Soal Prediksi UAS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII Semester 1

carasunda.com- Soal Prediksi UAS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII Semester 1
Soal Prediksi UAS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII ieu tiasa di download langsung. Soal ieu tiasa dianggo latihan kanggo tatahar dina mayunan Ulangan Akhir Semester Bahasa Sunda tingkat SMA/SMK/MA/MAK Semester Ganjil.
Soal Prediksi UAS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII Semester 1 ieu sae pisan kanggo ngalatih sareng ngukur kompetensi para siswa SMA/SMK atanapi MA/MAK.
Soal Prediksi UAS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII Semester 1 di handap ieu mangrupikeun soal Tes Pendalaman Materi (TPM) anu disusun ku Tim Guru Bahasa Sunda SMK Darussalam. Tangtosna wae soal ieu tebih tina kasampurnaan, Soal ieu ngawengku kisi-kisi UAS Bahasa Sunda anu nyoko kana kurikulum anu tos ditetepkeun.
Conto Soalna sapertos kieu :
Mun seug nataan pangulinan taya tegal nu lega
Taya alun-alun nu liuh
Taya cikapundung nu canémbrang hérang
Taya jalan titincakan

Nu daratang sungkan mulang
Pribumi milih ka sisi
Geus sirna ciri nu matri
Sawarga di Tatar Sunda
Héjo lémbok ngarangrangan
Napsu ngaberung na jungkiring padumukan
Enya gé aya nu mitineung lembur
Ngan ukur lembur cicirén

1.    Dumasar pada kahiji sajak di luhur katangén sikep panyajak téh hayang ngabéjaan ka nu maca yén dayeuh bandung téh.....
a.    henteu pikabetaheun                d. ukur jadi cicirén
b.    loba wangunan jangkung            e. loba sémah nu datang
c.    henteu mitineng lembur
2.    Ku naon pangna Dayeuh Bandung téh geus teu pikabetaheun?
a.    Lantaran walungan Cikapundung caina hérang tur loba tatangkalan nu héjo lémbok
b.    Lantaran walungan Cikapundung kotor jeung geus langka tatangkalan nu liuh
c.    Lantaran loba nu ngajungkiring padumukan jeung jalan tol
d.    Lantaran loba urang lembur nu ngadon usaha di Bandung
e.    Lantaran loba urang luar nu datang ka Bandung
3.    Dumasar pada ka dua sajak di luhur, naon anu ngarangrangan téh?
a.    Walungan Cikapundung anu caina hérang    d. Tatangkalan anu héjo lémbok
b.    Jungkiringna padumukan            e. Pribumi nu milih ka sisi
c.    Napsu nu ngaberung
4.    Naon ciri nu matri kaayaan di Tatar Sunda téh?
a.    Walungan anu caina kotor            d. Loba nu ngaberung napsu
b.    Loba wangunan jangkung            e. Jungkiringna padumukan
c.    Tanah jeung tatangkalan nu héjo lémbok
5.    Salah sahiji karya sastra anu ka asup kana wanda puisi nyaéta....
a.    Carpon                c. Éséy             e. Bahasan
b.    Novél                d. Sajak
6.    Unsur pangwangun sajak anu mibanda harti pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak disebut....
a.    Jejer                c. Suasana            e. Rima
b.    Rasa                 d. Amanat

Kanggo soal lengkepna sareng kunci jawabanna tiasa di download dina link ieu di handap!
Mangga klik kanggo ngadownloadna.
Download Soal Prediksi UAS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII Semester 1 Klik Di Dieu
Kunci Jawaban Soal Prediksi UAS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII Semester 1 Klik Di Dieu
Anu bade kopas supados nyantumkeun sumber asli soal ieu.
Pamugia Soal Prediksi UAS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII Semester 1 ieu mangfaat kanggo sadayana.

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Soal Prediksi UAS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII Semester 1"

Post a Comment