Soal Prediksi UAS/PAS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI Semester 1

carasunda.com- Soal Prediksi UAS/PAS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI Semester 1
Soal Prediksi UAS/PAS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI ieu tiasa di download langsung. Soal ieu tiasa dianggo latihan kanggo tatahar dina mayunan Ulangan Akhir Semester/Penilaian Akhir Semester Bahasa Sunda tingkat SMA/SMK/MA/MAK Semester Ganjil.
Soal Prediksi UAS/PAS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI Semester 1 ieu sae pisan kanggo ngalatih sareng ngukur kompetensi para siswa SMA/SMK atanapi MA/MAK.
Soal Prediksi UAS/PAS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI Semester 1 di handap ieu mangrupikeun soal Tes Pendalaman Materi (TPM) anu disusun ku Tim Guru Bahasa Sunda SMK Darussalam. Tangtosna wae soal ieu tebih tina kasampurnaan, Soal ieu ngawengku kisi-kisi UAS/PAS Bahasa Sunda anu nyoko kana kurikulum anu tos ditetepkeun.
Conto Soalna sapertos kieu :

Rampak Gawé
Hayu urang pada karumpul, batur
Beberesih sakola urang
Digawé rampak babarengan, dulur
Tempat urang beresih tur séhat
        Digawé ulah rék talangké, batur
Anggur digawé sing rancagé
Gotong royong tur sauyunan, dulur
Rampak gawé, hasilna mucekil
Reff :     Sakola jadi beresih
    Diajar matak betah
    Sakola resik tur asri
    Diajar héy tur tumaninah
1.    Sabaraha pada kawih di luhur?
a.    5 pada        b. 4 pada        c. 3 pada        d. 2 pada        e. sapada
2.    Saha nu kudu miara kabersihan di sakola téh?
a.    guru-guru                        d. sakabéh warga sakola
b.    penjaga sakola                        e. masyarakat
c.    sakabéh siswa
3.    Kudu kumaha sangkan dina miara sakola teu karasa beurat?
a.    Masing-masing kudu beberesih           
b.    Saréréa kudu daék nitah beberesih
c.    Guru kudu sering nitah beberesih ka siswa
d.    Sakabéh warga sakola kudu rancagé tur gotong royong beberesih
e.    Sakabéh kolot siswa kudu beberesih unggal poé
4.    Lamun urang daék beberesih tangtu lingkungan sakola urang bakal saperti di handap, iwal...
a.    Lingkungan bakal resik            d. lingkungan sakola kotor tur pikarujiteun
b.    Sakola bakal pikabetaheun            e. Lingkungan sakola jadi éndah
c.    Lingkungan sakola jadi séhat
5.    Maksud tina pada kadua dina kawih di luhur nyaéta....
a.    Kudu daék beberesih                d. pagawéan mucekil kucara gotong royong
b.    Mun hayang maju kudu digawé        e. Lamun sakola beresih diajar gé bakal tumaninah
c.    Sakola bakal resik mun siswana beberesih
6.    Ieu dihandap kawih anu sok dihariringkeun ku barudak bari arulin, nyaéta....
a.    kalangkang                    d. mawar bodas
b.    éslilin                         e. ayang-ayang gung
c.    colénak

Kanggo soal lengkepna sareng kunci jawabanna tiasa di download dina link ieu di handap!
Mangga klik kanggo ngadownloadna.
Download Soal Prediksi UAS/PAS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI Semester 1 Klik Di Dieu
Download Kunci Jawaban Soal Prediksi UAS/PAS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI Semester 1 Klik Di Dieu
Anu bade kopas supados nyantumkeun sumber asli soal ieu.
Pamugia Soal Prediksi UAS/PAS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI Semester 1 ieu mangfaat kanggo sadayana.

Subscribe to receive free email updates:

8 Komentar untuk "Soal Prediksi UAS/PAS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI Semester 1"