Wilujeng Sumping Selamat Datang

Soal Prediksi USBN Bahasa Sunda SMA/SMK Terbaru Plus Pembahasan

carasunda.com- Soal Prediksi USBN Bahasa Sunda SMA/SMK Terbaru Plus Pembahasan
 
Soal Prediksi USBN Bahasa Sunda SMA/SMK ieu tiasa di download langsung. Soal ieu tiasa dianggo latihan kanggo tatahar dina mayunan USBN Bahasa Sunda.
 
Soal Prediksi USBN Bahasa Sunda SMA/SMK sae pisan kanggo ngalatih sareng ngukur kompetensi para siswa SMA/SMK atanapi MA/MAK.
 
Soal Prediksi USBN Bahasa Sunda SMA/SMK ieu mangrupikeun soal Tes Pendalaman Materi (TPM) anu disusun ku Tim Guru Bahasa Sunda SMK Darussalam. Tangtosna wae soal ieu tebih tina kasampurnaan, Soal ieu teu sadaya ngawengku kisi-kisi USBN Bahasa Sunda 2018-2019 anu tos ditetepkeun.
 
Conto Soalna sapertos kieu :
 
Dadang    : Mulih ti mana ieu téh?
Deden        : Ti bumina Pa RT. Aya peryogi ngalereskeun KTP pun bapa.
Dadang    : Oh, ical atanapi kumaha KTP tuang rama téh?
Deden        : Henteu ari ical mah, mung ku pun adi diguntingan. Disangkana cocooan. Éta tuda ku pun biang disimpenna dina laci méja, teu disimpen dina lomari.
Dadang    : Kutan.
 
1.    Perkara naon anu keur digunemkeun ku Dadang jeung Deden?
a.    Ngabenerkeun KTP                D. Neangan KTP
b.    Menta KTP                    E. Leungit KTP
c.    Meuli KTP
 
2.    Kumaha bahasa dua palaku anu ka gambar dina paguneman di luhur?
a.    Sompral                    D. Loma
b.    Kasar                         E. Lemes
c.    Basajan
 
Ti Kebon kana Carpon
Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéhna mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy, tanggal 23 Séptémber 1963. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh. Karya-karyana anu mimiti dimuat dina mingguan Giwangkara jeung Mingguan Pelajar.
Tuluyna mah Cécép leuwih loba ngarang dina basa Sunda. Carponna anu mimiti dijudulan “Kaleleban’, dimuat dina majalah Manglé. Harita Cécép téh sakolana di SMA kénéh.
Kungsi digawé di perkebunan entéh Patuha, meunang opat taun. Salila digawé di perkebunan, Cécép tetep nulis carpon. Sakapeung-kapeungeun turun gunung ka Bandung, ruang-riung jeung papada pangarang Sunda.
Taun 1987, Cécép digawé di majalah Manglé. Meunang sapuluh taun. Undur ti dinya, anjeunna kungsi jadi wartawan di sababaraha surat kabar. Di antarana di majalah Tiras jeung tabloid Detak di Jakarta. Ayeuna Cécép jadi Wakil Pingpinan Rédaksi Koran Tribun Jabar.
Carita pondokna anu dijudulan “Bilatung” dilélér Hadiah Sastra Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) taun 1990. Carpon séjénna anu kungsi dilélér hadiah LBSS nyaéta “Tilu Potrét Jalma dina Album Kuring”, “Nu Luncat tina Beus, Maleman Taun Baru”, jeung “Sangkakala”.
 
3.    Wacana di luhur kaasup kana jenis wacana  ….
A.    Biografi                        D. Hikayat
B.    Otobiografi                        E. Riwayat       
C.    Geografi       
 
4.    Cecep Burdansyah lahir di……
A.    Ciwidey, 22 September 1963                D. Ciwidey, 25 September 1963
B.    Ciwidey, 23 September 1963                E. Ciwidey, 26 September 1963
C.    Ciwidey, 24 September 1963
 
5.    Ti iraha Cecep Burdansyah mimiti sok ngarang?
A.    Ti keur TK                         D. Ti keur SMA
B.    Ti keur SD                         E. Ti keur SMK
C.    Ti keur SMP
 
6.    cikrck; ni NgN btuᮤ ᮀᮌᮀ ᮘᮒ
A.    Cikaracak ninggang batu                D. Cikaracak laun-laun jadi batu
B.    Cikaracak ninggang kana batu            E. Lila-lila jadi legok
C.    Cikaracak ninggang bata
 
7.    Akasara sunda anu bener tina kecap “hampang birit” nyaeta…..
A.    ᮠhm;pN burut; ᮘᮤᮛᮤᮒ᮪             D. ᮠhmpN birit;
B.    ᮠham;pN birit;ᮤᮒ᮪                E. ᮠhm;pN birit;ᮤᮒ᮪
C.    ᮠhm;pG birut;ᮙ᮪ᮕᮀ ᮘᮥᮛᮤᮒ᮪
 
8.    Dina aksara sunda angka 7 sawanda jeung aksara......
A.    Sa                C. La            E. Ya
B.    Ra                D. Ya                   
 
9.    Tanda vokalisasi pangwisad digunakeun dina nuliskeun kecap.......
a.    Gagak                C. Gading        E. Laleur
b.    Gajah                D. Kuda
 
Si Kabayan Meuleum Lauk

Ku bapana. Si Kabayan dititah masantrén di hiji lembur nu rada mencil. Masih kénéh tradisonal pasantrénna téh. Saréna di kobong ngampar samak jeung sababaraha urang baturna. Daharna sangu liwet. Ngaliwetna reremenna mah sorangan-sorangan, tapi sakapeung mah babarengan. Mun ngaliwetna dihijikeun sangu liwetna ditamplokeun kana cécémpéh nu diamparan daun cau, terus didalahar babarengan.
Deungeun sanguna saaya-aya. Mun tas balik mah teu hésé, da sok dibekelan ku kolotna, sarundéng, kéré lauk, jeung sajabana. Mun teu boga deungeun sangu, Si Kabayan sok nyair di solokan leutik nu teu jauh ti kobongna sakalian bari néangan suluh keur ngaliwet. Mun nyair, sakapeung teu beubeunangan, sakapeung mah meunang berenyit, lélé, hurang, jeung lauk sejenna nu kaparengan palid ti balong.
Hiji mangsa, waktu isuk-isuk nyair di solokan, Si kabayan meunang anak lauk emas sagedé indung leungeun dua siki. Atuh atoheun pisan. Laukna diteundeun buni pisan, bisi dihakan ucing. Si Kabayan ngaliwet, sanggeus asak teu terus meuleum lauk.
“Moal waka dibeuleum bisi babaturan ménta, engké uing moal kabagéan,” ceuk haténa. Atuh baturna dalahar, Si Kabayan mah kalah ka kekedengan.“Can hayang dahar, teu ngarareunah awak,” pokna waktu ditanya kubabaturanana.
Réngsé dalahar, babaturanana kalaluar ti kobong rék arulin, Si Kabayan hudang, terus muru hawu. Ngan seuneuna geus pareum, geus euweuh ruhayan, malah hareupeun hawuna dihéésan ucing. Ku Si kabayan ucingna digebah, tuluy mirun seuneu. Sanggeus suluhna ruhay, anak lauk emas dibeuleum. Bari ngadagoan beuleum lauk asak, Si Kabayan ngala céngék ti pipir kobong, diréndos maké uyah dina coét.
Geus kitu, ngeduk liwet tina kastrol, diwadahan kana piring séng. Si Kabayan muru hawu, leungeun katuhuna nanggeuy piring séng, leungeun kencana nyekel coét. Barang diteang, seuneuna geus pareum kawantu suluhna ngan seeutik, malah geus ampir jadi lebu. Atuh beuleum laukna téh kurumuy, hideung jeung pinuh lebu, geus teu mangrupa lauk……..
 
10.    Dongeng di luhur kaasup kana dongeng ….
a.    Fabel                C. Pamuk            E. Sasakala
b.    Parabel                D. Mite
 
11.    Saha palaku utama dina eta dongeng?
a.    Si Kabayan            C. Bapak Si Kabayan        E. Lauk emas
b.    Ki Santri            D. Kiyai
 
12.    Pandawa dina carita wayang Mahabarata nyaeta Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadewa. Diantara anu limaan eta saha anu pang gedena?
a.    Nakula                C. Yudistira            E. Arjuna
b.    Sadewa             D. Bima
 
13.    Saha indungna Nakula jeung Sadewa dina carita wayang Mahabarata?
a.    Kunti                C. Madrim             E. Gangga
b.    Gandari             D. Srikandi
 
14.    Perang Baratayuda anatara Kurawa jeung Pandawa dina carita wayang Mahabarata, nyaeta di....
a.    Tegal Kurusetra        C. Tegal Barata        E. Tegal Baratayuda
b.    Tegal Alengka            D. Tegal Yudistira
 
15.    Nu jadi tokoh protagonis dina carita wayang Ramayana nyaeta.....
a.    Rama jeung Sinta            D. Kumbakarna jeung Rahwana   
b.    Rahwana Jeung Sinta            E. Rahwana
c.    Wibisana jeung rahwana
 
16.    Tempat kajadian perang antara pasukan Rama jeung Rahwana nyaeta di....
a.    Tegal Kurusetra            D. Kerajaan Ayodya       
b.    Kerajaan Alengka             E. Kerajaan Ramayana
c.    Leuweung Dandaka

Hérang teuing cai jamjam
diuyup karasa tiis
mani nyecep kana badan
nyerep kana tulang sandi
saregot tambah deui
mépés késang anu juuh
lantaran leumpang gancang
urut tawap ujag-ajig
awak seger karasa jagjag waringkas
 
17.    Guguritan di luhur di tulis ngagunakeun patokan pupuh.....
a.    Asmarandana            C. Dangdanggula        E. Balakbak
b.    Sinom                D. Kinanti
 
18.    Watek guguritan di luhur nyaeta.....
a.    Senang, Gumbira        C. Bingung, Sedih        E. Nganti-nganti
b.    Agung, Agem            D. Silih asih, Kasmaran
 
19.    Patokan pupuh kinanti nyaeta....
a.    8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i                D. 8u, 8i, 8a, 7i, 8a, 8i       
b.    8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 7i                E. 8u, 8i, 8a, 8i, 7a, 8i
c.    8u, 8i, 7a, 8i, 8a, 8i
aya lumut dina batu,
aya kuya di muara.
Kedah tumut kana waktu,
di dunya urang ngumbara
 
20.    Mun ditilik tina wangunna sisindiran di luhur ka asup kana wangun....
a.    Rarakitan            C. Wawangsalan        E. Guguritan
b.    Paparikan            D. Rarakitan jeung Paparikan
21.    Mun ditilik tina eusina sisindiran di luhur kaasup kana...
a.    Silih Asih            C. Banyol            E. Hereuy
b.    Sesebred            D. Piwuruk
 
22.    Abdi teh kapiring leutik
Kaisinan ku gamparan
Wangsalna........
A.    Piring                C. Kuring            E. Leutik
B.    Pisin                D. Isin

COLÉNAK
Urang tuang colénak
raos seger matak séhat kana awak
pangaosna cukup ku sapuluh pérak
moal rugi ngaluarkeun eusi pésak
Colénak dicocol énak
anu ompong ogé teurak
mangga geura carobian
colénak beuleum dadakan
Colénak peuyeum Bandung
katuangan sederhana istiméwa
cacah menak sagala pada misuka
moal puyeng najan séép tilu piring
Colénak dicocol énak
kakoncara sabuana
kaolahan urang Sunda
warisan kolot baheula
 
23.    Kawih di luhur diwangun ku sabaraha pada?
A.    Sapada             C. Tilu pada            E. Lima pada
B.    Dua pada            D. Opat pada                 
 
24.    Amanat dina rumpaka kawih colenak nyaeta….
A.    Ngajak sangkan ngamasarakatkeun kadaharan tradisional nu ngaranna colénak
B.    Ngajak sangkan ngamasarakatkeun kadaharan tradisional nu ngaranna eslilin
C.    Ngajak sangkan ngamasarakatkeun kadaharan tradisional nu ngaranna peuyeum
D.    Ngajak sangkan ngamasarakatkeun kadaharan tradisional Jawa Barat
E.    Ngajak sangkan ngamasarakatkeun kadaharan tradisional Sunda
 
25.    Rasa nu ka panggih dina eta kawih colenak nyaeta….
A.    Ngabéjakeun ngeunahna (pelem) éta kadaharan, sajaba ti murah hargana
B.    Ngabéjakeun cara ngiuen éta kadaharan nu murah
C.    Ngabéjakeun ngeunahna rupa-rupa kadaharan jawa barat
D.    Ngabéjakeun tradisi anu aya di tatar sunda
E.    Ngabéjakeun rupa-rupa kadaharan anu ngeunah tur murah
Baca sempalan sajak ieu di handap!
Mun seug nataan pangulinan taya tegal nu lega
Taya alun-alun nu liuh
Taya cikapundung nu canémbrang hérang
Taya jalan titincakan

Nu daratang sungkan mulang
Pribumi milih ka sisi
Geus sirna ciri nu matri
Sawarga di Tatar Sunda
Héjo lémbok ngarangrangan
Napsu ngaberung na jungkiring padumukan
Enya gé aya nu mitineung lembur
Ngan ukur lembur cicirén
 
26.    Dumasar pada kahiji sajak di luhur katangén sikep panyajak téh hayang ngabéjaan ka nu maca yén dayeuh bandung téh.....
a.    Henteu pikabetaheun                D. Ukur jadi cicirén
b.    Loba wangunan jangkung            E. Loba sémah nu datang
c.    Henteu mitineng lembur
 
27.    Naon ciri nu matri kaayaan di Tatar Sunda téh?
A.    Walungan anu caina kotor            D. Loba nu ngaberung napsu
B.    Loba wangunan jangkung            E. Jungkiringna padumukan
C.    Tanah jeung tatangkalan nu héjo lémbok
 
28.    Najan nepi ka ceurik getih oge, moal ditolih.
Kalimah di luhur kaasup kana gaya basa….
A.    Mijalma (personofikasi)            D. Rautan (eupimisme)
B.    Rarahulan (hiperbola)                E. Sindir
C.    Ngasor (litotes)
 
29.    Mantra asalna tina basa sansekerta nu hartina….
A.    Ajian                        D. Jampe
B.    Asihan                        E. Singlar
C.    Rajah
 
30.    Mantra anu dipakena pikeun nyinglar jurig, siluman, jin, kuntilanak, sasatoan, (sato galak), hama di sawah atawa dikebon, jeung bangsa lelembut sejenna, disebut….
A.    Ajian                        D. Jampe
B.    Asihan                        E. Singlar
C.    Rajah

Bismillahirrahmananirrahiim
Prot putih sangkana jadi
Ciduh aing nu teu matak metu
Kasurung ku daging jadi
Pet rapet kukersaning Allah
 
31.    Puisi matra di luhur mangrupakeun jampe pikeun…
A.    Jampe budak hareeng                D. Jampe neangan rejeki
B.    Jampe budak ngarah calakan            E. Jampe indit-inditan
C.    Jampe raheut/kakeureut atawa kakadek
 
32.    Maca atawa ngucapkeun mantra disebut….
A.    Ngaos                        D. Ngawatek
B.    Ngaji                        E. Ngaguar
C.    Mapatkeun
 
33.    Mantra anu dipakena pikeun ngawasa sukma atawa hate batur sangkan resepeun atawa sukaeun ka nu macana disebut….
A.    Jangjawokan                    D. Rajah
B.    Ajian                        E. Asihan           
C.    Jampe
Warta
Bandung - Intensitas hujan anu ageung nu turun di wilayah Kabupaten Bandung, Jawa barat, Senen (9/12/17) sonten, nyebabkeun pergeseran taneuh di Kacamatan Ibun anu nyebabkeun taneuh longsor diwilayah eta.
Kapolsek Ibun Iptu Asep Dedi, nyarioskeun yen taneuh longsor kasebat kajadian di Lembur Keusik Rincang RT 02/02, Desa Dukuh, Kacamatan Ibun, kira-kira tabuh 19.30 WIB.
Pergeseran taneuh longsor dina panjang 15 meter, lebar 4 meter, sarta luhur 6 meter eta nimpah salah sahiji imah boga warga anu aya disakitaran tempat kajadian eta.
 
34.    Warta di luhur kaasup kana warta….
a.    Feature                C. Warta Budaya        E. Wartakota
b.    Spot News            D. Sport News
 
35.    Desa Cibolérang adalah salah satu di antara tiga desa yang membentuk kota kewedanaan (kini kecamatan) Jatiwangi.
Tarjamahan kalimah di luhur upama dina basa sunda anu paling bener nyaeta….
a.    Désa Ciborélang téh nyaéta salah sahiji ti tilu désa nu ngawengku kota Kawadanan (ayeuna mah kacamatan) Jatiwangi.
b.    Désa Ciborélang téh mangrupa salah sahiji tina tilu désa nu ngawangun kota Kawadanan (ayeuna mah kacamatan) Jatiwangi.
c.    Désa Ciborélang téh salah sahiji ti tilu désa nu ngawangun kota Kawadanan (ayeuna mah kacamatan) Jatiwangi.
d.    Désa Ciborélang nyaéta salah sahiji tina tilu désa nu aya di kota Kawadanan (ayeuna mah kacamatan) Jatiwangi.
e.    Désa Ciborélang téh ka asup salah sahiji tina tilu désa anu aya di kota Kawadanan (ayeuna mah kacamatan) Jatiwangi.
 
36.    Geus daékeun  pibujangeun téh  rék  dibéré  dalapan ratus lima puluh rébu  sabulanna.  Tapi naha ari rék dijadikeun bet . . . teu   puruneun,   majar   manéh   rék mulang   deui   ka   lemburna,   melang ka   anakna  nu dipihapékeun  di  ninina.
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta….
a.    Dumadakan            C. Ngadadak            E. Didadak.
b.    Dadak sakala             D. Dibedokeun
 
37.    Ku sabab kuring teu boga duit keur meuli karcis, tapi ari lalajo maén bal pohara  hayangna,   tuluy   baé   . . .  tina sela-sela pager pangubeng lapang.
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta….
a.    Nenjo                C. Nempo            E. Melong
b.    Ngilikan             D. Noong
 
38.    Geura  . . . ngomong, entong asa-asa, naon anu jadi pamaksudan téh?
Kecap anteran anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta….
a.    Gorowok            C. Sok                E. Beletak
b.    Pok                D. Haok
 
39.    Alhamdulillah, acara demi acara parantos réngsé dilaksanakeun. Sateuacan sim kuring pamit, kalayan asmana panata calagara neda dihapunten tina samudaya kalepatan sareng kakirangan. Hatur nuhun kana samukawis perhatosanana. Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.
Paragraf di luhur mangrupa….
a.    Bubuka panata acara        B. Paturay tineng         E. Panutup panata acara
b.    Eusi panata acara        E. Sanduk-sanduk papalaku
 
40.    Pangarang méré pituduh ngeunaan naskah nu rék dipentaskeun. Biasana dimimitian ku sinopsis, terus nataan sakur tokoh nu ngalalakon katut kateranganana; ngaranna, umurna, pasipatanana, paripolahna, hubunganana jeung tokoh séjén, jsté.
Hal eta kaasup kana bagian……drama.
a.    Prolog                C. Dialog            E. Alog
b.    Epilog                D. Monolog

 
Kanggo Soal Prediksi USBN Bahasa Sunda SMA/SMK anu lengkep sareng kunci jawabanna, mangga klik link ieu di handap!
 


Pamugia Soal Prediksi USBN Bahasa Sunda SMA/SMK ieu mangfaat.

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Soal Prediksi USBN Bahasa Sunda SMA/SMK Terbaru Plus Pembahasan"

Post a Comment