Soal Latihan US Bahasa Sunda SD/MI

carasunda.com- Soal Latihan US Bahasa Sunda SD/MI

Soal Latihan US Bahasa Sunda SD/MI ieu tiasa di unduh/download langsung. Teras pelajari nya! margi pami diingkeun wae moal mangfaat. 

Soal Latihan US Bahasa Sunda SD/MI ieu kanggo latihan dina raraga tatahar mayunan Ujian Sekolah Berstandar Nasional (USBN) atanapi Ujian Sekolah (US). Soal Latihan US Bahasa Sunda SD/MI ieu mangrupakeun soal-soal kanggo pendalaman materi janten sifatna mung saukur bahan latihan wae.

Soal Latihan US Bahasa Sunda SD/MI ieu parantos aya konci jawabanna, janten bakal langkung gampil nalika dipelajari.

Nah, ieu aya sababaraha nomer conto Soal Latihan US Bahasa Sunda SD/MI :

1. Buruan sakola katingali éndah. Di sisi jalan kénca katuhu dipelakan rupa-rupa kekembangan nu sareungit.
Karangan di luhur nyaritakeun kaéndahan sakola, karangan sarupa kitu disebut .........
A. Sorangan C. Éksposisi
B. Pamadegan D. Paparan

2. Murid-murid SD Mekar Jaya keur kerja bakti meresihan pakarangan sakola. Sakabéh murid ti kelas hiji nepi ka kelas genep milu kerja bakti. Hal poko nu dicaritakeun nyaéta .........
A. Guru-guru C. Sakabéh murid
B. Kerja bakti D. Murid-murid sd

3. Pamaréntah Indonésia baris ngabébaskeun biaya pendidikan dasar ti mimiti taun ajaran 2005.
Hal poko tina warta radio di luhur nyaéta ........
A. Indonésia
B. Biaya pendidikan
C. Taun ajaran 2005
D. Bébas biaya pendidikan dasar

4. Kerja bakti geus lumangsung ti baheula nepi ka kiwari.
Baheula hartina nu geus lila kaliwat.
A. Waktu C. Poé
B. Buku D. Bulan

5. Kerja bakti saméméhna dibéwarakeun heula.
Dibéwarakeun sasaruaan tina .....
A. Disaruakeun C. Dikerjakeun
B. Diumumkeun D. Dicaritakeun

6. Karangan karangan nu nerangkeun hiji
kajadian supaya karasa jadi éndah atawa jadi kapincut.
A. Sorangan C. Murid
B. Batur D. Éksposisi

7. Masarakat Désa Sukaluyu mangrupakeun masarakat anu digawé jeung resep
kabersihan.
Lengkepan kalimah di luhur!
A. Rajin C. Kerja
B. Males D. Hirup

8. Masarakat Désa Sukaluyu sadar yén kerja bakti loba ngadatangkeun ........................
Lengkepan kalimah di luhur!
A. Masalah C. Duit
B. Mangpaat D. Sampah

9. Kerja bakti di RT 02 Désa Sukaluyu biasana
............... ku ketua RT langsung.
Lengkepan kalimah di luhur!
A. Ditingali C. Dipingpin
B. Dibaca D. Diganggu

10. Pakarangan sakola ditata kalayan hadé.
Naon hartina kecap hadé ?
A. Tetap C. Akan
B. Jelék D. Baik

Kanggo ngadownload/unduh Soal Latihan US Bahasa Sunda SD/MI anu lengkepna mangga klik wae dina tautan ieu di handap!


Pamudah-mudahan Soal Latihan US Bahasa Sunda SD/MI ieu mangfaat kanggo anu meryogikeun. Hususna  kanggo para siswa SD/MI Kelas 6 dina raraga tatahar mayunan Ujian Sekolah Berstandar Nasional (USBN) atau Ujian Sekolah (US). 

Subscribe to receive free email updates:

7 Komentar untuk "Soal Latihan US Bahasa Sunda SD/MI"