Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas 7 Kurikulum 2013 Plus Kunci Jawaban


Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas 7 Kurikulum 2013 Taun Pelajaran 2018/2019 ieu tiasa di download langsung. Soal ieu tiasa dianggo latihan kanggo tatahar dina mayunan Ulangan Kenaikan Kelas (UKK)/Penilaian Akhir Tahun (PAT) Bahasa Sunda SMP/MTs Semester Genap. 

Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas 7 Kurikulum 2013 ieu sae pisan kanggo ngalatih sareng ngukur kompetensi para siswa SMP atanapi MTs. 

Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas 7 Kurikulum 2013 di handap ieu mangrupikeun soal Tes Pendalaman Materi (TPM) anu disusun ku Tim Guru Bahasa Sunda SMP Darussalam. Tangtosna wae soal ieu tebih tina kasampurnaan, Soal ieu ngawengku kisi-kisi UKK/PAT Bahasa Sunda Tahun Pelajaran 2018-2019 anu nyoko kana kurikulum 2013 revisi anu tos ditetepkeun. 

Conto Soalna sapertos kieu :

Baca sempalan pupujian ieu di handap!

Karasana keur sakarat
Nyerina kaliwat-liwat
Kana ibadah diliwat
Tara ngalakukeun solat

1. Jalma nu kumaha nu bakal ngarasakeun nyerina sakarat tΓ©h?
a. Tara ulin
b. Teu bisa pupujian
c. Teu bisa ngaji
d. Tara solat

2. Rarangken atawa pananda vokalisasi anu gunana pikeun nambahan sora /r/disebut….
a. Panglayar
b. Panyecek
c. Paneleng
d. Paneuleung
3. Aksara sunda ngalagena /ba/ mirip wanguna jeung.......
a. Ma
b. Ya
c. Ta
d. Nya

4. Tanda vokalisasi nu ditulis di luhureun lambang aksara daras nyaΓ©ta....
a. PanΓ©lΓ©ng
b. Pamepet
c. Pangwisad
d. Panolong 

Priangan
(Rahmat M. Sas Karana) 

Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangΓ©ngΓ© tiΓ©njing dugi kasonten
Upami wengi dipΓ©pΓ©ndΓ© bulan ngempur

Jungjunan
Upami dugi kapuput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan

5. Eusi sajak diluhur nyaeta ngagambarkeun….
a. KaΓ©ndahan alam  Kota Bandung nu katelah Kota Kembang.
b. KaΓ©ndahan alam Jawa Barat anu ramah tur merenah.
c. Kageulisan wanoja urang Sunda nu katelah mojang Priangan.
d. KaΓ©ndahan alam tatar Sunda nu katelah Priangan.

6. Sajak anu judulna “Priangan” diwangunku….pada jeung….padalisan.
a. 2 pada 5 padalisan
b. 2 pada 6 padalisan
c. 2 pada 7 padalisan
d. 2 pada 8 padalisan

7. Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara atawa basa no boga harti…..
a. DΓ©notatif
b. Konotatif
c. Aktif
d. Pasif

8. Tina kalimah-kalimah ieu di handap, mana nu ngabogaan harti konotatif?
a. Kembang malati seungitna nyambung ka mana-mana.
b. Jalma beunghar mah kudu loba sodakoh.
c. Geus pada apal Linda tΓ©h kembang DΓ©sa di lemburna.
d. Lamun beunghar ku raja kaya ulah korΓ©t.

9. Pangarang sunda anu naratas gelarna sajak dina taun 1946-an tΓ©h, nyaΓ©ta….
a. Kis. W.S.
b. Ajip Rosidi
c. Dodi Suwarna
d. Wahyu Wibisana

10. Salasahiji karya sastra ieu di handap anu kaasup kana wanda puisi, nyaΓ©ta….
a. Carpon
b. Sajak
c. Γ‰sΓ©y
d. NovΓ©l 

Kanggo soal lengkepna sareng kunci jawabanna tiasa di download dina link ieu di handap!
Mangga klik kanggo ngadownloadna. 


Anu bade kopas supados nyantumkeun sumber asli soal ieu.

Pamugia Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas 7 Kurikulum 2013 Plus Kunci Jawaban Taun Pangajaran 2018-2019 ieu mangfaat kanggo sadayana. 

Subscribe to receive free email updates:

4 Komentar untuk "Soal Prediksi PAT Bahasa Sunda Kelas 7 Kurikulum 2013 Plus Kunci Jawaban"