Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas 11 Semester 1

carasunda.com- Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas 11 Semester 1 TP. 2018/2019
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas 11 ieu tiasa di download langsung. Soal ieu tiasa dianggo latihan kanggo tatahar dina mayunan Ulangan Tengah Semester/Penilaian Tengan Semester Bahasa Sunda tingkat SMA/SMK/MA/MAK Semester Ganjil.
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas 11 Semester 1 ieu sae pisan kanggo ngalatih sareng ngukur kompetensi para siswa SMA/SMK atanapi MA/MAK.
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas 11 Semester 1 di handap ieu mangrupikeun soal Tes Pendalaman Materi (TPM) anu disusun ku Tim Guru Bahasa Sunda SMK Darussalam. Tangtosna wae soal ieu tebih tina kasampurnaan, Soal ieu ngawengku kisi-kisi UTS/PTS Bahasa Sunda anu nyoko kana kurikulum 2013 revisi anu tos ditetepkeun.

Conto Soalna sapertos kieu :

SOAL PREDIKSI UTS/PTS SMA/SMK/MA/MAK


Mata Pelajaran    : Bahasa Sunda
Kelas/Semester     : XI (sebelas)/1 (satu)

I.    Pilih jawaban nu pang benerna ku cara nyakra (X) akasara A, B, C, D atawa E !

COLÉNAK
Urang tuang colénak
raos seger matak séhat kana awak 
pangaosna cukup ku sapuluh pérak
moal rugi ngaluarkeun eusi pésak 

Colénak dicocol énak 
anu ompong ogé teurak 
mangga geura carobian 
colénak beuleum dadakan

Colénak peuyeum Bandung
katuangan sederhana istiméwa
cacah menak sagala pada misuka
moal puyeng najan séép tilu piring 

Colénak dicocol énak 
kakoncara sabuana 
kaolahan urang Sunda 
warisan kolot baheula

1.    Sabaraha pada kawih di luhur?
a.    5 pada                        d. 2 pada       
b.    4 pada                        e. sapada
c.    3 pada   

2.    Kawih di luhur unggal padana di wangunku….padalisan.
a.    Sapada                        d. 4 padalisan
b.    2 padalisan                    e. 5 padalisan
c.    3 padalisan

3.    Perkara naon eusi anu dihaleuangkeun dina eta kawih?
a.    Katuangan has Sunda nyatana Colenak
b.    Murahna pangaos katuangan has Sunda
c.    Raosna katuanga has Sunda
d.    Seueurna katuangan has Sunda
e.    Katuangan has Sunda dina Jaman kiwari

4.    Eusi dina pada ka opat dian kawih di luhur nyaeta…
a.    Pangaos Colenak anu murah
b.    Enak sareng pelemna Colenak
c.    Cara ngadamel Colenak
d.    Kakoncarana katuangan Colenak
e.    Colenak asalna tina peuyeum Bandung

5.    Unsur rumpaka kawih anu ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan anu aya dina rumpaka kawih, disebut unsur…
a.    Rasa                        d. Tema
b.    Nada                        e. Jejer
c.    Amanat

6.    Sikep nu nulis rumpaka kawih nu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca, upamana  sedih, nalangsa, handap asor, sombong, éra, hanjakal, jeung sajabana, mangrupa unsur rumpaka kawih nu disebut….
a.    Rasa                        d. Tema
b.    Nada                        e. Jejer
c.    Amanat

7.    Hidep tangtu apal kana kawih anu judulna “Es Lilin”, rasa anu kagambar dina kawih eta ngeunaan…
a.    Katrésna ti hiji wanoja ka hiji jajaka
b.    Raosna katuangan Es Lilin
c.    Kaasih hiji jajaka ka hiji wanoja
d.    Kedah ati-ati dina mikaasih
e.    Asih nu teu sampe

8.    Nada dina kawaih Colenak di luhur nyaeta….
a.    Némbongkeun kareueus yén urang Sunda boga kadaharan tradisonal warisan kolot baheula nu kasohor (kakoncara) ka saalam dunya
b.    Ngabéjakeun ngeunahna (pelem) éta kadaharan, sajaba ti murah hargana
c.    Ngajak sangkan ngamasarakatkeun kadaharan tradisional nu ngaranna colénak
d.    Ngajak sangkan urang Sunda Mikaresep kadahar warisan kolot baheula
e.    Ngabejakeun yen urang Sunda teh boga kadaharan has anu euyeub

9.    Kakawihan anu sok dihariringkeun ku barudak bari arulin, diantarana…
a.    Es Lilin                    d. Ayang-ayang gung
b.    Colenak                    e. Mawar bodas
c.    Kalangkang

10.    Bulan nu ngagantung 
di langit Batu Hiu
tinggal sapasi   
sésa purnama kamari

Kecap-kecap konotasi anu aya dina sempalan kawih di luhur nyaeta….
a.    Ngagantung-Batu Hiu-Sapasi            d. Ngagantung- Sapasi-Kamari
b.    Ngagantung-Sapasi-Sesa            e. Ngagantung-Purnama-Kamari
c.    Ngagantung-Batu Hiu-Sesa

11.    Kecap sapasi biasana dipake kana…
a.    Dahareun nu dipotongan            d. Duit anu teu beak
b.    Kertas anu diberewekeun            e. Dahareun anu loba teuing
c.    Sesa dahareun anu teu beak

12.    “Sagala rasa dibedah”
Ungkara di luhur ngagunakeun gaya basa….
a.    Personifikasi (mijalma)            d. rarhulan       
b.    Metapora (ngumpamakeun)        e. ngasor
c.    Kadalon

13.    Mana ungkara di handap anu ngagunakeun gaya basa personifikasi (mijalma)?
a.    Sagala rasa dibedah                d. Bulan nu ngagantung
b.    Bulan sapeupeuting nyaksi            e. Dina ruang hate
c.    Ngajerit maratan langit

14.    Mana ungkara di handap anu ngagunakeun gaya basa rarahulan?
a.    Sagala rasa dibedah                d. Bulan nu ngagantung
b.    Bulan sapeupeuting nyaksi            e. Dina ruang hate
c.    Ngajerit maratan langit

15.    Sajak mangrupa salah sahiji karya sastra sunda wangun….
a.    Prosa                        d. Lancaran
b.    Puisi                        e. Eksposisi
c.    Narasi

Priangan
(Rahmat M. Sas Karana)

Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangéngé ti énjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur

Jungjunan
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan

16.    Sajak anu judulna “Priangan” diwangun ku….pada jeung….padalisan.
a.    2 pada 5 padalisan                d. 2 pada 6 padalisan
b.    2 pada 7 padalisan                e. 2 pada 8 padalisan
c.    2 pada 9 padalisan

17.    Eusi sajak diluhur nyaeta ngagambarkeun….
a.    Kaéndahan mojang jeng jajaka urang Sunda.
b.    Kaéndahan alam  Kota Bandung nu katelah Kota Kembang.
c.    Kaéndahan alam Jawa Barat anu ramah tur merenah.
d.    Kageulisan wanoja urang Sunda nu katelah mojang Priangan.
e.    Kaéndahan alam tatar Sunda nu katelah Priangan.

18.    Naon anu dimaksud Mojang lenjang nu hideung santen dina eta sajak?
a.    Mojang priangan                 d. Daerah Jawa Barat
b.    Mojang sunda anu gareulis            e. Urang Tatar Sunda
c.    Alam Tatar Sunda

19.    Kecap jungjunan biasana dipake pikeun sesebutan hiji jalma ka….
a.    Nu dipikacinta atawa kabogoh        d. Dunungan gawe urang
b.    Jalma anu loba jasana                 e. Babaturanna
c.    Jalma anu berat beunghar ku banda

20.    Naon anu dimaksud kecap pangkonan dina padalisan ka tilu pada ka dua sajak di luhur?
a.    Taneuh kuburan                d. Pangkuan kabogoh
b.    Tanah priangan                 e. Tempat cicing
c.    Alam Jawa Barat



Kanggo soal lengkepna sareng kunci jawabanna tiasa di download dina link ieu di handap!
Mangga klik kanggo ngadownloadna.
Anu bade kopas supados nyantumkeun sumber asli soal ieu.
Pamugia Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas 11 Semester 1 ieu mangfaat kanggo sadayana.

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas 11 Semester 1 "

Post a Comment