Wilujeng Sumping Selamat Datang

Soal Prediksi PTS Bahasa Sunda SMA/MA/SMK/MAK Semester 2 Kurikulum 2013 Kelas 10 Terbaru


Soal Prediksi PTS Bahasa Sunda SMA/MA/SMK/MAK Semester 2 Kurikulum 2013 Kelas 10 Taun Pelajaran 2018/2019 ieu tiasa di download langsung. Soal ieu tiasa dianggo latihan kanggo tatahar dina mayunan Ulangan Tengah Semester (UTS)/Penilaian Tengan Semester (PTS) Bahasa Sunda SMA/MA/SMK/MAK Semester Genap. 

Soal Prediksi PTS Bahasa Sunda SMA/MA/SMK/MAK Semester 2 Kurikulum 2013 Kelas 10 ieu sae pisan kanggo ngalatih sareng ngukur kompetensi para siswa SMA/SMK atanapi MA/MAK. 

Soal Prediksi PTS Bahasa Sunda SMA/MA/SMK/MAK Semester 2 Kurikulum 2013 Kelas 10 di handap ieu mangrupikeun soal Tes Pendalaman Materi (TPM) anu disusun ku Tim Guru Bahasa Sunda SMK Darussalam. Tangtosna wae soal ieu tebih tina kasampurnaan, Soal ieu ngawengku kisi-kisi UTS/PTS Bahasa Sunda Tahun Pelajaran 2018-2019 anu nyoko kana kurikulum 2013 revisi anu tos ditetepkeun. 

Conto Soalna sapertos kieu :

SOAL PREDIKSI UTS/PTS SMA/MA/SMK/MAK SEMESTER 2
TAHUN PELAJARAN 2018-2019
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas/Semester : X (Sepuluh)/2 (Genap)

Pilih jawaban nu pangbenerna!

Baca dongéng ieu di handap sing taliti!

Paménta Tilu Rupa

Jaman baheula aya hiji jalma anu hirupna malarat rosa. Carékna dahar isuk henteu soré téh lain bobohongan. Ari pagawéanana sok buburuh ngangon domba batur. Sanajan digawéna kacida getolna, tapi hasilna teu kungsi mahi, jajauheun kana cukup. Da puguh ukur buburuh. Ari buruhanana dina sataun téh paré 50 geugeus, ditambah ku bekel dahareun mun rék ngangon.

Sakali mangsa éta tukang ngaon téh gering nepi ka teu bisa ngangon. Tapi, ku dununganana téh teu diurus. Barang geus cageur sarta keur mamayu, ngan can kaduga ngangon, ka dununganana ménta kadaharan. Tapi batan méré mah dununganana kalah nyarékan. Majar téh, “Can digawé geus hayang ménta dahar!”

Antukna éta tukang ngangon téh musapir. Manéhna prihatin liwat saking sarta ngenes di jero haténa. Beurang peuting manéhna neneda hayang bisa cara deungeun-deungeun, teu kurang hakaneun teu kurang pakéeun. Ku tina nyeri haté, manéhna tuluy miceun manéh ka leuweung, teu dahar teu nginum.

Barang geus meunang sababaraha poé manéhna kasaréan ti beurang, handapeun tangkal kai. Ari hudang bet manggih batu tilu siki. Kawas muncang, baruleud, sarta laleucir. Teu kira-kira manéhna kagéteunana. “Na saha anu neundeun ieu batu téh, da tadi mah euweuh?” pokna.

Sabot kitu kadéngé aya sora euweuh rupa, “Ujang, ku sabab manéh sakitu prihatinna, ayeuna paménta manéh dikabulkeun. Manéh meunang ménta tilu rupa. Pék rék ménta naon baé ogé. Dina sakali ménta éta batu kudu dialungkeun hiji!”

Tukang ngangon liwat saking atoheunana. “Nuhun Gusti, nuhun!” pokna bari nyembah-nyembah.
Ti dinya tukang angon tuluy balik ka lemburna. Sajajalan teu weléh imut sura-seuri sorangan bari mikiran rék ménta naon. Ceuk gerentes haténa, “Kahiji aing rék ménta beunghar. Kadua rék ménta jadi raja. Lantaran beunghar ogé ari teu agung mah tara dihargaan. Katiluna aing rék ménta loba anak, sangkan bisa nuluykeun raja jeung kabeungharanana.”

Sadatangna ka imahna, manéhna rék nyoba ménta beunghar. Tapi tuluy kapikir rék ménta duit baé. Da mun téa mah tuluy dibéré kuda, sapi, atawa ingon-ingon, kacipta réncédna da kudu dijual heula. Ari boga duit mah apan hayang naon baé gé bisa. Tapi manéhna kacalétot ngomong. Maksudna hayang loba duit, ari pok bet hayang loba ceuli. Barang keleweng téh batu dialungkeun, ngan breng baé awakna pinuh ku ceuli. Mani kawas tunggul anu pinuh ku lémbér.

Tukang angon gogoléran ceurik, awahing ku gila nénjo awak sorangan. Handeueuleun deuih, pédah paméntana anu kahiji geus mubadir. Barang geus leler, manéhna mikir deui. Ceuk gerentesna, “Ah keun baé henteu tulus jadi raja ogé, henteu boga anak loba ogé, asal jadi beunghar wé. Tapi ceuli nu matak pikagilaeun téh kudu leungit heula!”

Keleweng manéhna ngalungkeun deui batu anu kadua, sarta ménta sangkan ceuli anu rimbil dina awakna leungit kabéh. Les baé ceuli téh leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Tukang angon kacida bungaheunana sarta niatna rék ati-ati pisan dina nepikeun paménta anu katilu.

Tapi ras manéhna inget kana ceulina anu dua. Ari dicabak, bet milu leungit. Puguh baé kagéteunana tukang angon. Atuh ngan hing deui baé manéhna ceurik. Leuwih nyeri batan anu tadi, sabab paméntana ngan kari hiji deui.

“Kumaha ayeuna aing? Lamun ménta beunghar meureun aing jadi jalma tanpa daksa, teu boga ceuli. Lamun ménta didatangkeun deui ceuli, aing meureun angger malarat.”

Sanggeus bingung mikiran nasib, bet datang ilham tina pikirna anu beresih. “Leuwih hadé aing ménta didatangkeun deui dua ceuli anu asal, da ceuk kolot ogé apan awak anu walagri, sehat bari jagjag waringkas, leuwih utama batan kakayaan. Sarta saéstuna jalma anu beunghar téh nyaéta jalma anu narima kana kulak canggeum bagja. Narima kana takdirna. Kawas aing, da geus milikna jadi jalma malarat, euweuh sisit beunghar, nya rék ditarimakeun baé. Hanas éta teu boga dahareun, pakéeun, nya rék ihtiar baé, da awak lengkep kénéh, tanaga gedé. Mending néangan baé dunungan anu bageur!” pokna.

1. Mun ditilik tina palaku jeung eusina, dongéng di luhur kaasup kana dongéng….
a. Legénda
b. Mite
c. Fabél
d. Parabél
e. Sage 

2. Naon paménta ka hiji tukang angon téh?
a. Ménta loba anak
b. Ménta loba ceuli
c. Ménta loba duit
d. Ménta jadi raja
e. Ménta jadi pajabat

3. Kacalétot nyebut naon tukang angon téh basa ngajukeun paménta anu ka hiji? 
a. Ceuli
b. Kuli
c. Kawali
d. Duit 
e. Leungit 

4. Naon anu kapanggih ku tukang angon basa hudang tina kasaréanana?
a. Duit anu loba
b. Ceulina jadi loba
c. Anak-anakna 
d. Batu tilu siki
e. Domba jalu tilu

5. Amanat naon anu kapanggih tina éta dongéng?
a. Jadi jalma kudu narima kana takdirna
b. Jadi jalma kudu ihtiar ngangon
c. Jadi jalma kudu jadi tukang angon
d. Jadi jalma kudu bisa ngabantuan ka batur
e. Jadi jalma kudu beunghar

“Can digawé geus hayang ménta dahar!”
6. Paribasa atawa babasan anu luyu jeung kalimah di luhur nyaéta …..
a. Mipit kudu amit ngala kudu bébéja
b. Pupulur méméh mantun
c. Cul dog-dog tinggal igel
d. Asa ditonjok congcot
e. Ranggah méméh tandukan

7. Saéstuna jalma anu beunghar téh nyaéta jalma anu narima kana kulak canggeum bagja.
Kulak canggeum bagja hartina….
a. Milik hadé atawa goréng anu geus ditangtukeun ti ajalna kénéh ku Gusti Allah Nu Maha Suci
b. Milik pinanggih jeung kabagjaan ti Gusti Allah Nu Maha Suci
c. Ihtiar pikeun ngahontal kabagjaan dunia ahérat
d. Narima kana katangtuan Gusti Allah Nu Maha Kawasa
e. Milik hadé atawa goréng jalma teu sarua kabéh

8. Salah sahiji ciri karangan dongéng téh nyaéta ….
a. Palakuna jin jeung siluman
b. Témana ngeunaan kahirupan raja
c. Loba ditulis dina buku atawa majalah
d. Dina eusi caritana loba nu pamohalan
e. Eusina mangrupa nonfiksi

9. Dumasar kana eusina, dongéng anu disebut legénda téh nyaéta….
a. Dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepaneun.
b. Dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan.
c. Dongéng anu raket patalina jeung kapercayaan masyarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara anu goib.
d. Dongéng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina jeung sajarah.
e. Dongéng anu eusina nyaritakeun perjuangan atawa carita kapahlawanan dina médan peperangan.

10. Mun nilik kana eusina, dongéng Sasakala Situ Bangendit kaasup conto dongéng…..
a. Legénda
b. Fabél
c. Parabél
d. Mité/mitos
e. Sage

11. Dongéng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa disebut….
a. Sage
b. Fabél
c. Parabél
d. Legénda
e. Mité 

12. Runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur disebut unsur…..
a. Jejer
b. Latar
c. Palaku
d. Galur
e. Amanat 

Antara Asih jeung Adil

Hiji mangsa sabada ngudag-ngudag uncal dileuweung, Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa, bawaning ku halabhab, ngarinum di situ. Geus ngarinum patinggolépak maraot. Singhoréng cai talaga téh ngandung racun. Yudistira pohara susaheunana. Manéhna tuluy sasambat ka déwa, hayang maot babarengan.

Ceuk déwa, lamun bisa ngajawab tilu pertanyaan, Yudistira bariskaidinan ménta dihirupkeun deui  salah sahiji ti antara tilu urang dulurna nu tiluan. Pertanyaan téa, tiluanana gé kajawab ku Yudistira. Manéhna kaiidinan ménta dihirupkeun deui saurang ti antara tilu dulurna nu maraot. 

Yudistira pohara bingungeunana. Lila manéhna nimbang-nimbang, saha kira-kirana di antara tilu dulurna nu maraot nu kudu dihirupkeun deui. Da puguh kabéhanana ogé adi-adina anu dipikaasih. Kahayang mah kabéh dihirupkeun. Tapi Dewa ngan méré kasempetan hiji baé ti antara Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa. 

Sanggeus lila nimbang-nimbang, Yudistira ahirna ménta Nakula nu dihirupkeun deui téh. Déwa pohara héraneunana. Naha bet henteu Arjuna anu ku Yudistira pangdipikaasihna jeung anu disiapkeun pikeun neruskeun kaprabon. Arjuna téh apan pangéran dipati. 

Walon Yudistira, “Lamun Arjuna anu hirup deui, atuh para putra Ibu Kunti harirup kabéh. Ari putra Ibu Madrim paraéh kabéh. éta henteu adil. Lamun Ibu Madri terangeun kana éta kateuadilan tada teuing kanyenyerianana. Tapi lamun Nakula anu hirup deui, jadi Ibu Kunti jeung Ibu Madri pada kapapaténan ku anakna hiji séwang. éta adil. Ka Arjuna lain henteu nyaah, tapi kanyaah téh henteu kaci ngalindih kaadilan.” 

Déwa pohara panujueunana kana timbangan Yudistira anu sakitu adilna. Pikeun ganjaranana, dulurna anu tiluan dihirupkeun deui.

13. Mun ditilik tina carita jeung tokoh-tokohna, carita di luhur ka asup kana ....
a. Dongéng
b. Carpon
c. Babad 
d. Carita Wayang
e. Novél

14. Diantara Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadéwa, saha anu pang gedéna?
a. Nakula
b. Yudistira
c. Arjuna
d. Sadéwa
e. Bima 

15. Saha indungna Nakula jeung sadéwa téh?
a. Kunti
b. Madrim
c. Gangga
d. Gandari
e. Srikandi

16. Saha anu dipilih ku Yudistira pikeun dihirupkeun deui ku Déwa téh?
a. Arjuna
b. Sadéwa
c. Kabeh di pilih
d. Nakula
e. Bima

17. Dina carita Wayang Mahabarata aya kajadian perang anatara Kurawa jeung Pandawa, perang éta di sebut perang....
a. Perang Bantar Yuda
b. Perang Baratayuda
c. Perang Pamuk
d. Perang Barata
e. Perang Setra

18. Kajadian perang anatara Kurawa jeung Pandawa nyaéta di....
a. Tegal Kurusetra
b. Tegal Barata
c. Tegal Baratayuda
d. Tegal Aléngka
e. Tegal Yudistira

19. Nu jadi tokoh protagonis dina carita wayang Ramayana nyaéta.....
a. Rama jeung Sinta
b. Kumbakarna jeung Rahwana
c. Rahwana 
d. Rahwana Jeung Sinta
e. Wibisana jeung rahwana

20. Tempat kajadian perang antara pasukan Rama jeung Rahwana nyaéta di....
a. Tegal Kurusétra
b. Kerajaan Ayodya
c. Kerajaan Ramayana
d. Kerajaan Aléngka
e. Leuweung Dandaka


Kanggo soal lengkepna sareng kunci jawabanna tiasa di download dina link ieu di handap!
Mangga klik kanggo ngadownloadna. 

Soal Prediksi PTS Bahasa Sunda SMA/MA/SMK/MAK Semester 2 Kurikulum 2013 Kelas 10 Terbaru Plus Kunci Jawaban Mangga Download

Anu bade kopas supados nyantumkeun sumber asli soal ieu.

Pamugia Soal Prediksi PTS Bahasa Sunda SMA/MA/SMK/MAK Semester 2 Kurikulum 2013 Kelas 10 Taun Pangajaran 2018-2019 ieu mangfaat kanggo sadayana. 

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Soal Prediksi PTS Bahasa Sunda SMA/MA/SMK/MAK Semester 2 Kurikulum 2013 Kelas 10 Terbaru"

Post a Comment