Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas 10 Semester 1

carasunda.com- Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas 10 Semester 1
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas 10 ieu tiasa di download langsung. Soal ieu tiasa dianggo latihan kanggo tatahar dina mayunan Ulangan Tengah Semester/Penilaian Tengan Semester Bahasa Sunda tingkat SMA/SMK/MA/MAK Semester Ganjil.
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas 10 Semester 1 ieu sae pisan kanggo ngalatih sareng ngukur kompetensi para siswa SMA/SMK atanapi MA/MAK.
Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas 10 Semester 1 di handap ieu mangrupikeun soal Tes Pendalaman Materi (TPM) anu disusun ku Tim Guru Bahasa Sunda SMK Darussalam. Tangtosna wae soal ieu tebih tina kasampurnaan, Soal ieu ngawengku kisi-kisi UTS/PTS Bahasa Sunda anu nyoko kana kurikulum 2013 revisi anu tos ditetepkeun.
Conto Soalna sapertos kieu :

SOAL PREDIKSI UTS/PTS SMA/SMK/MA/MAK


Mata Pelajaran    : Bahasa Sunda
Kelas/Semester     : X (sepuluh)/1 (satu)

I.    Pilih jawaban nu pang benerna ku cara nyakra (X) akasara A, B, C, D atawa E !

Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad saw.
1.    Paragrap di luhur ka asup kana..…
a.    panutup biantara                d. bubuka jeung panutup biantara       
b.    eusi biantara                e. bubuka jeung eusi biantara
c.    bubuka biantara

Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu diteda.   
2.    Paragrap di luhur ka asup kana …….
a.    panutup biantara                d. bubuka jeung eusi biantara
b.    bubuka jeung panutup biantara        e. bubuka biantara           
c.    eusi biantara   
           
3.    Eusi biantara dina acara paturay tineng kelas XII nyaéta, iwal……
a.    ngawilujengkeun ka nu rék ninggalkeun sakola
b.    ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur
c.    nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah.
d.    ngahaturnuhunkeun ka para bapak jeung ibu guru
e.    ménta bekel keur neruskeun sakola kanu lewih luhur

4.    Dina bagian panutup biantara biasana ngawengku ……
a.    sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah
b.    nepikeun salam pamuka atawa salam kawilujengan
c.    nepikeun panghormat ka hadirin anu anu ngaluuhan acara
d.    ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus mere kasempetan ka dirina pikeun biantara
e.    ngadadarkeun saniskara maksud nu biantara

5.    Struktur biantara anu bener nyaeta…..
a.    salam pamuka, mukodimah, jeung eusi    d. bubuka, eusi jeung panutup
b.    bubuka, eusi jeung salam panutup        e. salam pamuka, eusi jeung salam panutup
c.    salam panutup, bubuka jeung eusi

6.    Jalma anu ahli dina nepikeun biantara disebutna….
a.    kreator                        d. koruptor
b.    deklamator                    e. moderator
c.    orator

7.    Bagean biantara anu eusina kacindekan jeung saran-saran ditepikeun dina…
a.    eusi                        d. pangjejer       
b.    panutup                    e. muqodimah
c.    bubuka 

Bapa sareng Ibu Guru anu ku sim kuring dipihormat,
Dina ieu kasempetan, sim kuring ngawakilan réréncangan sadaya kelas dua belas, seja ngahaturkeun réwu nuhun kana sagala rupi kasaéan manah Bapa sareng Ibu Guru salami tilu taun ngasuh sim kuring sadaya. Bapa sareng Ibu Guru teu weléh sabar ngawurukan sim kuring sadaya sangkan janten jalmi anu pinter, anu bageur, anu jujur, anu disiplin taat kana aturan, anu terang kana tatakrama sopan santun, anu iman sareng takwa ka Gusti Nu Maha Suci, kanggo pibekeleun hirup sim kuring sadaya ka payunna. Hatur nuhun pisan Bapa, Ibu, mugi-mugi sadaya élmu anu kacangking ku sim kuring sadaya mangpaat lahir batin dunya ahérat. Atuh sagala rupi amal kasaéan Bapa sareng Ibu ka sim kuring sadaya, kénging ganjaran anu manglipet-lipet ti Allah Swt. amin ya Robbal alamin.

8.    Paragrap biantara diluhur ditepikeun dina acara….
a.    paturay tineng                 d. hardiknas
b.    muludan                    e. sunatan
c.    biantara 17 Agustus   

9.    Presiden Indonesia anu kawentar ahli dina biantara nyaéta……   
a.    Ir. Soekarno                    d. K.H. Abdurahman Wahid
b.    Soeharto                    e. Megawati
c.    BJ Habibi

10.    Ragam bahasa resmi tina kecap abdi atawa kuring nyaéta…..
a.    sadérék                    d. salira
b.    pangersa                    e. simkuring
c.    déwék   

11.    Di handap ieu ragam bahasa teu resmi pikeun gaganti jalma ka dua nyaéta, iwal…..
a.    sadérék                    d. énté   
b.    silaing                        e. anjeun   
c.    salira   
           
12.    “Punten dupi ……Bapa teh saha?”
Kecap anu luyu jeung undak usuk basa pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta….
a.    ngaran                        d. salira
b.    jenengan                    e. nami       
c.    wasta               

13.    “…..Pa guru énjing ulangan bahasa sunda.”
Kecap anu luyu jeung undak usuk basa pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta….
a.    ceuk                         d. cenah
b.    sanggem                    e. ngabéjakeun   
c.    saur   
               
14.    Basa lemes keur kecap “indung kuring” nyaéta….
a.    pun ibu                    d. pun mimih
b.    pun biang                    e. pun indung   
c.    pun mamah               

15.    Basa lemes keur kecap “anak anjeun” nyaéta….
a.    tuang anak                    d. tuang rayi
b.    tuang mantu                    e. tuang raka           
c.    tuang putra   

Kang Dadan     : Damang, Bi?
Bi Téti         : Pangésto, Dan. Aya hibar. Sawangsulna, kumaha wartosna?
Kang Dadan     : Alhamdulillah abdi ogé. Nuju naon Bi Téti di dieu?
Bi Téti         : Numawi nuju ngantosan pun anak. Nembé téh wawartosna mah moal lami,
  badé milari salédri. Nanging dugi ka ayeuna diantosantos tacan jebul kénéh baé.
  Ari Dadan, nuju naon bet los-los ka pasar?
Kang Dadan     : Nu mawi, sami abdi ogé badé mésér salédri. Itu pun biang, badé ngadamel
  sayur sop saurna.
Bi Téti         : Kutan. Atuh punten sakanténan pangmilariankeun pun anak upami teu kaabotan mah.
  Manawi pendak di tukang salédri, wartoskeun diantos ku Ibi kituh di dieu.
Kang Dadan     : Atuh urang sareng abdi wé nguriling ka pasar. Ongkoh abdi kirang terang nu mana
  tuang putra téh?
Bi Téti         : Ih nyasat atuh ari kitu mah. Apan tadi teu ngiring sareng pun anak ogé hoyong reureuh
  Ibi téh, da tos ti tatadi balanja. Hayoh wé kukurilingan di pasar.
Dadan         : Euh, paingan atuh sapertos nu lungsé kitu. Mangga, tuang putra téh ké urang pilari.
  Saha jenenganana?
Bi Téti        : Namina Odang. Diacuk konéng, rambutna rada jabrig.
Kang Dadan     : Insya Alloh dipilari. Mangga atuh Bi, dikantun heula.
Bi Téti         : Mangga. Nuhun nya, Dan.
Kang Dadan     : Sawangsulna.

16.    Dumasar kana eusi paguneman di luhur, rek meuli naon Kang Dadan los-los ka pasar?
a.    meuli asin                    d. meuli tarasi
b.    meuli saledri                    e. meuli uyah       
c.    meuli tempe   
           
17.    Saha nu didagoan ku Bi Teti dina paguneman di luhur?
a.    salakina                    d. tatanggana
b.    dulurna                        e. nu dagangna   
c.    anakna
               
18.    Kumaha hubungan tokoh anu aub dina eta paguneman?
a.    teu wawuh                    d. nu dagang jeung nu meuli
b.    kakara panggih                    e. wawuh harita di pasar
c.    geus wanoh pisan
               
Dadang    : Mulih ti mana ieu téh?
Deden        :  ti bumina Pa RT. Aya peryogi ngalereskeun KTP pun bapa.
Dadang    : Oh, ical atanapi kumaha KTP tuang rama téh?
Deden        : Henteu ari ical mah, mung ku pun adi diguntingan. Disangkana cocooan.
  Éta tuda ku pun biang disimpenna dina laci méja, teu disimpen dina lomari.
Dadang    : Kutan.
19.    Perkara naon anu keur digunemkeun ku Dadang jeung Deden?
a.    ngabenerkeun KTP                d. neangan KTP
b.    menta KTP                    e. leungit KTP
c.    meuli KTP

20.    KTP saha anu keur dibenerkeun ku Deden téh?
a.    pun bapa                    d. pun uwa
b.    pun biang                    e. pun aki       
c.    pun bibi   
           
21.    “Pun bapa nembé …. Ti sawah.”
Kecap anu luyu jeung undak usuk basa, pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta…..
a.    wangsul                    d. mulih
b.    dongkap                    e. mios           
c.    datang

22.    “Numawi, pun biang oge bade …. Saledri kanggo ngadamel sayur sop”.
a.    meser                        d. nginjeum
b.    meuli                        e. menta
c.    ngagaleuh

23.    Geus daékeun  pibujangeun téh  rék  dibéré  dalapan ratus lima puluh rébu  sabulanna.  Tapi naha ari rék dijadikeun bet . . . teu   puruneun,   majar   manéh   rék mulang   deui   ka   lemburna,   melang ka   anakna  nu dipihapékeun  di  ninina.
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta….
a.    dumadakan                    d. dadak sakala       
b.    ngadadak                    e. dibedokeun
c.    didadak.
       
24.    Ku sabab kuring teu boga duit keur meuli karcis, tapi ari lalajo maén bala pohara  hayangna,   tuluy   baé   . . .  tina sela-sela pager pangubeng lapang.
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta….
a.    nenjo                        c. nempo           
b.    melong                        d. noong
c.    ngilikan    
       
25.    Geura  . . . ngomong, entong asa-asa, naon anu jadi pamaksudan téh?
Kecap anteran anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta….
a.    gorowok                    c. pok       
b.    sok                        d. haok           
c.    beletak   

Kanggo soal lengkepna sareng kunci jawabanna tiasa di download dina link ieu di handap!
Mangga klik kanggo ngadownloadna.
Anu bade kopas supados nyantumkeun sumber asli soal ieu.
Pamugia Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas 10 Semester 1 ieu mangfaat kanggo sadayana.

Subscribe to receive free email updates:

0 Komentar untuk "Soal Prediksi UTS/PTS Bahasa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas 10 Semester 1"

Post a Comment