Prediksi Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 Terbaru

 Carasunda.com-Prediksi Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 Terbaru


Berikut ini kumpulan Prediksi Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 terbaru semester 2.

Prediksi Soal PAT Mata Pelajaran Bahasa Sunda Kelas 8 pada semester 2 ini, materinya diambil dari buku bahasa sunda Gapura Basa kelas 8.

Prediksi Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 Terbaru berikut ini hanya digunakan sebagai referensi pembelajaran siswa. Atau bahan Latihan para siswa atau rujukan para bapak dan ibu guru Bahasa Sunda dalam Menyusun soal PAT Bahasa Sunda kelas 8.

Bagi para siswa, dengan membaca dan berlatih soal-soal sebelum melaksanakan PAT sangat bermanfaat. Berlatih mengerjakan soal PAT Bahasa Sunda dapat mengukur kemampuan para siswa sejauh mana penguasaan materi semester 2 ini yang sudah dikuasai. 

Dalam kumpulan Prediksi Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 2 ini sudah dilengkapi kunci jawaban. Dengan demikian mengukur kemampuan belajar kita juga menjadi lebih mudah.

Berikut Prediksi Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 Terbaru :


Di PipirTajug

Karangan Mien Resmana

Di lebak téh aya balong, meujeuhna gedéna. Di  juru beulah kalér aya tajug. Gigireunana aya pancuran, caina hérang ngagelenggeng. Cinyusu kitu. Teu jauh ti dinya, aya pamiceunan. Paranti urang tonggoh nu teu boga pamiceunan sorangan. Barang Tisna jeung Cécép rék arasup ka pancuran, ti jero tajug aya anu ka luar bangun rusuh. Ana prok padeuleu beungeut, itu reuwas ieu kagét. Ngajarengjen salila-lila.

“Tas naon, Kuk ... ti tajug?” ceuk Tisna.

Ikuk nu kakara ka luar ti tajug, samar polah. Leungeun katuhuna disumputkeun ka tukang, bari pokna, “Eu ... henteu. Taeun, Tis ... lohor heula...” omongna geumpeur.

“Sisinarieun euy, mani ngahagal salat di dieu! Ari éta naon?” omong Cécép nyampeurkeun.

“Ah lain nanaon ...,” témbal Ikuk bari undur-unduran. Leungeun katuhuna nyekel bungkusan. Tisna jeung Cécép wuwuh ngangseg. Curiga ku polah Ikuk, kek baé Cécép nyekel leungeun Ikuk. Bungkusna téa dirébut ku Tisna. Barang dibuka sihoréng ... duit. Kabéhna aya tilu rébu pérak.

(Dicutat tina buku Gapura Basa kelas VIII kaca 100 ) 

1. Sanggeus maca sempalan carita di luhur, saha anu kapanggih nyumputkeun duit Pa Jaja téh?

a. Ikuk b. Cécép c. Tisna d. Maman

2. Amanat tina carita pondok di luhur nyaéta . . .

a. hirup téh kudu kréatif c. hirup téh kudu béréhan

b. hirup téh kudu jujur d. hirup téh kudu getol

3. Latar anu dipaké dina éta carita nya éta . . .

a. sisi balong b. di Pancuran c. di jero tajug d. di lebak

4. Wangun karangan basa lancaran anu teu ngandung unsur pamohalan, tapi napak dina kanyataan hirup sapopoé disebut . . .

a. dongéng b. carpon c. novel d. drama

5. Kecap anu gunana pikeun ngantebkeun bagian kalimah anu dipentingkeun disebut kalimah . . .

a. panganteb b. aspék c. panangtu d. panahap


6. “Har, na kunaon indung manéh téh, Tis?”

Dina kalimah di luhur mana kecap nu kaasup kecap panganteb?

a. har b. na c. ku naon d. téh

7. “Ceuk kuring … ulah saré peuting teuing, bisi kabeurangan.

Kecap panganteb nu luyu dina kalimah di luhur nya éta ...

a. b. mah c. téa d. baé

8. Hal-hal anu perlu ditétélakeun dina nyaritakeun laporan kajadian, diantarana nya éta . . .

a. tempat anu rék dilaporkeun c. tempat kajadian

b. saha baé anu diwawancara d. puseur implengan

Jalan-jalan ka Guha Pawon

Ti musieum teras ngajugjug Guha Pawon. Motor diparkir handapeun guha. Upami badé ka Guha Pawon kantun naék. Guha Pawon téh kaétang lega. Di lebetna aya sababaraha guha deui, diantawisna Guha Lega, Guha kopi, Guha Barong, Guha Tanjung sareng Guha Poék. Di dinya ogé aya balong alit, anu katelah Sumur Bandung. Hanjakal harita mah caina nuju saat, da tara salawasna aya caian.

Ti Guha urang tiasa ningali pamandangan alam anu kacida éndahna. Gunung sareng pasir kapur, anu mangrupa sésa-sésa jaman purba, tingjalegir di tengah pasawahan, kebon, sareng pakampungan. Katingal aya sawatawis jalmi anu nuju panjat tebing. Mémang di sabudeureun Guha Pawon aya pasir-pasir kapur anu sok dijadikeun tempat panjat tebing.

Di Guha Pawon, salian ti ningal kaéndahan alam téh, abdi gé kénging pangaweruh perkawis kahirupan jaman purba. 

Wangsulna nyimpang heula ka warung caket muséum. Ngagaleuh oléh-oléh kanggo Kang Adi, nya éta dodol jambu batu beureum.


9. Naon sababna Guha Pawon disebut objék wisata sajarah?

a. kantos kapendak tulang-taléng manusa purba

b. guha Pawon titinggal jaman Purba

c. lantaran aya catatan dina sajarahna

d. aya titinggal barang-barang jaman manusa purba


10. Di Jero Guha Pawon téh aya deui sababaraha guha nya eta Guha…

a. Guha Balong, Guha Lega, Guha Kopi jeung Guha Tanjung.

b. Guha Kopi, Guha Tanjung, Guha Barong jeung Guha Poék.

c. GuhaTanjung, Guha Kopi, Guha Balong jeung Guha Poék.

d. Guha Pawon, Guha Lega, Guha Kopi jeung Guha Tanjung.


11. Oléh-oléh khas ti Guha Pawon téh nya éta …

a. batu karang b. batu akik c. galéndo d. dodol jambu batu


12. Basa anu dipaké ku Putri Éndah dina nyaritakeun laporan kajadian Guha Pawon ngagunakeun basa …

a. basa loma b. basa kasar c. basa sedeng d. basa hormat


13. Mana di handap ieu kalimah anu ngandung harti saujratna

a. pantes beunghar ogé da si Féril mah gawéna di tempat baseuh!

b. cik sugan boga duit tiis kuring nginjem Kang!

c. haté si André mah teuas hésé dionggét-onggétna.

d. Nopal maké baju baseuh balik Pelantikan Pramuka.


14. ”Abong keur haneut, usaha Mang Asép ayeuna mah untug baé”. 

Ieu kalimah ngandung harti injeuman maksudna?

a. usahana keur ramé c. usahana untung

b. usahana keur ripuh d. usahana maju


15. Mana kecap anu ngandung harti injeuman dina kalimah di handap ieu!

“Rupana mah geulis Si Saliyem téh, ngan hanjakal uteukna kuled!”

a. geulis b. hanjakal c. utekna d. kuled


Silahkan download Prediksi Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 Terbaru Semester 2 Klik Di Sini

Silahkan download Kunci Jawaban Prediksi Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 Terbaru Semester 2 Klik Di Sini


Demikian Postingan kami tentang Prediksi Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 Terbaru Semester 2. Semoga kumpulan Prediksi Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 2 ini bermanfaat.  


Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Prediksi Soal PAT Bahasa Sunda Kelas 8 Terbaru"

Post a Comment