Sisindiran Silihasih

Ka talaga naek onta
naekna paheula heula
wilujeng kasadayana
hayu sisindiran heula

Jarami na tangkal kawung
diduruk henteu disundut
upami si nyai pundung
baledog wae ku simbut



Nyandak leunca ti cibeureum
dipasihan ti uwana
Soca teu tiasa peureum
Emut wae ka manehna

Ka tonggoh rek ka uwana
Huhujanan sasarengan
Na kabogoh anu mana
Apanan nuju nyorangan

Kamari meser gorengan
Gorenganna dijepitan
Sugan teu acan tunangan
Singhoreng teh tos rimbitan

Entong hayang ka cikajang
dijalanna loba tunggul
tong hayang ka itu mojang
sabab sirahna teh dugul

Di cikajang loba tunggul
tunggul taringgul jeung batu
mojang nu sirahna dugul
siganamah loba kutu

Naek kijang naek kuda
cenah mah ngarasa aneh
arek mojang arek randa
eta mah sarua keneh

Ngieun kohkol keur ngaronda
ngieunna basa di Bandung
kamana eta nyi randa
diapelan kalah pundung

pasisiang ka ciloa
tos ngajemput anu ulin
palangsiang boa boa
tos dijemput kunu lain

ngaronda mawa mantega
mantega bawa ti kota
nyi randa aya ku tega
beut tega ngabagi cinta

ka cimende meuli bubur
kade ulah ditinggalkeun
wargi-wargi ulah ibur
indungna bisi apaleun

Subscribe to receive free email updates:

3 Komentar untuk "Sisindiran Silihasih"

  1. pak guru : ka talaga naek onta
    naekna paheula heula
    wilujeng kasadayana
    hayu sisindiran heula
    ehan : ulin ka jalan juanda
    sawaktos bulan puasa
    lamun ngaku urang sunda
    tong poho sisindiranna

    ReplyDelete
  2. pa guru : ngaronda mawa mantega
    mantegabawa ti kota
    nyiranda aya ku tega
    beut tega ngabagi cinta

    wiwin : meuli buku ka talaga
    meuli paku ka cianda
    hayang lagu tapak cinta
    keur manehna nu midua

    ReplyDelete
  3. Ka mana boboko suling
    Peso meja di gawingkeun
    Kamana kabogoh kuring
    Aya beja di kawinkeun

    ReplyDelete