Soal PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kurikulum 2013

carasunda.com- Soal PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kurikulum 2013

Soal PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kurikulum 2013 kelas VII ieu tiasa di download langsung. Soal ieu tiasa dianggo latihan kanggo tatahar dina mayunan Penilaian Tengah Semester (PTS) Bahasa Sunda tingkat SMP/MTS Semester Ganjil.

Soal PTS Bahasa Sunda ieu sae pisan kanggo ngalatih sareng ngukur kompetensi para siswa. Soal PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 di handap ieu mangrupikeun soal Tes Pendalaman Materi (TPM) anu disusun ku Tim Guru Bahasa Sunda SMP Darussalam. Tangtosna wae soal ieu tebih tina kasampurnaan, Soal ieu ngawengku kisi-kisi PTS Bahasa Sunda Semester Ganjil anu nyoko kana Kurikulum 2013 kanggo kelas VII, kelas VIII sareng  kanggo kelas IX nyoko kana Kurikulum 2006 nu tos ditetepkeun. 

Conto Soal PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kurikulum 2013 Kelas VII

Pilih jawaban nu pangbenerna!
Ilo bacaan di handap sing gemet!

Poe Munggaran sakola
Ayeuna teh poe munggaran  murid kelas VII-A SMP Negeri 1 Kuningan asup sakola. SMP Ngeri 1 Kuningan teh perenahna di Kelurahan Purwawinangun, Kecamatan Kuningan, Kabupaten Kuningan.

“Barudak, ayeuna hidep geus di SMP, geus lain murid SD deui. Pangajaranana oge leuwih loba jeung leuwih luhur, anu matak hidep kudu leuwih soson-soson diajarna. Guru nu ngajarna oge henteu saurang, tapi sababaraha urang gumantung kana pangajaranana,” saur buy anti wali kelas VII-A.

1. Saha wali kelas kelas VII-A SMP Negeri 1 Kuningan teh?
a. Ibu Yanti b. Ibu Tuti c. Ibu Nuri d. Ibu Susi
2. Saur Ibu Wali Kelas VII-A, naon bedana diajar di SD jeung di SMP?
a. Guruna garalak jeung lobaan c. sakola jeung kelasna leuwih alus
b. Pangajaranana leuwih loba jeung leuwih luhur d. korsi jeung mejana leuwih loba jeung aralus
3. Di mana perenahna SMP Negeri 1 Kuningan teh?
a. di Kelurahan Purwodadi, Kecamatan Kuningan, Kabupaten Kuningan
b. di Kelurahan Purwawinangun, Kecamatan Kuningan, Kabupaten Cirebon
c. di Kelurahan Purwawinangun, Kecamatan Kuningan, Kabupaten Kuningan
d. di Kelurahan Purwodadi, Kecamatan Kuningan, Kabupaten Cirebon
4. Kecap “munggaran dina bacaan di luhur sarua jeung kecap….
a. kamari b. isukan c. mimiti d. panungtung
5. Kecap “soson-soson” hartina sarua jeung….
a. enya-enya b. males c. kedul d. daekan
6. paguneman teh dilakukan ku …
a. sorangan bari sorana bedas c. duaan atawa leuwih bari silitempas
b. duaan tapi nu ngomongna saurang d. sorangan bari sorana teu kadenge ku batur
7. anu kaasup paguneman teh nyaeta…
a. dialog b. epilog c. prolog d. monolog
8. tatakrama basa sunda sacar gurat badagna diwangun ku…
a. ragam basa loma jeung basa hormat c. ragam basa hormat keur sorangan jeung keur batur
b. ragam basa cohag jeung basa hormat d. ragam basa loma jeung basa hormat keur ka batur
9. tatakrama basa sunda maksudna pikeun…
a. ngawilah-wilah jalma c. ngahormat ka atasan
b. ngahargaan saluhurun d. silihargaan jeung sasama
10. Kuring kakara balik ti sakola.
Dirobah jadi ragam basa hormat …
a. Abdi nembe mulih ti sakola c. Abdi nembe wangsul ti sakola
b. Abdi kakara mulih ti sakola d. Abdi nembe mulang ti sakola

Conto Soal PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kurikulum 2013 Kelas VIII
Pilih jawaban nu pangbenerna!

1. Peuyeum Bandung the mangrupa kadaharan….
a. oleh-oleh ti Bandung c. kabeuki urang Bandung
b. nu ngan aya di Bandung d. anu ngan dijual di Bandung
2. peuyeum Bandung dijieunna tina….
a. ketan b. cau c. sampeu d. beas
3. Kecap rajekan sagemblengna ku cara nyebut dua kali kecap dasarna bari robah sora vokalna disebut kecap rajekan…
a. dwimurni b. dwimadya c. dwireka d. dwipurwa
4. Kecap “tajong” upama dirajek ku cara dwipurwa maka jadi….
a. tajong-tajong b. tatajong c.titajong d. tujang-tajong
5. Mana kalimah ieu di handap nu make kecap rajekan dwireka?
a. bapa-bapa nuju tuang c. pun aki meuni hah-heh-hoh nanjak ka gunung
b. ibu-ibu nuju gurang-goreng di dapur d. geus sababaraha poe kuring can dahar
6. Diantara kawih-kawih ieu di handap, kawih nu temana ngenaan kadaharan has sunda nyaeta….
a. Peuyeum Bandung jeung Es Lilin c. Peuyeum Bandung jeung Tanah Sunda
b. Peuyeum Bandung jeung Colenak d. Peuyeum Bandung jeung Mojang Priangan
7. Kalimah wawaran nu bener di handap ieu nyaeta….
a. abdi bade mios ka Bandung dinten jumaah. c. ulah ka kebon loba oray!
b. Asep, pang nyandakkeun buku di perpustakaan! d. saha atuh nu tulas-tulis dina meja teh?
8. Warta teh nyaeta katerangan atawa beja anu ditepikeun ka….
a. balarea b. pribadi c. kelompok d. kulawarga
9. Kajadian anu bisa dijadikeun warta teh nyaeta kajadian …
a. anu dianggap penting pikeun urang c. anu dianggap penting pikeun pamingpin
b. anu dianggap penting pikeun kulawarga urang d. anu dianggap penting pikeun balarea
10. Dina warta aya unsur-unsur nu disebut…
a. W+H b. 5W+1H c. 5H+1W d. 5WH+5H

Conto Soal PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kurikulum 2006 Kelas IX
Pilih jawaban nu pangbenerna!
1. Ieu dihandap aya kalimah anu ngandung istilah kaagamaan, nyaeta….
a. Mang Soleh keur macul di sawah
b. Jalma takwa bakal asup kana sawarga
c. Iraha rek digawe ka arab teh?
d. Mun panggih engke disalamkeun

2. Ieu di handap kekecapan anu asalna tina bahasa arab, iwal….
a. naraka c. puasa
b. surga d. solat

3. Langit angkeub, mega mani hideung, ……rek hujan gede.
a. percaya c. pertanda
b. pertela d. perbawa

4. Sing…..atuh nyarita teh, ngarah kaharti ku batur!
a. percaya c. pertanda
b. pertela d. perbawa

5. Imah mang Udira mah nu itu, ….. ka jalan gede.
a. nyahulu c. nyanghareup
b. nyahirah d. sanghareup

6. surat anu ditulisna ku salasaurang jalma tur dikirimna ka jalma lianna disebut surat….
a. resmi c. uleman
b. pribadi d. dines 

7. surat anu dikirimkeun tihiji jawatan atawa instansi ka hiji jalma atawa ka jawatan/instansi deui di sebut surat…..
a. resmi c. uleman
b. pribadi d. dines

8. Bagean surat anu netelakeun ka saha jeung ka mana ditujulkeunana surat disebut….
a. alamat surat c. titimangsa surat
b. bubuka surat d. panutup surat

9. Nuliskeun titimangsa surat anu bener teh….
a. Bandung, 20 Januari 18 c. Bandung, 16 Juli 2018
b. Bandung 11 Januari 18 d. Bandung: 21 Juni 2018
10. Sakitu serat anu tiasa kasanggakeun, kana samukawis perhatosanana simkuring ngahaturkeun sewu nuhun.
Di luhur teh sempalan tina surat bagean….
a. bubuka c. titimangsa
b. eusi d. panutup

Kanggo ngadownload soal Soal PTS Bahasa Sunda tiasa diklik wae dina link ieu di handap!


Anu bade kopas supados nyantumkeun sumber asli soal ieu.

Pamugia Soal PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kurikulum 2013 ieu mangfaat kanggo sadayana.

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Soal PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Semester 1 Kurikulum 2013"

Post a Comment