éta aya nu panggedéna, ngaranna Mahmud. 

Sababaraha pasukan Arab ngahadang pasukan Abrahah supaya teu asup ka Mekah, tapi teu aya nu hasil ngéléhkeun kakuatan pasukan nu di pingpin ku Abrahah. Bahkan, aya salasaurang warga Tsakif ngaranna Abu Righal anu siap jadi guide Abrahah ka Mekah.

Sajeroning perjalananna, Abrahah jeung pasukanna ngarampas harta banda bangsa Arab, kaasup ogé 200 onta Abdul Mutholib.

Abdul Mutholib nyaéta akina Nabi Muhammad. Manéhna mangrupakeun pamingpin Mekah anu dihormatan pisan. Abdul Mutholib ngabogaan tugas mulia nyaéta ngajamu, nyiapkeun kadaharan jeung inuman sapuratina, pikeun para tamu anu datang ka Mekah  pikeun ibadah haji. 

Abrahah ngajurungan utusan ka Abdul Mutholib. “Abrahah teu hayang perang. Manéhna ngan ukur hayang ngahancurkeun ka’bah. Lamun anjeun teu ngalawan, Abrahah moal merangan kaum anjeun,” ceuk éta utusan nepikeun amanat ti Abrahah ka Abdul Mutholib.

“Kaula moal ngalawan Abrahah, sabab kaula jeung para pasukan teu boga kakuatan pikeun perang jeung pasukanna,” jawab Abdul Mutholib daria tur tenang.

Ahirna Abdul Mutholib jeung sababaraha urang panguasa Mekah di bawa pikeun ngahadep ka Abrahah.

Sabab wibawa jeung komara Abdul Mutholib, Abrahah meuni ngahormat pisan. Manéhna diuk sajajar jeung Abdul Mutholib.

“Kumaha jawaban anjeun kana pesen kaula anu di tepikeun ku utusan tadi?” Tanya Abrahah.

Teu aya saeutik ogé  rasa sieun pok Abdul Mutolib ngajawab “Kuring ménta onta-onta anu ku anjeun di rampas dibalikeun deui.” 

“Jadi anjeun ngan ukur mikirkeun onta-onta anjeun, teu mikirkeun Ka’bah anu ku kaula rék diancurkeun?” ceuk Abrahah

“Onta-onta éta boga kaula. Anapon ka’bah bogana Alloh. Alloh nu bakal ngajagana,” jawab Abdul Mutholib.

Menang jawaban kitu, Abahah ngahuleng, héran ku sikep Abdul Mutholib. Nya manéhna masrahkeun deui onta-onta Abdul Mutholib. Saterusna pasukan manéhna siap-siap rék ngahancurkeun Ka’bah.

Harita, Abdul Mutholib maréntahkeun ka para warga Mekah supaya ngungsi ka gunung-gunung pikeun nyalametkeun diri.

Pasukan Abrahah asup ka Kota Mekah. Sora pasukanna minuhan Kota Mekah anu sepi.

Kaanéhan muncul, Mahmud, gajah nu panggedéna, ngadadak eureun terus depa.  Manéhna teu daék diparéntah pikeun nyerang Ka’bah.

Teu kungsi lila datang manuk-manuk Ababil. Pasukan ababil mawa batu panas dina papatuk jeung cakarna. Pasukan gajah Abrahah dihujanan ku batu-batu nepi ka loba nu paraéh.

Pasukan Abrahah kalabur nyalametkeun diri masing-masing. Maranéhna balik ka Yaman bari mawa wiwirang éléh perang.

Abrahan jeung sababaraha pasukanna anu salamet nepi ka Shana’a, tapi teu lila Abrahah paéh sabab tatu nu kacida parahna.

Kalawan pitulung Alloh, Ka’bah salamet tina kahancuran. Alloh moal ngantep jalma-jalma jahat pikeun ngancurkeun Ka’bah.

Tah kitu geuning Allah ngajaga Mekah jeung Ka’bah anu suci. Ka’bah tetep aya jeung jadi kiblat pikeun umat islam nepi ka ahir zaman.

Dina taun harita kénéh babar saurang manusa mulya pilihan Alloh, Muhammad bin Abdulloh, putu Abdul Mutholib.

Sabab kitu kalahiran kanjeng nabi Muhammad Sholallohu ‘alaihi wasalam di sebut taun gajah. 

Kieu lamun ceuk nadoman mah :

Nabi urang sadayana
Kanjeung nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qurés nya bangsana

Ramana Sayid Abdullah
Ibuna Siti Aminah
Di babarkeunna di Mekah
Wengi Senén taun Gajah

Sumber : tarjamahan bebas tina buku “Burung Ababil jeung Tentara Bergajah” karya Ririn Astutiningrum

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Pasukan Gajah Jeung Manuk Ababil"

Post a Comment