Conto Sisindiran Piwuruk

Ieu conto-conto sisindiran anu eusina piwuruk.
Sisindiran piwuruk anu wangunna rarakitan

Lamun hayang buah naga,
Kudu alus nya melakna.
Lamun hayang asup surga,
Kudu alus nya ahklakna.

Ka mana jalan Talaga,
Ka ditu ka palih wetan.
Ka mana jalan ka surga,
Ka ditu ka pangaosan.

Lamun hayang hirup senang,
Ulah poho kanu pakir.
Lamun hayang haté tenang,
Ulah poho kana dzikir.

Sisindiran piwuruk anu wangunna rarakitan

Ka pasar rék meuli salak,
Teu hilap mésér seupaheun.
Jalma anu alus ahlak,
Pasti loba nu resepeun.

Jalan jalan ka Talaga,
Balikna nyimpang ka Uwa.
Lamun urang hayang surga,
Jalanna nyaéta takwa.

Peupeujeuh ari ka dayeuh,
Meuli kupat jeung goréngan.
Peupeujeuh lamun geus euweuh,
Ulah ngupat kagoréngan.

Mang Mamat resep ngabeluk,
Direncangan ku mang Duloh.
Nu nyaah ka pada makhluk,
Pasti dipiasih Alloh.

Ka leuweung rék ngundeur lalab,
Dibaturan ku ki sobat.
Euweuh obat nu mujarab,
Iwal ti ngadegkeun sholat.


Subscribe to receive free email updates:

2 Komentar untuk "Conto Sisindiran Piwuruk"

  1. Mawa botol ka banjaran
    Sakalian mawa tangga
    Mun getol ka pangaosan
    Insya allah asup surga

    ReplyDelete