Soal Prediksi UAS/PAS Bahasa Sunda Kelas 10 Semester 1

carasunda.com- Soal Prediksi UAS/PAS Bahasa Sunda Kelas 10 Semester 1
Soal Prediksi UAS/PAS Bahasa Sunda Kelas 10 Semester 1 ieu tiasa di download langsung. Soal ieu tiasa dianggo latihan kanggo tatahar dina mayunan Ulangan Akhir Semester/Penilaian Akhir Semester Bahasa Sunda tingkat SMA/SMK/MA/MAK Semester Ganjil.
Soal Prediksi UAS/PAS Bahasa Sunda Kelas 10 Semester 1 ieu sae pisan kanggo ngalatih sareng ngukur kompetensi para siswa SMA/SMK atanapi MA/MAK.
Soal Prediksi UAS/PAS Bahasa Sunda Kelas 10 Semester 1 di handap ieu mangrupikeun soal Tes Pendalaman Materi (TPM) anu disusun ku Tim Guru Bahasa Sunda SMK Darussalam. Tangtosna wae soal ieu tebih tina kasampurnaan, Soal ieu ngawengku kisi-kisi UAS/PAS Bahasa Sunda anu nyoko kana kurikulum 2013 revisi anu tos ditetepkeun. 

Conto Soalna sapertos kieu :

SOAL PREDIKSI PENILAIAN AKHIR SEMESTER 1


Mata Pelajaran         : Bahasa Sunda
Kelas/Semester         : X/1
Program             : Semua Program (SMA, SMK, MA, MAK)

           
I.    Pilih jawaban nu pang benerna ku cara nyakra (X) akasara A, B, C, D atawa E !

Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad saw.
1.    Paragrap di luhur ka asup kana..…
a.    Panutup biantara               
b.    Bubuka jeung panutup biantara           
c.    Eusi biantara                   
d.    Bubuka jeung eusi biantara
e.    Bubuka biantara

Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu diteda.   
2.    Paragrap di luhur ka asup kana …….
a.    Panutup biantara               
b.    Bubuka jeung eusi biantara
c.    Bubuka jeung panutup biantara       
d.    Bubuka biantara           
e.    Eusi biantara   
           
3.    Eusi biantara dina acara paturay tineng kelas XII nyaéta, iwal……
a.    ngawilujengkeun ka nu rék ninggalkeun sakola
b.    ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur
c.    nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah.
d.    ngahaturnuhunkeun ka para bapa jeung ibu guru
e.    ménta bekel keur neruskeun sakola kanu lewih luhur

4.    Dina bagian panutup biantara biasana ngawengku ……
a.    sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah
b.    nepikeun salam pamuka atawa salam kawilujengan
c.    nepikeun panghormat ka hadirin anu anu ngaluuhan acara
d.    ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus mere kasempetan ka dirina pikeun biantara
e.    ngadadarkeun saniskara maksud nu biantara

5.    Struktur biantara anu bener nyaeta…..
a.    salam pamuka, mukodimah, jeung eusi   
b.    bubuka, eusi jeung panutup
c.    bubuka, eusi jeung salam panutup       
d.    salam pamuka, eusi jeung salam panutup
e.    salam panutup, bubuka jeung eusi

6.    “Pa, neda widi badé ….heula, hoyong kahampangan!”
a.    Ka tukang   
b.    ka payun       
c.    ka pengker       
d.    ka warung       
e.    ka hareup
7.    Dinten jumaah kamari  Pun Aki…di Rumah Sakit Hasan Sadikin Bandung.
a.    Paéh       
b.    palastra        
c.    perlaya       
d.    maot            
e.    pupus
       
8.    “Pa, neda widi abdi ka Koperasi heula badé….pulpen!”
a.    meuli       
b.    jajan        
c.    mésér       
d.    nganjuk       
e.    ngagaleuh
   
9.    Jalma anu pinunjul atawa ahli dina biantara sok disebut….
a.    orasi       
b.    organisator       
c.    orator       
d.    demonstrator   
e.    operator
       
10.    Sing tarik atuh nyarita téh ngarah….
a.    didéngé    
b.    ngadéngé       
c.    didéngékeun   
d.    ngadéngékeun   
e.    kadéngé

11.    Presiden Indonesia anu kawentar ahli dina biantara nyaéta……   
a.    Ir. Soekarno                   
b.    K.H. Abdurahman Wahid
c.    Soeharto                   
d.    Megawati
e.    BJ Habibi

12.    Ragam bahasa resmi tina kecap abdi atawa kuring nyaéta…..
a.    sadérék   
b.    pangersa       
c.    déwék       
d.    salira       
e.    simkuring

13.    Di handap ieu ragam bahasa teu resmi pikeun gaganti jalma ka dua nyaéta, iwal…..
a.    sadérék   
b.    silaing       
c.    salira       
d.    énté           
e.    anjeun

14.    “Punten dupi ……Bapa teh saha?”
Kecap anu luyu jeung undak usuk basa pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta….
a.    ngaran       
b.    jenengan       
c.    wasta       
d.    salira       
e.    nami

15.    “…..Pa guru énjing ulangan bahasa sunda.”
Kecap anu luyu jeung undak usuk basa pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta….
a.    ceuk        
b.    sanggem       
c.    saur           
d.    cenah       
e.    ngabéjakeun

16.    Basa lemes keur kecap “indung kuring” nyaéta….
a.    Pun ibu   
b.    pun biang       
c.    pun mamah       
d.    pun mimih       
e.    pun indung

17.    Basa lemes keur kecap “anak anjeun” nyaéta….
a.    tuang anak   
b.    tuang mantu       
c.    tuang putra       
d.    tuang rayi       
e.    tuang raka

Dadang    : Mulih ti mana ieu téh?
Deden        :  ti bumina Pa RT. Aya peryogi ngalereskeun KTP pun bapa.
Dadang    : Oh, ical atanapi kumaha KTP tuang rama téh?
Deden        : Henteu ari ical mah, mung ku pun adi diguntingan. Disangkana cocooan. Éta tuda ku pun biang disimpenna dina laci méja, teu disimpen dina lomari.
Dadang    : Kutan.
18.    Perkara naon anu keur digunemkeun ku Dadang jeung Deden?
a.    ngabenerkeun KTP           
b.    neangan KTP
c.    menta KTP               
d.    leungit KTP
e.    meuli KTP

19.    KTP saha anu keur dibenerkeun ku Deden téh?
a.    pun bapa   
b.    pun biang       
c.    pun bibi       
d.    pun uwa       
e.    pun aki

20.    “Pun bapa nembé …. Ti sawah.”
Kecap anu luyu jeung undak usuk basa, pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta…..
a.    wangsul   
b.    dongkap       
c.    datang       
d.    mulih       
e.    mios   

21.    ᮎᮤᮊᮛᮎᮊ᮪ ᮔᮤ ᮀᮌᮀ ᮘᮒᮥ
a.    cikaracak ninggang batu           
b.    cikaracak laun-laun jadi batu
c.    cikaracak ninggang kana batu           
d.    lila-lila jadi legok
e.    cikaracak ninggang bata

22.    ᮕᮥᮔ᮪ ᮃᮊᮤ
a.    pun bapa   
b.    pun biang       
c.    pun mamah       
d.    pun aki       
e.    pun adi

23.    Hampang birit
a.    ᮠᮙ᮪ᮕᮀ ᮘᮤᮛᮤᮒ᮪               
b.    ᮠᮥᮙᮕᮀ ᮘᮤᮛᮤᮒ᮪   
c.    ᮠᮙ᮪ᮕᮀ ᮘᮥᮛᮤᮒ᮪                
d.    ᮠᮃᮙ᮪ᮕᮀ ᮘᮤᮛᮤᮒ᮪
e.    ᮠᮙ᮪ᮕᮀ ᮘᮤᮛᮥᮒ᮪
   
24.    Babaturan
a.    ᮘᮘᮒᮥᮛᮔ᮪   
b.    ᮘᮘᮒᮤᮛᮔ᮪       
c.    ᮘᮘᮒᮥᮛᮃᮔ   
d.    ᮘᮘᮒᮨᮛᮔ        
e.    ᮘᮘᮒᮥᮛᮔ

25.    ᮃᮘ᮪ᮓᮤ ᮔᮥᮏᮥ ᮅᮏᮤᮃᮔ᮪
a.    abdi nuju ulangan               
b.    abdi nuju ujian
c.    abdi nuju semesteran               
d.    abdi badé ujian
e.    Andi bade ulangan

26.    Dina aksara sunda angka 7 sawanda jeung aksara......
a.    sa       
b.    ra           
c.    la           
d.    ga           
e.    ya

27.    Tanda vokalisasi pangwisad digunakeun dina nuliskeun kecap.......
a.    gagak       
b.    gajah           
c.    gading       
d.    kuda           
e.    laleur       
28.    ᮙᮧᮒᮧᮁ ᮃᮜᮤ
a.    mator aki   
b.    motor ali       
c.    motor abdi       
d.    motor abi       
e.    motor adi

29.    Rarangken atawa pananda vokalisasi anu gunana pikeun nambahan sora /r/disebut….
a.    panglayar   
b.    panyecek       
c.    paneleng       
d.    paneuleung       
e.    pagwisad
       
30.    Aksara sunda ngalagena /ba/ mirip wanguna jeung.......
a.    ma       
b.    ya           
c.    ta           
d.    nya           
e.    wa

Kanggo soal lengkepna sareng kunci jawabanna tiasa di download dina link ieu di handap!
Mangga klik kanggo ngadownloadna.

Download Soal Prediksi UAS/PAS Bahasa Sunda Kelas 10 Semester 1 
Download Kunci Jawaban.

Anu bade kopas supados nyantumkeun sumber asli soal ieu.

Pamugia Soal Prediksi UAS/PAS Bahasa Sunda Kelas 10 Semester 1 ieu mangfaat kanggo sadayana.

Subscribe to receive free email updates:

8 Komentar untuk "Soal Prediksi UAS/PAS Bahasa Sunda Kelas 10 Semester 1 "