Wilujeng Sumping Selamat Datang

Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Kelas 7 Semester 1 TP. 2018/2019

carasunda.com- Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Kelas 7 Semester 1 TP. 2018/2019
 
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Kelas 7 Semester 1  Taun Pelajaran 2018/2019 ieu tiasa di download langsung. Soal ieu tiasa dianggo latihan kanggo tatahar dina mayunan Ulangan Tengah Semester/Penilaian Tengan Semester Bahasa Sunda SMP/MTs Semester Ganjil.
 
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Kelas 7 Semester 1 ieu sae pisan kanggo ngalatih sareng ngukur kompetensi para siswa SMP atanapi MTs.
 
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Kelas 7 Semester 1 di handap ieu mangrupikeun soal Tes Pendalaman Materi (TPM) anu disusun ku Tim Guru Bahasa Sunda SMP Darussalam. Tangtosna wae soal ieu tebih tina kasampurnaan, Soal ieu ngawengku kisi-kisi UTS/PTS Bahasa Sunda Tahun Pelajaran 2018-2019 anu nyoko kana kurikulum 2013 revisi anu tos ditetepkeun.
 
Conto Soalna sapertos kieu :
 
SOAL PREDIKSI UTS/PTS SMP/MTs SEMESTER 1
TAHUN PELAJARAN 2018-2019

   
Mata Pelajaran     : Bahasa Sunda
Kelas/Semester    : VII (Tujuh)/1 (Ganjil)

Pilih jawaban nu pangbenerna!
Hég baca sing gemet!
Pananya nomer 1-5 dumasar kana ieu bacaan.
Indung jeung Anak
“Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia.
“Naroskeun naon? Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya.
“Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék. “Kieu, Mah..., naon margina ari naék mobil sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé, basa naék angkot, Bapa mah ti pengker naékna...lungsurna mah ti payun,” pokna.
“Tah, éta téh salasahiji tatakrama dina naék jeung turun tina mobil.”
“Naon ari tatakrama téh, Mah?” Atia nanya deui.
“Tétéh terang! Tatakrama téh aturan sopan santun téa, nya?” omong lanceukna, haget mangjawabkeun.
 “Leres. Sakumaha ceuk Si Tétéh, tatakrama téh mangrupa aturan sopan santun dina hirup kumbuh sapopoé. Tatakrama téh jembar pisan. Lain ngan dina naékturun mobil baé, dina nyarita, waktu nyémah, dina maké papakéan, waktu dahar, anggah-ungguh awak, ngaliwat ka hareupeun jalma...,” ceuk indungna, ngécéskeun.
“Dina waktos natamu atawa nyémah kumaha, Mah?”
“Tatakrama dina natamu di antarana, ngucapkeun salam, punten, atawa ngetrok panto tilu kali.” “Ari dina dangdosan?” ceuk Atia, bangun beuki panasaran.
“Sarua, aya tatakramana. Nya di antarana, papakéan anu dipaké ku urang téh kudu diluyukeun kana waktu jeung situasina.”
“Mah, ari hubungan tatakrama sareng atikan moral... kumaha?” lanceukna milu nanya.
“Ari kitu?” malik nanya, giliran indungna ngembang kadu. Dina haté indungna aya rasa reueus duméh si Tétéh, lanceukna Atia nu kakara kelas tujuh SMP ngajukeun pananya anu kaitung alus jeung munel saperti kitu.
“Wiréhna Bapa Guru di sakola kantos nyabit-nyabit sual éta,” jawabna.
“Hubungan tatakrama jeung atikan moral téh pohara raketna. Malah bisa disebutkeun tatakrama téh bagian tina atikan moral! Kapan nu disebut moral téh nyaéta ahlak, ajaran ngeunaan laku lampah hadé jeung goréng,” ceuk indungna, “Tos heula, nya...Mamah badé salat asar heula.”.

1.    Nanyakeun naon Atia ka indungna téh?
a.    Tata krama dina waktu dahar
b.    Tata krama naek jeung turun tina mobil
c.    Tata krama waktu indit sakola
d.    Tata krama waktu dina waktu mandi
2.    Ari nu dipikareueus ku indungna saha?
a.    Bapana                     c. Adina           
b.    Lanceukna                     d. Salakina
3.    Naon nu jadi téma dina éta paguneman téh?
a.    Tata krama                     c. Tata cara dangdan
b.    Tata cara naek mobil                 d. Tata cara natamu
4.    Naon ari tata krama teh?
a.    Aturan sopan santun dina hirup kumbuh sapopoé
b.    Aturan sopan santun anu ditetepkeun ku pamaréntah
c.    Tata tertib dina sakola
d.    Tata cara kahirupan manusa sapopoé
5.    Kumaha tata krama dina natamu?
a.    Kudu barangbawa atawa mawa oleh-oleh lamun rek natamu
b.    Kudu make pakean anu alus lamun rek natamu
c.    Ngucapkeun salam, punten atawa ngetrok panto 3 kali
d.    Mun rek natamu datangna kudu sore-sore
6.    Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju.
Kecap  tetelepék ngandung harti.....
a.    Tara daek tatanya                c. Bawel/cerewet
b.    Sok tunya-tanya                d. Tara campur gaul
7.    “Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék.
Kembang céngék sebutanana nyaéta….
a.    Gélényé                     c. Ulated
b.    Mayang                      d. Méncéngés
8.    “Ari kitu?” malik nanya, giliran indungna ngembang kadu.
Ngembang kadu hartina….
a.    Olohok                    c. Aléwoh
b.    Geulis                        d. Bolotot
9.    Basa tepung ge meuni ngembang tiwu jiga kanu teu wawuh.
Kembang tiwu hartina…..
a.    Eumbreuk                    c. Aléwoh
b.    Bosongot                    d. Badaus
10.    “Bu nuju damel naon, tos tabuh 10 wengi teu acan…..kénéh?”
a.    Saré                         c. Kulem
b.    Mondok                    d. Héés
11.    “Sareng saha Bu, Atia ….. ka Garut na?”
a.    Angkat                     c. Mangkat
b.    Indit                         d. Mios
12.    Ciri kalimah langsung dina basa tulisan nyaéta…..
a.    Diucapkeun langsung ku pananyana
b.    Make koma jeung tanda Tanya
c.    Diselapan ku kecap panyambung
d.    Diapit ku tanda kekenténg
13.    Mana kalimah langsung anu bener?
a.    Saha anu teu sakola?
b.    Iraha rék indit ka Jakarta téh?
c.    “Mah aya nu bade diatroskeun?”
d.    Atia nayakeun ka Indungna naon ari tata krama téh?
14.    “Kuring mah moal milu piknik da teu boga duit”, ceuk Imas ka Somad.
Kalimah di luhur lamun dirobah jadi kalimah teu langsung unina….
a.    Imas nyarita ka Somad yén manéhna moal milu piknik sabab teu boga duit.
b.    Somad, kuring mah mola milu pinik da teu boga duit
c.    Ceuk Imas ka Somad, kuring mah moal milu piknik sabab teu boga duit.
d.    Kuring mah moal milu piknik da teu boga duit ceuk Imas
15.    Ieu di handap conto kalimah langsung, iwal…
a.    “Hey, bade ngiring moal?” ceuk Destri ka Mira
b.    “Kumaha, dupi bapana aya?” ceuk semah ka nu mukakeun panto
c.    Bu Reni sasauran, “Engke buku latihanana kempelkeun!”
d.    Mun rek ulin ka Lembang mah numpak motor we
16.    Nu raresep kaulinan medar téh nyaéta…
a.    Barudak                            
b.    Barudak lalaki
c.    Barudak awéwé                 
d.    Barudak jeung kolot
17.    Medar téh aya usumna nyaéta waktuna….
a.    Usum halodo                     
b.    Usum hujan
c.    Usum halodo keur alus anginna 
d.    Usum gedé angina
18.    Ari nu sok diilukeun kana pestival langlayangan mah jenisna …
a.    Langlayangan hias    
b.    Langlayangan gombrés
c.    Langlayangan adu                          
d.    Langlayangan leutik
19.    Gambar langlayangan disebutna …
a.    Lukisan            
b.    Wangkong
c.    Gambar       
d.    Pulas
20.    Langlayangan pegat alatan lain karana diadu disebut…
a.    Godos       
b.    Kabandang
c.    Ditataran     
d.    Kapakan
21.    Istilah blép ayana dina kaulinan…
a.    Ngadu kaléci     
b.    Panggal
c.    Péclé       
d.    Jajangkungan
22.    Istilah minangkar jeung minangkub téh ayana dina kaulinan…
a.    Gatrik       
b.    Ngadu karét     
c.    Péclé       
d.    Damdaman
23.    Salasahiji kaulinan barudak awéwé nyaéta…
a.    Anyang-anyangan    
b.    Gatrik
c.    Ngadu kaléci               
d.    Medar
24.    Wanci dimana poe geus mimiti poek, deukeut ka waktu magrib disebutna….
a.    Sareureuh budak
b.    Sareupna
c.    Janari leutik
d.    Pecat sawed
25.    Manceran teh nuduhkeun wanci….
a.    Mimiti bijil panon poe
b.    Panon poe geus ngageser ka beulah kulon
c.    Tengah poe
d.    Waktu kira-kira jam 7 isuk nepi jam 9 isuk
26.    Carangcang tihang ge pun Bapa mah tos angkat ka pasar.
Carangcang tihang nyaeta….
a.    Wanci liwat fajar, tetenjoan remeng-remeng keneh
b.    Waktu sabada haneut moyan, panon poe geus karasa panas
c.    Waktu dimana panon poe geus rek surup
d.    Waktu dimana udat-udat bodas katembong tibelah wetan
27.    Sampalan nyaéta….
a.    Tegal/tanah kosong nu jaradi jukut di tengah leuweung tempat nyatuan sasatoan.
b.    Sesebutan pikeun wewengkon pasisian atawa pilemburan.
c.    Suku gunung, bagian handap gunung.
d.    Tanah datar di tengah sawah anu henteu kahontal ku cai, sok diparaké ngangon.
28.    Tanah darat nu sok dipelakan pare disebut….
a.    Hunyur
b.    Tetelar
c.    Huma
d.    Tepis wiring
29.    Sesebutan pikeun wewengkon pasisian atawa pilemburan nyaeta….
a.    Hunyur
b.    Tetelar
c.    Huma
d.    Tepis wiring
30.    Bagian walungan anu jero disebut…
a.    Babantar
b.    Tetelar
c.    Leuwi
d.    Tepis wiring


Kanggo soal lengkepna sareng kunci jawabanna tiasa di download dina link ieu di handap!
Mangga klik kanggo ngadownloadna.
 
Anu bade kopas supados nyantumkeun sumber asli soal ieu.
 
Pamugia Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Kelas 7 Semester 1 Taun Pangajaran 2018-2019 ieu mangfaat kanggo sadayana.

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMP/MTs Kelas 7 Semester 1 TP. 2018/2019"

Post a Comment