Sisindiran Sésébréd Piwuruk

carasunda.com- Sisindiran Sésébréd Piwuruk


Titiran eunteup ngajajar   
Bangkuang palid ka sisi   
Sisindiran opat jajar  
Aya cangkang aya eusi

Rarasaan cengkéh konéng
Kulit peuteuy dina nyiru
Rarasaan lengkéh konéng
Kulit beuteung mani nambru

Najan peuteuy dina nyiru
Sakoteng dibawa muter
Najan kulit beuteung nambru
Da ganteng katambah pinter

Kudu getol neukteuk kuku   
Ngarah teu nyiwit ka abdi  
kudu getol maca buku   
Ngarah sapinter Habibi

Haur Geulis Indramayu  
Loba pisan manuk puter   
Tuh dangukeun ibu guru 
Jadi jalmi kudu pinter

Melak lobak dua jajar   
Ripuh kalah kalémpohan   
Ka sakola téh diajar    
Ulah waka bobogohan
 

Subscribe to receive free email updates:

2 Komentar untuk "Sisindiran Sésébréd Piwuruk"

  1. Ulah loba dahar peuteuy
    Ngala awi ngan sa buku
    Barudak ulah heureuy
    Sok geura baruka buku

    ReplyDelete